Sastra Sunda Jaman Galuh Pajajaran

Dijual Buku Antik dan Langka


wawacan mundingkawati
Wawacan Mundingkawati


Pantun Sunda 
Ieu pituin Kasusastraan Sunda ti Jaman Galuh,Pajajaran,tug ka jaman Islam, malah kiwari aya keneh sawatara carita anu arampihan.

Nu dicaritakeun teh lalakon-lalakon para raja atawa satria jeung putri di jaman Galuh jeung Pajajaran.

Bangun Kasusastraan dicampur (paselang) antara lancaran jeung kawih,prosa jeung puisi. Tapi saenyana anu disebut puisi teh ari diimeutan mah puguh welitanana puguh purwakantina, puguh ngalagukeunnana (lentongna), make "metrum" anu husus pikeun medar lalakon dina carita pantun. Salahsahiji conto, upamana dina Kandaga II. pajajaran No.32.judulna "Ciung Wanara".

Geura pek coba-coba baca ku lentong nu ilahar kiwari, rea anu kagok. Moal cara dilagukeun cara "maca" pantun.

Kawih dina pantun, henteu sakawih-kawihna, jaba ti baroga ngaran anu pasti teh, puguh anu ditujuna. Moal upamana nyaritakeun satria ngapung ku "Beber Layar", sabalikna moal nyaritakeun anu paparahon ku "Pangapungan". Sabalikna moal deui dina manggung jol-jol kana "Dengkleung" da kudu "Papatet"!

Sawatara lagu papantunan (kitu istilahna) anu dipikaresep, sakadar conto mah ieu dicutat (sawareh tina Volksamanak kaluaran Bale Pustaka).

Papatet
Gunung Galunggung ka pungkur,
gunung Sumedang katunjang,
talaga Sokawayana,
rangkecik di tengah leuweung,
Ulah pundung ku disungkun,
tarima raga wayahna,
ngancik di nagara deungeun.


Mupu Kembang
Burudul menak ti kidul,
iringan para tumenggung,
candakna parabot degung,
tutup kendang kulit lutung,
dirarawat hoe wulung,
hoe wulung nu ti gunung, (geuning juragan)
ditepak ku nu jarangkung.


Sakadar conto bae mah sakitu ge cukup. Jaba ti conto-conto tea rea-rea deui lagu-lagu teh, disurupkeun kana guguritanana.
Panjang pondokna pada, henteu beunang dipastikeun sabaraha-sabaraha ungkara, da, nepi ka aya anu sabaraha likur ungkara. Ari ngawihkeunana bulak-balik antara genep, tujuh atawa dalapan ungkara. Ana henteu jangkep sok aya sawatara padalisan anu dipindo.

Sawatara lagu,sok dijejegan engangna ku "Mamanis", upamana "Anggeus Raden", Geuning Juragan" atawa sawatara kecap sok dipindo. Sakapeung,aya lagu anu ditengah-tengah ungkara ditambahan sababaraha engang,upamana "Da Geuning", "juragan", "Cenah mah" jeung sapapadana.

Anu sok dikawihkeun dina carita pantun, babakuna sakur anu ngandung mamanis, upamana bae: 1.Putri geulis ; 2.Satria kasep ; 3.Ratu agung;  4.Ponggawa gagah ; 5.Putri dangdan ; 6.Satria dangdan :7.Nagara raharja ; 8 Nu paparahon ; 9.Nu ngapung ; 10.Nu perang ; 11.Putri angkat ; 12.Lengser lumpat ; 13.Kaayaan karaton ; 14. Palataran 9gunung,laut,pulo) ; 15. Panganten ; 16.Nu nyambungan (ondangan) ; 17. Nu ninun ; 18. Nu natakeun pesta ; 19.Nu nimang orok ; 20.Nupasea ; jeung pirang-pirang deui. Nepi ka beunang disebutkeun sautak-saeutik ngawih. Da di dinya mamanisna pantun teh atuh.

Sambara pantun anu lianna, nya eta rahul jeung jorang.
Pikeun jaman pantun, jorang teh dianggap ilahar bae, teu goreng teusing. Nu ngadaregekeunana, boh awewe,boh lalaki,kalah ka ager-ageran bawaning ku mikalucu.

Anu rahul, teu dianggap gede bohong. Nu ngadengena, henteu boga rasa dibobodo, kalah pating gelenyu, kayungyun.

Urusan purwakanti,dina pantun teh jadi sarat penting, nepi ka sirikna henteu unggal ungkara dipurwakantikeun. Saajana purwakanti anu ditataan dina bab II teh dina pantun mah dipake kabeh. Tampolana dianyam diadumaniskeun, pohara endahna.

Nu patali jeung pustaka pantun, moal dicaritakeun di dieu, baris kasampeur dina bab-bab Pustaka, dihareup. Ngan perlu dicaritakeun, yen samemeh Ki Jurupantun ngamimitian prung ngalalakon, anu maksudna ngagayuh para karuhun jeung lelembat-lelembut supaya ngaping ngajaring sarta ulah aya anu jail - kaniaya.

Tina:Kandaga Kasusastraan.Ku.M.A.Salmun.1963.



Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Sastra Sunda Jaman Galuh Pajajaran

Posting Komentar