Dipati Ukur tokoh sajarah atawa sastra Bagean 1

Dijual Buku Antik dan Langka

DIPATI UKUR TOKOH ATAWA SASTRA ?

Pikeun masyarakat Bandung bisa dipastikeun yen kana tokoh Dipati Ukur moal aya nu bireuk deui. Jenengan eta tokoh kiwari (ti mimiti 1949) geus dilanggengkeun ku ngaran jalan di Kota Bandung. nya diantarana Kampus Universitas Pajajaran oge aya di Jalan.Dipati Ukur.

Salian ti eta di luar Kota Bandung oge kungsi ayaa sakola jeung bioskop anu make ngaran Dipati Ukur,nya eta SMP di Sindanglaya (1959) jeung bioskop di Ujungberung (1969),wewengkon Kabupaten Bandung.

Nya kitu deui disababaraha tempat di wewengkon kabupaten Bandung (Cililin,Banjaran,Ciparay,Ujungberung) aya patilasan-patilasan anu diaku ku masaarakat di dinya sabage patilasanana Dipatiu Ukur. Eta patilasan-patilasan dianggap karamat.

Organisasi-oraganisasi di Tatar Sunda aya oge anu nokohkeun Dipati Ukur sabage tipe ideal pahlawanna (pamingpi nu hade). Ku ayana eta "penokohan" pandangan yen Dipati Ukur teh pahlawan jadi sumebar ka meh sakuliah Tatar Sunda atawa ka meh sakumna urang Sunda.

Salian ti kanyataan-kanyataan nu nyampak di masarakat,tokoh Dipati Ukur disebut oge dina wangunan tulisan (bukti nulis). Bukti aya dina tulissan ngeunaan Dipati Ukur kawilang loba tur manyang,diantarana nu pangkolotna nu sim kuring terang nya eta arita Dipati Ukur nu aya dina naskah Lor.7399 (2). Eta naskah diteundeun di perpustakaan Universitas Leiden (Negeri Walanda). Carita Dipati Ukur dina ieu naskah disusun kira-kira taun 1750 Masehi. Ari nu panganyarna,carita Dipati Ukur nu aya dina buku Dipati Ukur karangan Supis jeung Rohendi Sumardinata kaluaran Daya Sunda Bandung taun 1959-1960 (dua-jilid).

Nurutkeun naskah-naskah titinggal karuhun jeung karangan-karangan sejenna anu kapanggih ku sim kuring,gambaran ngeunaan tokoh Dipati Ukur sabage tokoh pemberontak,tokoh nu teu hade pasipatan jeung kalakuanana.

Ku ayana kitu timbul pertanyaan: "Naon sababna aya gambaran tokoh Dipati ukur anu beda-beda ? Gambaran anu mana nu bener?.

Samemeh ngaguar jawaban eta pertanyaan,urang kudu emut heula kana aya bedana antara widang sajarah,salian ti aya hal anu saruana.

Widang sastra mangrupa widang nu mandiri anu dicipta ku sastrawan henteu kabeungkeut ku bahan-bahan anu ngarupakan bukti anu kudu luyu jeung kanyataan.
Sastrawan bebas ngagunakeun daya ciptana,waktu ngarangna ahli sajarah oge henteu bisa ngalesotkeun diri tina pribadina (subyektivitasna),tapi para sajarawan kabeungkeut ku catetan-catetan waktu,kanyataan anu kudu layu. (Nyambung ka bagean 2 )


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dipati Ukur tokoh sajarah atawa sastra Bagean 1

Posting Komentar