Meletusnya Gunung Krakatau Bahasa Sunda

Dijual Buku Antik dan Langka
Foto dina film krakatoa

Gunung Rakata anu pernahna di selat Sunda antara Banten Kulon sareng Telukbetung, samemeh bitu mangrupa pulo nu legana kl.20 km, pulo hejo pinuh ku tatangkalan. Wartosna ieu teh dianggo cicingna bajaklaut dipake nyumputkeun wanita-wanita meunang nyulikan. Sayatoktosna di lebah dinya gunung teh aya tilu nya eta G. Rakata (Kratau), G.Danan sareng G. Perbuatan. Ari nu pangluhurna gunung Rakata.

Ahli-ahli gunung harita henteu ageung perhatianana kana eta gunung anu tilu teh sabab salian ti kaida handapna oge teu kacatet dina berendelan gunung-gunung seuneuan (masih keneh digawe) nu aya di Lautan Teduh. Kitu kaayaan samemeh taun 1883.

Teusangka tanggalna, dina sasih Agustus taun 1883,ping 26,27,sareng 28 gunung Rakata bitu pohara ngageumpeurkeun malah karaos dugi ka Benua Amerika beulah kulon nya eta Sanfransisco Ari di Caringin harita mah Kabupaten keur aya pesta rongkoh nikahkeun putra Bupati, sadaya priyantun Banten nuju kempel. Aya nu anehna, diantawis para tamu dina eta hajat rongkah teh aya tilu matros kapal perang nganggo pakean saules, tapi teu lami hadirna teh, teras teu aya deui duka ka mana leosna. Rupina bae ieu jadi pertanda baris aya bahaya anu tumiba ka kota Kabupaten Caringin.

Gunung Rakata mimiti lilir tina sare nya eta dina tanggal 29 Mei 1883 ngaluarkeun sora jumegur anu kakupingna dugi 500 km.

Seuneu nu bijil tina kawah jangkungna 10 km ka awang-awang paampur jeung lebu burahay, hawa panas nyongkab karaos di sabab madhab. Sabada bitu bieu,pada nyangka tanaga gunung geus seep. Nanging buktosna henteu kitu,tanaga panas tina puseur bumi nu ngamalir ka lebah ieu gunung ageung keneh pisan, buktosna waktu ai laut lebet kana kaa kawah tilas bituna tadi tina cai tadi timbul saab nu pohara panasna. Seuneu tina Magma (puser bumi) nembus lapisan taneuh anu nutupan kawah gunung Rakata.Danan jeung G.Perbuatan. Tekenan tipuser bumi beuki ka pengpet tea ahirna G.Perbuatan bitu.

Tina lebet kawah kakuping gumuruh,lemah eundeur,lini kacida tarikna.

Teu lami jebrot batu panas campur haseup,mumbul kajomantara luhurna nepi 17 km. Ieu kajadian nembe babak 26 Agustus 1883,harita dinten Ahad tengah dinten.

Salajengna gunung anu bitu teh dikubeng ku haseup jeung seuneu. Ombak laut pagulung-gulung satungtung-tangtung tangkal kalapa sakur nuaya dibasisir Banten sareng Lampung taya nu ngari, malah saparantos leler deui tina tangkal kalapa kapendak aya mayit kolot keur ngeukeupan anakna, jadi korban bituna G. Rakata.kota kabupaten Caringin jeung nu aya di sabudeureunana bersih lir nu disapukeun. Jumlah korban jiwa di Selat Sunda aya 36.417 jelema, teu kaitung korban nu keur balayar kagulung ombak.

Cai laut nu ngelab ka darat waktu nyedot deui ka laut di darat ninggalkeun batu karang. Malah aya kapal mariem Hindia Walanda "Berouw" kabawa ku ombak ka darat aya 2 km-na di pulau Sumatra Kidul/Telukbetung,ayeuna oge bangke ieu kapal aya keneh, pernahna 9 meter di luhureun beungeut laut.

Dua minggu Gunung Rakata bitu,luhureunana,lebu nu ngarupakeun halimun anu jangkungna 40 km ngawitan ngider maju ka kulon.

Bituna Gunung Rakata sareng bituna bom atum di Jepang henteu kawon matak geunjleungna.

Kadieunakeun dina taun 1928, rupina mah gunung Rakata acan ngarasa puas keneh, sanggeus istirahat 44 taun,bitu deui tapi hanpeun beungeut cai.
Sumber : Koran Sunda "Kujang" Jumaah 28 Maret 1975.
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Meletusnya Gunung Krakatau Bahasa Sunda

Posting Komentar