Carpon Di Pencelut Pasirbera - Min Resmana

Dijual Buku Antik dan Langka


Situ Bagendit jamanbaheula


Di Pencelut Pasirbera 
Beja yen Bapa Bupati bade sumping ka Pasirbera geus nenekab kamana-mana. Pangeusi desa-desa Campaka, Sukamaju, Pasirhawuk jeung Bojong Malati geus tatan-tatan pikeun ilu-biung dina waktuna. Komo urang Pasirhawuk mah, geus dikeprak ti anggalna keneh, da pasirbera teh kaasup desa eta. Sasat jadi pribumi nu bakala kasumpingan pangagung. Piraku teu paciweuh, sasadiaan sagala rupana. Geus ditangtukeun yen panginditan ka Pasirbera teh ti buruan Bale Gede pasirhawuk. Sakur nu rek indit ka Pasirbera kudu kumpul heula di dinya, sabab rek diayakeun perlombaan, paheula-heula nepi ka pencelut Pasirbera. Nu unggul rek dibere hadiah, kitu ceuk unggeling beja teh.

Barudak sakola di desa-desa nu dareukeut ka Pasirbera geus pada nyaho. Unggal sakola geus ngawangun hiji regu nu bakal milu kana perlombaan tea. Ngahaja dipilih barudak nu geus biasa iang ka leuweung, ngarah tuman nanjak-mudun bari mapay jalan rumpil.

Ti Bojongmalati, nu kapilih teh Koko jeung babaturanana. Saregu teh sapuluh urang. Koko, Ruhiyat, Tatang, Warman jeung Tasman mangrupa anggota regu tuman indit ka leuweung.

Koko kapeto jadi luluguregu. Najan aya ti kelas genep ge, tetep manehna anu kapeto, dumeh kasawang pibisaeun mawa batur-baturna ka pencelut Pasirbera. Prak-prakanana iang ti buruan Bali Desa Pasirhawuk, nepi ka datangna ka Pasirbera geus diterangkeun ku guruna. Indit ka Pasirbera teh bari mawa bibit kai, dibahanan ku Panitia Rakgantang. Diditu kudu dipelakkeun dina taneuh nu geus dicirian. Saha nu pangheulana anggeus mellak eta unggul sarta bakal meunang hadiah.

"Jadi, regu teh kudu nya gancang nya rancage. Gancang leupangna sangkan tereh nepi, sing rancage ngarah beres melakna!" ceuk Pa Jaja guru kelas lima.

"Diberegkeun pa miosna?" ceuk Koko.

"Muhun, sepuh sareng murangkalih sakola, naha disarengkeun?"


Inditna ti Pasirhawuk mah bareng. Tapi, regu barudak mah moal diadukeun jeung regu kolot. Kolot pada kolot, budak jeung budak deui. Maraneh mah balap teh jeung regu budak sakola ti sakola sejen. Moal, moal diadu jeung kolot!" ceuk Pa Jaja.


Beuki deukeut kana waktuna, beuki karasa heabna rek perlombaan teh. Rayat desa Bojongmalati geus dikeprak sangkan marilu ka Pasirbera pikeun melakkeun bibit kai di ditu. Bari sakalian ngareuhreuah dikomandokeun Rakgantang ku Bapa Bupati.

"Kumaha euy, da can apal jalanna ge! Iraha teuing urang indit ka Pasirbera?" ceuk Koko waktu istirahat.

Enya,dina kituna mah. Genah urang Pasirhawuk we sahanteuna geus apal kana jalanna. Tangtu tereh nepina." tembal Tatang.

"Tapi, lain aya pituduh ti Panitia. Kudu ka mana jalan, mun mengkol ka mana mengkolna. Kapan kitu saur Pa guru ge." Warman mairan.

"Enya cenah. Keun bae lah,kumaha engke we. Perluna mah urang milu kaditu, ngarah ulah beja wungkul rakgantang-rakgantang teh." ceuk Koko.

"Ka jauh-jauh, di imah weh murak eusi rantang mah, nya?" Tatang heureuy.

"Aeh enya naha poho-poho teuing" Ruhiyat nempas.

"Kapan Tasman teh boga dulur urang Pasirhawuk. Manehna sering nyaba ka ditu. Boa teuing manehna mah apaleun jalan ka Pasirbera. Matak naon mun ditanyakeun? Kapan regu urang keneh?"

"Enya nya. Tuh Tasman, geroan geura!"

"Man! Tasman, ka dieu!" Tatang ngagero.

Tasman nu keur jajan di warung sakola geuwat nyampeurkeun.

"Naon euy!" pokna.

"Euh, eta semah ampihkeun heula. Ulah sina diluar bae! omong Warman bari seuri Ret ka baturna, key sareuri.

"Naon euy ? Tasman rungah-ringeuh.

"Eta si Engkur sina kajero! ceuk Tatang.


Tasman nyusutan biwirna. Barang karasaeun aya bubuk kurupuk dina juru biwirna, nyeh manehna seuri.

"Sugan teh naon" pokna.

"Ari taeun bubuk kurupuknya?"

"Lain kitu aya naon nyalukan teh?"


"Ieu Pa Koko, ketua regu ka Pasirbera, rek nanya ka maneh salaku anggota regu. Naha geus siap atawa acan?" ceuk Ruhyat.


"Siaplah! Hayang geura jung,hayang geura meunang hadiah!"

Geus boga boros ?" Warman nanya.

"Keur nanahaon boros tepus? Da bibit kai mah bakal dibagi ku panitia"

"Ih, ari si bodo Indit ka leuweung mah teu kawas nyaba ka pasar Suku kudu cangker, ambekan ukah hukhekan  Pikeun nyangkerkeun buah bitis, boros tepus dibubuy. Tinyuh ku sepirtus, balurkeun memeh sare." Ceuk Warman.

Key saleuseurian.
"Lain kitu ketang, Man. Rek nanyakeun, dumeh maneh boga dulur urang Pasirhawuk. Apal henteu jalan ka Pasirbera?" ceuk Koko.

"Beres lah, beres!" ceuk Tasman,ujub naker.

" Beres teh, beres kumaha? Kade ari memehna beres, ari nepi ka tanjakan, ceurik!" ceuk Tatang.

" Wah naha make ceurik sagala? Ka pasir tuman,ka kota, iraha?"

" Atuh ka ereng, mewek, nya?"

"Enggeus, tong sok ngagugat-gugat nu geus kaliwat!" Koko ngahuit beri seuri. "Jadi apalnya jalan ka Pasirbera teh?"

"Apal,apal pisan!" Rek mapay jalan biasa nu ngaliwatan Pasireurih, Tegallame, hayu! Atuh rek norobos, motong jalan ngarah tereh, hayu".

"Hade atuh ari kitu mah ."

"Malah sabenerna mah dewek teh geus boga rencana, Ayeuna mah sakalian weh bebeja ka ilaing, bapa ketua regu. Mun sarerea panuju, urang laksanakeun!" ceuk Asman.

"Naon tea Man?"

"Kieu indit ti buruan Bale Desa Pasirhawuk mah urang teh bareng lin?"

"Enya. Dibagi bibit kai pelakeuneun di ditu."

"Tapi datangna ka Pasirbera teu kudu beurang nya?" lantaran teu kudu bareng. Leuwih tereh leuwih alus. Tereh nepi, tereh melak, tereh anggeus." ceuk Kokko.

"Tah lamun kitu, kumaha lamun kieu?"

"Har, kumaha ieu teh?

"Enya, lamun meunang teu bareng meureun sarerea ge hayang nepi pangheulana. Dewek boga akal."

"kumaha?"

"Ti Pasirhawuk mah urang teh bareng jeung nu sejen, Satengahing, perjalanan urang misah ti nu rea. Batur mapat jalan biasa, urang motong jalan, kajeun norobos asal tereh nepi ka nu dituju. Lain beres ari kitu?.

"Eta, naha silaing apal kitu jalan nu norobos ?" ceuk Warman.

"Moal ge diomongkeun, ari teu apal mah asal percaya ka dewek, kari nuturkeun. Pasti pangheulana nepi ka pencelut Pasirbera."

"Hade eta rencana teh Man" ceuk Ruhyat.

"Atuh puguh. Panuju lamun kitu."

Sarerea saur manuk, nyaluyuan. Keleneng lonceng asup. Buriak bae bubar.Dina waktuna, pukul genep teh Koko sabatur-batur geus sayaga di buruan sakola. Pa Jaja ge nu rek marengan ka Pasirhawuk geus aya.

Koko sabatur-batur make papakean saules. Kaluhurna kaos kurung bodas, calanana pulas panci. Sapatu mah sabogana-sabogana, da keur indit ka Pasirhawuk wungkul. Ti dinya ka Pasirbera mah mending teu make sapatu.

Pukul satengah tujuh, treuk nu bakal mawa barudak katut rombongan ti desa geus datang. barudak cut-cat arunggah kana treuk, merenahkeun maneh rada beh hareup. Sanggeus sarerea maju. Koko sabatur-batur jaligrah pisan, resep ku dua ku tilu. Eukeur mah resep ku tumpak mobil, turug-turug hayang geura nepi ka nu dituju. Hayang geura prak milu perlombaan.

Nepi ka Pasirhawuk jelema geus ngaliud. Ti lima desa kitu, tumplek di dinya. upacara can dimimitian sabab rombongan Bapa Bupati cen sumping. Unggal regu nu rek milu ka Pasirbera dibere nomer. Dicatetkeun pingpinanana. Regu Koko kabagean nomor 15.

Memeh pukul dalapan, unggal rombongan geus narima bibit kai ti panitia. Bibit geus galede naker, geus akaran,geus pucukan.
Kari melakkeun bae. Saregu teh ka bagean aya ratusna.

Panceg pukul dalapan, panitia mere tangara yen perlombaan dimimitian. Bereyek jelema nu ngaliud teh bubar, mapay jalan nu geus ditangtukeun ku panitia. Riweuh lain dikieuna, jelema sakitu reana, pada hayang datang pangheulana ka Pasirbera.

Tasman nyaan apal kanan jalan teh. Manehna teu karagok deui, seselendep kana aleutan kolot, dituturkeun ku Koko sabatur-batur. Geus nepi ka lembur Kiara mah leuheung rada bisa nyeunghap, rombongan teh geus papencar, heula pandeuri numutkeun kakuatanana.  

"Ti mana norobos teh Man?" ceuk Koko.
"Engke beh ditueun Pasireurih. Aya jalan ka kenca, ngaliwatan lembur" tembal Tasman.

Leumpangna pasegut-segut,kawas teu nolih kacape. Najan kitu tetep ngabaris, da cenah kaberesan barisan ge dipeunteun.
Pa Jaja nikreuh rada beh lebak, ngawaskeun bisi muridna kumaha onam.

Palebah Pasireurih aya nungajaga. Panitia meureun,da make ciri dina dadana.

"Nomer 15?" ceuk nu saurang.

"Ya! tembal koko bedas.

"Bagus!" tembal ceuk nu ngajaga imut.

Koko sabatur-batur wuwuh segut, da rarasaanana mah can kasusul ku rombongan budak nu sejenna.

"Nyaho, bagus, cenah?" omong Tatang sura-seuri.

"Enya euy, bitis cangkeul " Warman nyengir.

"Tahan Man, moal lila ge nepi!" Koko ngagedean hate. Hanca

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Carpon Di Pencelut Pasirbera - Min Resmana

Posting Komentar