Bandung Jaman Baheula

Dijual Buku Antik dan Langka





Hareupeun Van Dorp baheula mah lain toko-toko Cina, tapi gedong sositet Indo, tempat maen bola jeung pepestaan.
Di tungtung Jalan. Braga beulah kidul aya deui sositet gede, ngananna Concordia, nu ngahiji jeung Gedung Merdeka ayeuna, tempat M.P.R.S.  jeung nu kungsi dipake Konperensi Asia Afrika tea. Ku ieu konperensi ngaran kota Bandung jadi leuwih kasohor,kaceluk ka awun-awun,kawentar ka mancanagara teh lain ngan ukur babasan. Kacapangan "Sumanget Bandung" remen kadenge dina pidato kapala-kapala nagara di mana-mana.

Ku lantaran kitu loba bae nu hayang nyaho kota Bandung jeung tambah rea nu hayang ngumbara tuluy matuh di Bandung. Sanajan geus dijieun "kota tertutup" hih teu weleh nambahan bae pangeusi kota Bandung teh. Dina akhir 1956 cacah jiwa kota Bandung teh jumlahna geus 867.000. Sakitu teh nu geus kacatet wungkul sarta teu ngurung jumlah tentara jeung pulisi. Kawasna jumlah-jamleh mah moal kurang ti sajuta. Nu unggal taun panglobana nambahanan bejana bangsa Cina. Jumlahna eta 87.500. Ari leuwih aneh,eta cenah 70 persen tina jumlah gedong-gedong di Bandung geus dicicingan ku bangsa Cina.

Keur Bapa sakola keneh mah bagian kota beulah kaler teh loba keneh tanah nu ngoblong. Saperti di deukeut rumah sakit Dokter Hasan Sadikin, harita mah kakara aya Lembaga Pasteur bae jeung sakola MULO (SMP) nu ayeuna dipake ku Jawatan Tera jeung Jawatan Kehewanan. Jaba ti eta mah tegal bae jeung kebon. Inget bae da sok mindeng kudu dipariksa ka Dokter Hasan Sadikin teh jeung ngalongok babaturan anu dirawat di dinya.

Ayeuna mah geus matak pangling,dimana-man geus pinuh ku gedong, malah terus nepi ka Cipaganti, Karanglayung, Ciumbuleuit, Cihaurgeulis, Cikaso, jst.

Beulah kidul ayeuna mah nya kitu keneh matak pangling jeung matak lingling. Basa Bapa taun 1928 pindah sakola ka Tegallega-wetan, tukangeun sakola teh sawah keneh, komo di Karapitan mah. Ari ayeuna kapan geus jadi bagian kota anyar, malah make aya Ancol baru sagala,asa di Jakarta. Bareto mah Jalan Tegallega-kidul acan kebat ka wetan cara ayeuna. Kitu deui Jalan Suniaraja jeung Jalan A-B-C acan nyambung ka Braga. Di tungtung jalan Kebonjukut beulah wetan acan aya Viadeuk cara ayeuna. Bareto mah make pintu bae, malah bapa kungsi cilaka di dinya, keur tumpak kareta-mesin kadupak delman. Hadena bae ngan ukur barared.

Ajeuna mah kacilakaan di jalan kacida lobana, sangkilang geus diayakeun rupa-rupa aturan. Atuda kumaha, jalan beuki sakitu pasurawetna, tutumpakan pohara nambahanna, komo eta mah beca jeung kareta mesin. Mobil oge nomerna geus make lima angka. Beus kota bareto mah can aya.

Tina:kandaga 1968.
Penerbit: Ganaco NV. Bandung


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Bandung Jaman Baheula

Posting Komentar