Dongeng Sunda | Mundinglaya Jeung Dewi Asri

Dijual Buku Antik dan Langka




mundinglaya dikusuma




Dongeng Mundinglaya jeung Dewi Sri
Raden Mundinglaya putrana Prabu Siliwangi,ibuna Padmawati. Ti aalit keneh ku para sepuhna direremokeun ka Dewi Asri putrana Nyi Gambir Wangi ti Muara Beres.

Raden Mundinglaya saterasna dirorok ku Prabu Guru Gantangan, saparantos dewasa Raden Mundinglaya teh jadi gagah perkosa sakti mandraguna. Guru Gantangan ngarasa salempang ku kasaktian Raden Mundinglaya, nya nyieun reka perdaya pikeun nereubkeun Mundinglaya di Leuwi Sipatahunan.

Kacarita Padmawati ngimpen kenging Lalayang Salaka Domas ti Jabaning Langit nu dijaga ku Guriang Tujuh. Prabu Siliwangi miwarang ka Mundinglaya pikeun ngarebut Lalayang Salaka Domas.

Raden Mundinglaya nu kakara pisan bebas tina panyiksa Guru Gantangan nyanggeman kana pamundut ramana.

Raden Mundinglaya biur ngapung ka langit rek ngarebut Lalayang Salaka Domas nu dijaga ku Yaksa Mayuta, JongraKalapitung, jeung Buriang Tujuh, sakabehna palastra ku Mundinglaya kalayan Lalayang Salaka Domas bisa karebut.


Waktu Raden Mundinglaya ngabiur ka langit tea,Sutenjaya dulur misan Raden Mundinglaya, ku Guru Gantangan dititah ngalamar Dewi Asri, tapi ditampik sapajodogan. Dewi Asri mah tetep micinta Mundinglaya.

Kacarita Raden Mundinglaya tepi deui ka karajaan, Lalayang Salaka Domas disanggakeun ka ibu ramana. Saterusna Raden Mundinglaya ditikahkeun ka Dewi Asri. Tina Caraka Pangajaran Basa Sunda.   
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda | Mundinglaya Jeung Dewi Asri

Posting Komentar