Dongeng Sunda Kapinteran Sakadang Peucang

Dijual Buku Antik dan Langka

Dongeng Sunda Sakadang Peucang
Sakadang Peucang nu pinter


Dongeng Sakadang Peucang :
Dina hiji poe Sakadang Peucang keur jalan-jalan di leuweung teu jauh ti dinya aya sayang bagong. Katempo ku Sakadang Peucang, Sakadang Bagong keur ngahuleng bae kawas nu bingung.

+ "Keur naon Sakadang Bagong mani kawas nu bingung?" Ceuk Sakadang Peucang.

- "Puguh kuring teh keur bingung, kakara pisan orokan, orokna dipenta ku Sakadang Maung, teu meunang henteu." Ceuk Sakadang bagong bari ngalimba.

+ "Atuh nyumput bae,naon hesena,Sakadang Bagong ?" Ceuk Sakadang Peucang.

- "Puguh kuring mah embung cidra kana jangji, harita teh kuring katewak ku Sakadang Maung,ceuk kuring teh ulah kuring nu didahar mah, engke bae anak kuring, tah kitu Sakadang Peucang,cik atuh kuring tulungan, anjeun geus sohor loba akalna."

Sakadang Peucang ngahuleng kawas nu mikir,teu lila pok bae ngomong " Euh kitu, keun kaula rek menta tulung ka Sakadang Landak,engke Sakadang Landak ku kuring dititah sare ngariung jeung anak Bagong, tah dimana aya Maung datang sina asup ka sayang bari ngomong pek bae tah samualkeun anak kuring,ngarti henteu Sakadang Bagong?" Ceuk Sakadang Peucang. Sakadang bagong unggeuk -unggeukan ngartieun.

Pondok carita, Sakadang Peucang geus menta tulung ka Sakadang Landak pikeun ngaringkuk gigireun anak bagong. Barang datang Landak dihuapkeun, Sakadang Maung eueuleugeugan, bulu-bulu landak naranceb dina genggerong Sakadang Maung getihna awor-aworan, teu lila hos bae paeh.

"Nuhun Sakadang Peucang kaula geus ditulungan." Ceuk Sakadang Bagong. "Nya kuring ge atoh andika salamet. Da tulung tinulung teh kawajiban urang sarerea." Ceuk Sakadang Peucang bari ngaleos.*** Dicutat tina: Pangajaran Basa Sunda 
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Kapinteran Sakadang Peucang

Posting Komentar