Pakean Adat Sunda

Dijual Buku Antik dan Langka




Baheula mah pakean adat Sunda teh sok dipapake unggal poe, boh di imah atawa indit-inditan. Ayeuna mah sapopoe teh marake pakean biasa bae nyaeta kameja atawa kaos pikeun lalaki, erok pikeun awewe.

Pakean adat Sunda teh lamun dipake katingalina teh aya dangiang kewes. Kumaha rek teu kewes atuh da pakean adat Sunda mah potonganna alus, rapih jeung singset deuih.

Pikeun awewe pakean adatna ka luhur kabaya, aya nu disebut kabaya Bandung ka handap samping,rupa-rupa ngaran sampingna, aya samping batik kumeli, batik sidomukti, jeung sajabana ti eta.

Pikeun lalaki make baju takwa, kahandapna batik nu diancokeun pikeun lalaki, teu poho keris atawa kujang diselapkeun di tukang, atuh bendo oge dipake nambah nyari ka nu makena.

Lamun lalaki make bendo, ari awewe mah digelung bae, gelungna teh rapih biasana mah sok diselapan mangle, mangle teh nya eta kembang anu disusun keur dipake dina gelung tea supaya nyari jeung seungit kaambeuna. Tina: Caraka Pangajaran Basa Sunda 


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Pakean Adat Sunda

Posting Komentar