Buku Bahasa Sunda Taman Pamekar jilid V Dongeng Pun Boncel Bagean 3

Dijual Buku Antik dan Langka


buku sunda taman pamekar
TAMAN PAMEKAR JILID V


buku bahasa sunda taman pamekar jilid 5
DONGENG PUN BONCEL


Nanging ku margi hujan sakitu ngagebretna,atuh papakeanana teu kantos lami parantos rancucut dugi ka mucicid tiriseun.

Wanci asar hujan teh teu acan raat keneh bae. Pun Boncel teu kinten bae bingungeunana rehing teu acan kenging jukut sakeupeul-keupeul acan.

Dina emutanana moal lepat bakal disisa deui kudununganana. Ku margi kitu harita pun Boncel pikirna gilig bade minggat sakaparan-paran,reh teu aya panginten ari kana wangsul ka dununganana mah deui.

Enggalna carios pu Boncel mios ngantunkeun eta tempat.

Parantos harieum beungeut teh neker keneh bae manehna nanjak dina jalan satapak. Sakapeung mabal totorobosan kana sela-sela dapuran kaso. Emutanana kop badak kop maung henteu ngemutkeun kacape,henteu ngemutkeun kasieun. Suku kacugakan ku jaruju teu diraos tina hayang geura tebih inggis aya nu nyusul.

barang parantos reup magrib taya panginten tiasa laju lumakuna,tina teu teurang ka mana nya pileoseun,kawantos asruk-asrukan dini bala. Tungtungna reg pun Boncel ngarandeg ngarahuh ambekanana bawaning ku ripuh peurih beuteung teu puguh raraosanana.

Kaleressan manehna mendak ranggon sisi reuma.
Atuh teu kinten bae atoheunana,enggal unggah kana ranggon bade mondok di dinya.

Rebun-rebun keneh pisan pun Boncel parantos mios deui leumpangna totorobosan turut-turut leuweung majeng ngetan. Dina emutanana ka mana bae pibraseuhanana mah sok mun ulah kasarung wangsul deui ka urut tadi bae.

Barang keur jongjon leumpang lebah lengkob kakuping aya anjing manting ngengkengan ti katebihan,haok paninggaranana hawr-hawar.

Pun Bocel reg ngarandeg bari neges-neges kamana tujuan udagan eta anjing.

Wuwuh lami wuwuh caket sora anjing teh rupina parantos kana mumunggang pisan kantun sagorempaleun deui ka lebak eta lengkob teh.

Pun Boncel taki-taki,nyekelan gegendir tangkal kopi.
Tetela mencek teh lumpatna kalebah manehna da puguh liliwatanana.

haok Boncel mili ngahaok, "Huuuu! Huuu...huuu..waah ... waah!"
Nyambung ka Nu Ieu ...

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Buku Bahasa Sunda Taman Pamekar jilid V Dongeng Pun Boncel Bagean 3

Posting Komentar