Bentuk Atap Gedung ITB Bahasa Sunda

Dijual Buku Antik dan Langka






Nepi ka kiwari loba nu boga sangkaan yen gedung ITB (Institut Teknologi Bandung) di Jalan Ganésha Bandung mangrupa gedong nu nyonto atawa niron modél imah asli urang Minangkabau, ari saenyana bangunan-bangunan ITB téh modél imah Sunda asli nu disebut "Julang ngapak."

Numutkeun Prof.Dr.D.A Tisnaamijaya (rektor ITB), di museum pusat Jakarta aya catetan nu di beundeul eusina ngeunaan modél imah-imah penduduk asli nu aya di Indonesia meunang ngumpulkeun ahli-ahli museum jaman Belanda ti awal abad ka-20 kénéh.





Salah sahiji modél anu keuna pikeun ngawakilan upama kudu kitu némbongkeun model imah Sunda asli nya éta modél Julang Ngapak, ieu téh mangrupa modél rumah adat anu ya di daérah Wanaraja dina ahir abad ka-19.


Nurutkeun Guru Besar bangsa Walanda ku Prof. Dodi dina taun 50'an, modél luar ITB nu ayeuna katingali téh gaya atawa modél Minangkabau, tapi gaya Sunda asli anu disebut Julang Ngapak. Hateupna dibagi dua bagian nya éta bagian luhur jeung bagian handap kénca-katuhuna mangrupa jangjang.




Salian ti modél Julang Ngapak, di musium Jakarta ogé aya nyonto wanguan Sunda asli anu nurutkeun itungan ahli bangunan kacida luhur ajénna, ieu wangunan mangrupa model Losmén (Sundanese hostel), boh modélna boh dina ngabagi-bagi rohangana luhur ajén.

Nurutkeun Prof.Dodi, kacida gedé mangfaatna upama modél-modél wangunan Sunda asli anu aya conto-conto di Musium Jakarta, anu némbongkeun kabudayaan Sunda aya duplikatna pikeun disimpen di Kota Bandung sabagé Pusat Kabudayaan Sunda.

 Tina : Koran PR.17-4-1975.





Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Bentuk Atap Gedung ITB Bahasa Sunda

Posting Komentar