Dongeng Sunda Rusdi Jeung Misnem Ku Ajip Rosidi

Dijual Buku Antik dan Langka



rusdi jeung misnem
RUSDI JEUNG MISNEM


Misnem jeung Rusdi 
Mun aya nu nanya ka kuring "Buku naon nu pang pikaresepeun jeung pangalusna pikeun bacaan barudak Sakola Rakyat (Dasar) ? ", moal hamham deui kuring ngajawab : "Buku Misnem jeung Rusdi."
Tangtu eta jawaban ngandung kasangtukang kalawan sabab musabab. Sabab nu pangutamana atuh pedah kuring urang sunda : jadi nimbang-nimbang jeung nangtukeun jawaban teh make babandingan jeung ukuran Sunda : jeung deui nya kulantaran kuring urang Sunda, sakola di Sakola Rakyat Sunda ( sanajan di tapelwates beh wetan) sarta maca buku bacaan keur barudak Sunda. 

Tah Rusdi jeung Misnem teh ngagambarkeun kahirupan sapopoe barudak Sunda deuih.


Tapi na da salian ti Rusdi jeung Misnem teh aya Gandasari, Sumber Arum, Panggelar Budi jeung lian-ilana apan ? Sarta kabehanana ngagambarkeun urang Sunda : jang Eman teh urang sunda lain ? Kitu deui jang Sumitra, Si Empi jeung pada baturna. Nya jawaban kana eta pananya pisan anu jadi lantaran nu ka dua, naon sababna nu matak kuring nyebut keun yen buku Misnem jeung Rusdi teh buku bacaan pangalusna.


Sanajan Gandasari jeung Sumber Arum nyaritakeun barudak Sunda ge, Jang Eman jeung Jang Sumitra mah beda jeung Si Rusdi. 
Duanana putra lurah hormat, duanana bageur : duanana " bener " jeung nurut kana piwuruk sepuh. Cindekna duanana oge hade jeung alus,budak nu piangen-angen ku unggal sepuh. Ari Si Rusdi ? Apan Si Rusdi mah budak bangor,ari ka sakola oge  ngantongan wajit jeung kadaharan liana.

Dina ieu hal pangarang Rusdi jeung Misnem leuwih wanoh jeung sarta leuwih bisa ngagambarkeun watek  umumna, budak anu rea hojahna sarta anu kulantaran teu katuturkeun ku kolotna nya di sebut "bangor".


Si Rusdi teh pinter ari pinterna mah, ngan sakarepna teuing .

Hirup Si Rusdi mah pikasebeleun sing sakur anu biasa hirup dina lingkungan kaum feodal harita, mutuh pikangewaeun, tapi matak nineung kulucuna. Hirup Si Rusdi istuning hirup " budak lembur anu dusun " tapi bolostrong, budak anu hirupna masih
deukeut ka alam .

Ari watek jang Eman jeung Jang Sumitra mah rata, taya kaanehanana pisan, sagalana geus diatur ku sepuhna, atuh nu dicaritakeunana ge istuning rata.

Anehna teh ngan lamun ngadongeng , nepi ka GANDASARI mah unggal bab teh dongeng wae.

Nu ngarang Sumber Arum jeung Gandasari mah, katara pisan hayang " ngatik " barudak, supaya bageur, nurut kana piwuruk sepuh, getol diajar, bener,supaya hirupna lulus-banglus, jauh balay parek rejeki, sagalana kudu lumangsung saluyu jeung kahayang anu nyekel lalakon. Pantes pisan lamun anu nyusun Gandasari jeung Sumber Arum meunang bentang ti, gubernemen !!! 


Ari nu ngarang Si Rusdi mah kawas nu rada mopohokeun eta hal: maksudna teh lain rek " ngatik ". Tapi ngagambarkeun kahirupan sapopoe budak Sunda,adi lanceuk ngarana Si Misnem jeung Si Rusdi(aya deui lanceukna Ramlan, tapi taya aya di lembur). 


Atuh Rusdi jeung Misnem mah leuwih deukeut kan harti sastra manan Gandasari atawa Sumber Arum, Sundana mah Rusdi jeung Misnem literer, ari Gandasari jeung Sumber Arum didaktis. Ayeuna mah barudak di sakola teh di sakola rakyat geus henteu deui maca Rusdi jeung Misnem. Boa angkatan kuring barudak pangahirna maca deui Rusdi jeung Misnem di sakola rakyat teh.


Ari Sumber arum jeung Gandasari mah dicetak deui sabada perang ge. Kuring kiwari inget-inget poho kana carita Rusdi jeung adina Misnem teh saking heubeul-heubeulna henteu maca .


Inget soteh eta kana kabiasaan Si Rusdi ari ka sakola,jeung kana pupuh kinanti dina panungtung jilid katilu, basa Rusdi kudu terus tetep-tumetep di kota nuluykeun sakola ka kelas opat (vervolg school). 


Ari Misnem katut kolot-kolotna mulang deui ka lemburna: "Rusdi ku Ramlan ditungtun,dikaleng diajak balik, diupahan ku tiluan,ku Ramlan paman jeung bibi, dipapaler dibubungah ulah nyantel anu balik, Inget soteh pedah bae baheula sering ngahariringkeunana, laguna kinanti buhun. Ari ngong teh pa Guru mere conto ka barudak kumaha nembangkeunana, kuring mani ngerik,ati asa digerihan,ku karunya Si Rusdi nyorangan di kota, papisah jeung adina Si Misnem lieuk leuweung lieuk lamping tea meureun. Mun kaduga mah hing bae ceurik. Tina : Dur Pandjak 1966 Ku:Ajip Rosidi 



  • Kumpulan Dongeng Sunda Si Kabayan klik Nu Ieu 
  • Kumpulan Dongeng Sunda Si Kabayan Klik Nu Ieu 

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Rusdi Jeung Misnem Ku Ajip Rosidi

Posting Komentar