Carpon Taman Pamekar Jilid V | Dongeng Pun Boncel Bagean ka 5

Dijual Buku Antik dan Langka



buku bahasa sunda taman pamekar
TAMAN PAMEKAR JILID V



buku bahasa sunda taman pamekar jilid V




Deker bae Boncel dahar, mani cacamuilan semu nu ponyo pisan.

"Atuh milu bae jeung Emang ka Pamijahan ulah apruk-aprukan di leuweung, kuriak diseupah badak Cipatujah engke!"

"Mangga nuhun pisan upami dicandak mah!" waler pun Boncel.

Pun Boncel ngarereb di paninggaran teu lami teras pasosore pamitan bade ngabujeng ka Mangunreja.

Ari dadakuna mah majar bade miilari kapilanceukanana anu ngumbara di dayeuh.

Miosna ti lembur Pamijahan majeng ngulon nyorangleuweung geledegan mapay jalan di dayeuh.

Kenging sababaraha dinten pun Boncel turun gunung unggah gunung,barangtedana sakapendakna babaku bongborosan sareng pupucukan. Ari mondokna seseringna nyelapkeun maneh dina tatangkalan, margi di handap mah sieuneun ku sato galak.

Dina hiji dinten manehna,anjog ka puncak gunung anu awas kamana-mana. Ti katebihan katingal pating arenclo lembur-lembur, beh kalerna marakbak gedong-gedong.

Kaatohan pun Boncel harita teu aya babandinganana, ngadadak leungit kacape-kalapar, teras mudun gagancangan ngabujeng ka nu marakbak.

Teu sabaraha lamina jol dongkap ka sisi jalan gede. Ti dinya teras majeng ngaler, beh mendak warung.
Harita pun Boncel ngaraos lapar lain dikieuna. Hoyong meser kupat teu gaduheun artos, bade jajaluk teu kawawa ku era. Tungtungna mulungan cangkang kupat dilemetan remehna, hilap di kageuleuh awahing ku lapar.

Tukang warung barang ningal aya nu ngalemetan cangkang kupat, papakeanana rubat-rabet,jarijipeneun,tuluy ditundung bari dicarekan:
"Nyingkir kaditu,ulah deukeut-deukeut ka dieu,rujit!!!"

Pun Boncel mios ti warung,bari pikirna ngerik peurih taya babandinganana.
Nyambung ka bagean ka - 6 .... 

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Carpon Taman Pamekar Jilid V | Dongeng Pun Boncel Bagean ka 5

Posting Komentar