Sajak Sunda Leuweung Tutupan

Dijual Buku Antik dan Langka







Leuweung Tutupan

Di Leuweung tutupan
Pinuh ku tatangkalan
Ngahaja leuweung ditutup pikeun dijaga
Ngajadi leuweung larangan
Sangkan taya nu ngaguna sika

Leuweung teh anugrah Gusti
Wajib ku urang dipupusti
Sabab leuweung mere mangpaat
Sabab leuweung mere darajat
Ka sakumna umat

Lamun leuweung digunasika
Dagoan wawales nu tumiba
Banjir longsor moal katadah
Loba umat nu garasa susah
Piara leuweung tina jalma nu sarakah

Leuweung teh hiji kakayaan nagara
Cur cor cai keur karaharjaan sarerea
Hayu urang jaga !
Hayu urang riksa !
Leuweung tutupan leuweung urang sarerea




Leuweung Geledegan


Aya tulang nyangsang na dahan, deudeuh
Sěsa raga arucutan
Langlayangan teu kapuluk teu karucu
Di hiji leuweung geledagan

Tangkorékna diranggeum areuy, deudeuh
Topi waja bangkarak tadah cihujan
Bedil, sekin ngarumpuyuk lumpuh
Di hiji leuweung geledegan

Kamana pasukan tambur
Ilharna jajap ka basisir kubur
Teu muni rampak témbak kahormatan
Di hiji leuweung geledegan

Jueng lahanna di taman pahlawan, deudeuh
Aya nu ngali nu ngandih
Béh ngaranna dina daftar kapanggih
Diémbohan catetan ilang raratan
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Sajak Sunda Leuweung Tutupan

Posting Komentar