Sasakala Bandung jeung Dasasila

Dijual Buku Antik dan Langka


 Sasakala Bandung 


KIDUNG
1. Gunung Tangkuban Parahu, nangkub dugi ka kiwari, ciri wawatesan Sunda, Sunda Awal Sunda Ahir, Sunda awal nga-buana, saampar jeung Tanah Hindi.

2. Gunung Sunda nu kapungkur, puncakna sundul ka langit, katelah Parahyangan, padumukan para ruhi, arwar karuhun Ki Sunda, ahli tani nu sarui.

3. Ratu Galuh ge kasebut,dina kaol Galuh suci, suci Sunda istilahna, ya eta kuring pribadi, Ratuh Galuh Sunda Murba, kitu saujaring wari.

4.Ceuk kaos banjir Nabi nuh, ngalembak basisir Sunda, kakeueum ratusan warsi, gunung Sunda bitu rongkah, gentos jaman Sunda Ahir...

5. Gunung Tangkuban Parahu,nangkub dugi ka kiwari, sasakala Sangkuriang, nyieun bendungan sapeuting, henteu jadi lalayaran, kasapih balebat sidik.

6. Jadi sasakala Bandung alatan bendungan tadi,  anu asalna teu pira, kawitna mah Dayang Sumbi, palay goreng ati uncal, di palsu ku ati anjing.

7. Sangkuriang nu ditundung,ku ibuna Dayang Sumbi, angkat ngulon ngalalana,l amina puluhan warsi, ari datang jol ti wetan, linglungna kawanti-wanti.

8. Gelar dina dongeng Pantun, milik rayat Sunda asli, nu nyesa ti Tatar Sunda. Buana Sunda ge leungit, robah jadi Nusantara, Sunda Besar Sunda Kecil.

9. Gunung Tangkuban Parahu,nangkub dugi ka kiwari, kiwari mah Lalayaran, na Parahu Demokrasi, demokrasi Pancasila, bendungan nagara R.I.

10. Nu kumpul-riung di Bandung,ti dalapan likur nagri, nga-Bhineka Tunggal Ika, nelah A-A Konferensi, ngagelarkeun Dasa-Sila sumanget Bandung teu robih.

11. Demokrasi lulus mulus, kaais Panasilais, Dasasila muga-muga, rayat repeh-rapih waluya bebas merdeka ... Amin Ya Robbal 'Alamin.

Amin Ya Robbal 'Alamin mugi Gusti nangtayungan deug-deug mayeng sujud sukur ka Alloh Nu Maha Agung.:Tina Koran Sunda Kudjang taun ka XXI no.973 Jumaah 2 Januari 1976 ku ibu Rohaya Bandung 1-1-1976




Tina


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Sasakala Bandung jeung Dasasila

Posting Komentar