Dongeng Sunda Si Buntung Jago Tutugan

Dijual Buku Antik dan Langka




si buntung jago tutugan
Si Buntung Jago Tutugan Karya S. Sukandar
Penerbit : Caringin Bandung 1969




Si Buntung Jago Tutugan
Salasahiji judul dongéng Sunda klasik anu di karang ku S. Sukandar taun 60'an. Taun 2014 dongéng ieu kungsi didongéngkeun deui ku seniman Sunda urang Bayongbong Garut, anu wastana Mang Barna di Radio lita FM 90.9 Bandung. Waktosna tiap ba'da adzan Isya.

Kumaha cenah mitra lalakon Si Buntung Jago Tutugan putrana Bah Rais, tukang daun kawung urang lembur Cipancar, anu tiwas ditandasa 
ku Bah Rowi, Adria, Ardasim, jeung Sudinta, di lebah Tutugan Leuweung Tiis téh ?


Iklan heula sakedap .... 






Mangga urang kawitan. Hatur lumayan kanggo ngawawaas anjeun. Punten pami dongengna gantung bacaeun.

Tina Si Buntung Jago Tutugan jilid ka 30 bagian ka III.

Lain baé Andi nu ngarasa kagét téh, tapi leuwih-leuwih nu ngalempagkeun peso balati nu taya lian ti Karna, barang bréh mireungeuh awéwé nu keur ngajongkéng bari ngaleykeun getih tina walikatna sedengkeun peso balatina masih kénéh nanceb.


"Itar ...!!! dua sora bareng kaluarna, sora Andi jeung sora Karna nu ngabarengan masing-masing riukna beungeut nu pinuh ngandung kakagét, mun Andi sanggeusna ngagurinjal téh terus muru ka nu keur ngajongkeng nu taya lian ti Nyi Tarsiah, sedeng Karna mah ngagentak mundur sababaraha léngkah bari panon terus-terus mureleng ka Nyi Tarsiah nu harita keur disangkéh ku Andi.


"Itar .. emh Itar .. Andi téh lain deui ngahelasna sarta teu asa-asa deui jedud baé peso balati teh dicabut.


"Kang ... Kang An .. Andii .. a .. aduuuuh ... ! Nyi Tarsiah ngaharegung bari peureum, sedeng cipanonna mah terus merebey ngabaseuhan beungeutna sarta huntuna tikekereket kawasna baé nahan kanyeri.


Lawan-lawan Andi anu séjénna nu taya lian ti Bah Wikalpa, Ki Dorji, Dalimin, Pa Jagra, Ki Badra sarta Jang Husén, puguh wé asa diberé kasempetan barang mireungeuh Andi sasatna keur katungkulkeun ngagugulung nu tatu, teu antaparah deui sebrut baé genepanana narajang babarengan neruskeun hanca tadi, orokaya sigana Andi téh balangah, tapi kanyataanana mah éstuning caringcing naker sok sanajan manéhna harita keur nyangkéh Nyi Tarsiah. 


Sakilat péso balati nu masih kénéh lamokot téh dibelewerkeun ka gigir lantaran ku manéhna karérét Karna ogé pipilueun sarta ngolébatna kabelah katuhueunana, bareng jeung ngabelesurna péso balati persis ka lebah ngolébatna Karna, haur konéng geus aya deui dina panyekelna sarta langsung dipaké mapag bedog-bedog nu tinghariuk deuk ngacak-ngacak badanna, Trang !!! Trang !!! Trang !!! sakaligus bedog-bedog téh beunang ditakis ku haur konéng, terus nyérépét di handap dina gerakan cacar bolang, puguh wé nu tumerapna ka lawan-lawanna lain deui tingraranjugna mireungeuh kahébatan Andi sok sanajan manéhna bari tetep tapak deku. 


ku kituna kabéh ogé taya nu teu tingjaraul ka tukang pikeun nyalametkeun suku-sukuna tina babadan haur konéng, geus puguh Karna mah tadi ogé ngagentak ngejat nyingkahan peso balati nu nyewuk ka palebah manéhanana bisi baé senjata makan tuan.


Lain baé Andi nu ngarasa kagét téh, tapi leuwih-leuwih nu ngalempagkeun peso balati nu taya lian ti Karna, barang bréh mireungeuh awéwé nu keur ngajongkéng bari ngaleykeun getih tina walikatna sedengkeun peso balatina masih kénéh nanceb. 


"Itar ...!!!" dua sora bareng kaluarna, sora Andi jeung sora karna nu ngabarengan masing-masing riukna beungeut nu pinuh ngandung kakagét, mun Andi sanggeusna ngagurinjal téh terus muru ka nu keur ngajongkeng nu taya lian ti Nyi Tarsiah, sedeng Karna mah ngagentak mundur sababaraha léngkah bari panon terus-terus mureleng ka Nyi Tarsiah nu harita keur disangkéh ku Andi.


"Itar... emh Itar ... Andi téh lain deui ngahelasna sarta teu asa-asa deui jedud baé péso balati téh dicabut.


"Kang. . . Kang An . .  Andii ... a... aduuuuh ... !" Nyi Tarsiah ngaharegung bari peureum, sedeng cipanonna mah terus merebey ngabaseuhan beungeutna sarta huntuna tikekereket kawasna baé nahan kanyeri.


Lawan-lawan Andi anu séjénna nu taya lian ti Bah Wikalpa, Ki Dorji, Dalimin, Pa Jagra, Ki Badra sarta jang Husén, puguh wé asa diberé kasempetan barang mireungeuh Andi sasatna keur katungkulkeun ngagugulung nu tatu, teu antaparah deui sebrut baé genepanana narajang babarengan neruskeun hanca tadi, orokaya sigana Andi téh balangah, tapi kanyataanana mah éstuning caringcing naker sok sanajan manéhna harita keur nyangkéh Nyi Tarsiah. 

Sakilat péso balati nu masih kenéh lamokot téh dibelewerkeun ka gigir lantaran ku manéhna karérét karna ogé pipilueun sarta ngolebatna kabelah katuhueunana, bareng jeung ngabelesurna péso balati persis ka lebah ngolébatna Karna, haur konéng geus aya deui dina panyekelna sarta langsung dipaké mapag bedog-bedog nu tinghariuk deuk ngacak-ngacak badanna.


"Trang !!! Trang !!! Trang!!! sakaligus bedog-bedog téh beunang ditakis ku haur konéng, terus nyérépét di handap dina gerakan cacar bolang, puguh wé nu tumerapna ka lawan-lawanna lain deui tingraranjugna mireungeuh kahébatan Andi sok sanajan manéhna bari tetep tapak deku. Ku kituna kabéh ogé taya nu teu tingjaraul ka tukang pikeun nyalametkeun suku-sukuna tina babadan haur konéng, geus puguh Karna mah tadi ogé ngagentak ngenjat nyingkahan péso balati nu nyewuk ka palebah manéhanana bisa baé senjata makan tuan.
Nyambung  kadieu >



 sejarah cadas pangeran bahasa sunda
Sejarah Cadas pangeran Bahasa Sunda 
Saupama ti Sumedang rék ka Bandung, nepi ka Tanjungsari, tangtu ngaliwat tanjakan anu kacida panjangna, nyaé ta tanjakan Cadas Pangéran. Nu matak éta tanjakan disebut kitu, rada panjang sajarahna, malah supaya tétéla, leuwih hadé  ku urang dikanyahokeun, kumaha di lebah dinya kaayaanana ayeuna, baheulana jeung baheula pisan.

 read more



 dongeng sunda nyi roro kidul
Dongeng Sunda Nyi Roro Kidul
Kacaritakeun praméswari Prabu Munding Wangi ngagaduhan putra istri, anu geulis kawanti-wanti endah kabina-bina, jenegenana Déwi Kadita. Saking ku geulis-geulisna éta si putri dugi ka padanyebat Déwi Srangéngé. Pangna disebat Déwi Srangéngé

 dongeng sunda nyi roro kidul




Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Si Buntung Jago Tutugan

Posting Komentar