Dongeng Sunda | Aksara Sunda Nu Munggaran Bagian 2

Dijual Buku Antik dan Langka


Sunda Aksara
Aksara Sunda nu Munggaran



Bagian ka hijina klik nu ieu 
Sakuliah Dwipantara. Ieu lambang kabehna aya dalapan belas siki. Rek dikumahakeun ku Gusti Prabu?" cek Pandita Buda nu kaceluk panglinuhungna di sanagri Sundasembawa.

"Maksudna pikeun ngaabadikeun carita kamahajayaan-ana sapuluh sinatria nagri Sundasembawa. Pikeun nu gede katineungna ka anak kami nu sapuluh, tinggal ngimeutan ieu • lambang-lambang nu meunang ngumpulkeun ti unggal kapal layar unit Dasa Bagawa mancen tugas kanagaraan. Cindekna mah ieu lambang teh mangrupa Pan galana Carata Kama-hajayanya Dasa Bagawa," cek Sang Prabu ban neuteup gurit lambang dina papan.

 "Jadi ieu lambang teh maksudna mah ngaabadikeun carita kamahajayaananasapuluhsinatria, Gusti Prabu?" cek Pandita Buda bari unggut-unggutan. "Kitu pisan, Pandita ...," tembal Prabu Sang Saka Tarunda.

"Leuh, kabeneran pisan, Gusti Prabu! Kalimah Pangalana Carata Kamahajayanya Dasa Bagawa téh kabehna aya dalapan welas engang! Cocog jeung jumlah lambang nu meunang ngumpulkeun tina tihang-tihang layar tea! Geus bae urang paheutkeun, ieu lambang nu dalapan welas teh, urang sebut ciri lambang Pangplana Carata kamahajayanya Dasa Bagawa! Lambang nu pangheulana atawa nu kahiji urang ngaranan Pa,nu pangpandeurina urang ngaranan WA Jadi mun disebutan hiji-hiji mah ngaruntuyna téh kieu PA-NGA-LA-NA CA-RA-TA KA-MAHA-JA-YA-NYA DA-SA BA-GA-WA," cek Pandita Buda nyaritana tandes.

Samemeh acara meuleum layon sapuluh sinatria, papan lambang Pangalana Carata Kamahajayanya Dasa Bagawa dipaseuk na salahsahiji tihang kapal layar nu tungtung, nya eta tihang unit kapal layar Dasa Bagawa nu cikal.

Sabada nerapkeun papan lambang, acara meuleum layon sapuluh pahlawan nagri Sundasembawa dimimitian. Dibarengan ku dunga ti rupa-rupa agama, kaasup agama karuhun nagri Sundasembawa sapuluh tumpukan suluh dimimitian disundut ku para biksu.

Seuneu suci ngabebela ti sapuluh tumpukan suluh nu ngunung-ngunung. Sora nu ceurik awor jeung sora nu ngadunga. Basa beurang kasilih ku peuting, cahya seuneu ngempur ka langit, nyaangan sakuliah dayeuh Sundapura. Prabu Sang Saka Tarunda jeung Sang Prameswari nga-limba, kitu deui Mangkubumi geus sababaraha poe hujan cimata.

Nagri Sundasembawa,ti taun ka taun mimiti muguran. Komara nagri jadi surem sabada Prabu Sang Saka Tarunda pupus. Tahta karajaan nagri Sundasembawa taya nu neruskeun. Antukna eta nagri teh jadi tempat ngumpulna para pandita Buda, pandita Hindu, jeung Patikrama-Patikrama, mangrupa dayeuh Kabuyutan Sunda.

Ngaran nagri Sundasembawa geus lila leungit tina galur carita, nu nyesa dalapan welas lambang nu rebuan kali salin-sinalin, nu lila-lila diropea jadi aksara. Eta lambang nu geus jadi aksara teh tepi ka kiwari masih keneh nyesa, abadi dina tulisan prasasti batu, tulisan piagam tamaga jeung dina tulisan daun nipah.

Sakur nu gede keneh katineungna kana Kabudayaan Sunda,kana eta aksara nyarebutna teh Abjad Aksara Sunda Pangalana,aksara nu lahir di nagri Sundasembawa di puseur dayeuh Sundapura dina awal taun Masehi .Tamat. Bandung 18284 - 7984.

Tina:Dasa Bagawa.ku:Yoseph Iskandar.1991





Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda | Aksara Sunda Nu Munggaran Bagian 2

Posting Komentar