Buku Bahasa Sunda Taman Pamekar jilid V Dongeng Pun Boncel Bagian 2

Dijual Buku Antik dan Langka


buku bahasa sunda taman pamekar jilid 5
BUKU BAHASA SUNDA TAMAN PAMEKAR JILID V


buku bahasa sunda taman pamekar jilid 5
DONGENG PUN BONCEL


"Tenjo ku sia,naha eta rarapen ngabayak diantep bae? Naha eta nu nguyumbang teu diberesihan? Ngedul siah,henteu geten kana ingon-ingon! Kumaha lamun eta kuda gering?"

"Teu acan bae juragan,apan abdi teh nembe dongkap pisan tas ngarit."

"Wah siah ngalawan bae si ka  dunungan teh,kalah ka hakan bae,ari kana gawe ngedul! Sia moal dibere nyatu ku aing!!!"

"Unggal dinten oge disapuan ku abdi,dalah ayeuna oge bade disapuan deui,sanggem pun Boncel.

Dinten eta yaktos pun boncel henteu dipasihan barang teda ,ngongkrong teu kararaban sangu  saremeh.

Enjingna sabada meresihan gedogan pun Boncel mios deui bari manggul sundung bade ngarit ka reuma.

Ku margi kosong beuteung,teu acan kararaban katedaan,manehna ngaraos nahnay nanjak ka pasir teh. Barang dongkap ka mumunggang,gek diuk handapeun waru ngareureuhkeun heula kacape.

Pikirna ngerik taya hinggana,ras emut kana kamalaratan indung-bapana kawuwuh ari gaduh dunungan ku teu aya pisan tinimbanganana.

Sangkeloh bae pun Boncel ngagolehe kana canir,sirahna diganjel ku leungeun mencrong ka langit ningal mega nu pating arudat bodas.

Teu karasaeun deui reup bae manehna sare.
Duka sabaraha jam lamina emut-emut soteh pedah kaclakclakan cai hujan.

Korejat pun Boncel hudang,bari gasak-gisik sarta culang-cileung semu reuwas. Kop kana arit bade ngarit,nanging nembe oge ngalengkah breg teh hujan ageung pisan sapertos anu dicicikeun ti langit teh sayaktosna.

Tungtungna salingker manehna kana handapeun tangkal waru tea ngarah rada iuh.

Nanging ku margi hujan sakitu ngagebretna,atuh papakeanana teu kantos lami parantos rancucut dugi ka mucicid tiriseun. Nyambung ka Nu Ieu ...
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Buku Bahasa Sunda Taman Pamekar jilid V Dongeng Pun Boncel Bagian 2

Posting Komentar