Dongeng Sunda | Aksara Sunda nu Munggaran Bagian 1

Dijual Buku Antik dan Langka

Aksara Sunda


Aksara Sunda nu Munggaran

Masih keneh dina mangsa awal taun Masai, nagri Sundasembawa keur nandangan sungkawa. Prabu Sang Saka Tarunda katut Sang Prameswari, mindeng nangis balilihan.

Di alun-alun dayeuh Sundapura, teu jauh ti walungan Cibagasasi, geus ngajungkiring sapuluh gugunungan tina tumpukan suluh. Di ponclotna aya papanggungan kai nu dieusi layon Dasa Bagawa. Sakumaha kabiasaan agama Buda, poe harita diayakeun acara meuleum layon sapuluh sinatria putra Prabu Sang Saka Tarunda.


Samemeh acara meuleum layon dimimitian, teu jauh ti gugunungan suluh pikeun meuleum layon, aya tihang sapuluh ngajajar, nya eta tihang kapal layar nu geus dicabut sarta ditancebkeun di tengah alun-alun.


Nurutkeun pamadegan raja, eta sapuluh tihang kapal layar teh perlu diabadikeun, pikeun ciri mandiri tiwasna sapu-luh pahlawan nagri Sundasembawa, nu tiwas di tengah sagara, dina enggoning mancen tugas kanagaraan.


Nu matak heran ka balarea, di unggal tihang kapal layar aya tapak nurih. Saliwat mah kawas tapak nu keur ngamirnitian ngukir. Nurutkeun katerangan ti para Juritsagara, tapak ngukir na tihang kapal layar teh beunangna masing-masing Dasa Bagawa samemeh tilar dunya.


Di sagigireun nancebkeun sapuluh tihang kapal layar, sakur tapak peso nu ngagurit na tihang kapal layar nu sapuluh tea, ku raja ditiron sarta dipindahkeun kana papan jati salambar, digambar deui ku cai siki tarum. Sanggeus kitu, Sang Prabu marentah ka Maranggi,juru ukir karaton, sangkan tapak nu digambar ku cai siki tarum teh diturih ku peso pangot, dijeroan cara tapak ngukir. 


Gambar ukiran nu dina kai jati salambar teh ditembongkeun ka para mantri nagara, malah dipapaykeun oge ka para biksu jeung biksuni. 


Salah sahiji Pandita Buda nu pangkolotna di nagri Sundasembawa, rada lila oge inyana neges-neges tapak ngagurit dina eta papan. Teu lila eta Pandita Buda teh gura-giru nepungan Prabu Sang Saka Tarunda.


"Gusti Prabu! Demi ieu tapak ngagurit nu meunang mindahkeun ti unggal tihang kapal layar nu sapuluh teh,geuning mangrupa lambang! Lambang unggal nagri baradag nu kungsi didatangan ku putra,Dasa Bagawa. Ieu lambang-lambang teh asalna mah mangrupa gambar sasatoan jeung tutuwuhan, gumantung lambang karesep nagrina sewang- sewangan!" cek Pandita Buda pangkolotna. 

"Demi Hyang Buda Nu Agung, naon maksudna anak kami ngaguritkeun eta lambang dina tihang kapal layar?" cek Sang Prabu.

"Tihang layar teh mangrupa ciri mandiri nanjeurna lalampahan, salila umat manusa balayar ngambah sagara. Mun euweuh tihang layar,pamohalan hiji kapal bisa meberkeun layarna. Mun layar teu meber, pamohalan bisa nampa pangjurung angin. Demi lambang nu ngagurit na unggal tihang beunangna putra Dasa Bagawa, kabeh ge lambang nagara-nagara nu subur ma'mur kerta raharja nu aya di Sakuliah Dwipantara. Ieu lambang kabehna aya dalapan belas siki. Rek dikumahakeun ku Gusti Prabu?" cek Pandita Buda nu kaceluk panglinuhungna di sanagri Sundasembawa.

"Maksudna pikeun ngaabadikeun carita kamahajayaan-ana sapuluh sinatria nagri Sundasembawa. Pikeun nu gede katineungna ka anak kami nu sapuluh, tinggal ngimeutan ieu • lambang-lambang nu meunang ngumpulkeun ti unggal kapal layar unit Dasa Bagawa mancen tugas kanagaraan. Cindekna mah ieu lambang teh mangrupa Pan galana Carata Kama-hajayanya Dasa Bagawa," cek Sang Prabu ban neuteup gurit lambang dina papan.

 "Jadi ieu lambang teh maksudna mah ngaabadikeun carita kamahajayaananasapuluhsinatria, Gusti Prabu?" cek Pandita Buda bari unggut-unggutan. "Kitu pisan, Pandita ...," tembal Prabu Sang Saka Tarunda.

"Leuh, kabeneran pisan, Gusti Prabu! Kalimah Pangalana Carata Kamahajayanya Dasa Bagawa téh kabehna aya dalapan welas engang! Cocog jeung jumlah lambang nu meunang ngumpulkeun tina tihang-tihang layar tea! Geus bae urang paheutkeun, ieu lambang nu dalapan welas teh, urang sebut ciri lambang Pangplana Carata kamahajayanya Dasa Bagawa! Lambang nu pangheulana atawa nu kahiji urang ngaranan Pa,nu pangpandeurina urang ngaranan WA Jadi mun disebutan hiji-hiji mah ngaruntuyna téh kieu PA-NGA-LA-NA CA-RA-TA KA-MAHA-JA-YA-NYA DA-SA BA-GA-WA," cek Pandita Buda nyaritana tandes.

Samemeh acara meuleum layon sapuluh sinatria, papan lambang Pangalana Carata Kamahajayanya Dasa Bagawa dipaseuk na salahsahiji tihang kapal layar nu tungtung, nya eta tihang unit kapal layar Dasa Bagawa nu cikal.

Sabada nerapkeun papan lambang, acara meuleum layon sapuluh pahlawan nagri Sundasembawa dimimitian. Dibarengan ku dunga ti rupa-rupa agama, kaasup agama karuhun nagri Sundasembawa sapuluh tumpukan suluh dimimitian disundut ku para biksu.

Seuneu suci ngabebela ti sapuluh tumpukan suluh nu ngunung-ngunung. Sora nu ceurik awor jeung sora nu ngadunga. Basa beurang kasilih ku peuting, cahya seuneu ngempur ka langit, nyaangan sakuliah dayeuh Sundapura. Prabu Sang Saka Tarunda jeung Sang Prameswari nga-limba, kitu deui Mangkubumi geus sababaraha poe hujan cimata.

Nagri Sundasembawa,ti taun ka taun mimiti muguran. Komara nagri jadi surem sabada Prabu Sang Saka Tarunda pupus. Tahta karajaan nagri Sundasembawa taya nu neruskeun. Antukna eta nagri teh jadi tempat ngumpulna para pandita Buda, pandita Hindu, jeung Patikrama-Patikrama, mangrupa dayeuh Kabuyutan Sunda.

Ngaran nagri Sundasembawa geus lila leungit tina galur carita, nu nyesa dalapan welas lambang nu rebuan kali salin-sinalin, nu lila-lila diropea jadi aksara. Eta lambang nu geus jadi aksara teh tepi ka kiwari masih keneh nyesa, abadi dina tulisan prasasti batu, tulisan piagam tamaga jeung dina tulisan daun nipah.

Sakur nu gede keneh katineungna kana Kabudayaan Sunda,kana eta aksara nyarebutna teh Abjad Aksara Sunda Pangalana,aksara nu lahir di nagri Sundasembawa di puseur dayeuh Sundapura dina awal taun Masehi. Bandung 18284 - 7984. *** Dicutat tina : Dasa Bagawa tahun 1991 kenging Yoseph Iskandar
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda | Aksara Sunda nu Munggaran Bagian 1

Posting Komentar