Dongeng Sunda Sasakala Batu Gede Tasikmalaya Bagean 2

Dijual Buku Antik dan Langka






Sang Prabu Adilaya saparantos ngababatang lantaran ditelasan ku Tjahya jeung Karembong Hapa ,ngajelepeng keneh di luhur taneuh henteu terus dikurebkeun,sabab istri-istrina ngaraa bingung kudu dimana ngurebkeunana supaya supaya ulah kapanggih ku sasaha. Saterusna eta layon digarotong kana tanggungan mimitina mah dibawa ka beulah kulon,tapi lantaran kaburu bijil panon poe, niat re rek ngubur lebah dinya teh henteu jadi, tempat eta ayeuna katelah Cipajaran. Masih anggger ka belah kulon tapi rada mengkol saeutik di hiji tempat tanggunganana potong terus disambung deui,nya tempat eta pisan nu ayeuna disebut Sambong Hilir.

Kalawan teu ngarasakeun kacape layon teh terus ditatanggung mus-mus potong deui tuluy disambung deui. Kitu jeung kitu wae saterusna, nepi ka hiji waktu tanggunganana potong deui,ngan ayeunamah tanggunganana potong teh disambung ku taneuh Wewengkon eta kiwari disebut Mangkubumi. Kulantaran ngarasa masih keneh teu aman, layon Prabu Adilaya terus keneh dibawa ka Cibanjaran mapay-mapay sisi walungan. Nu ahirna nepi kasisi rawa nu ditengahna aya puloan (nusa). Nya ditempat didieu pisan pangemutna tempat nu pang amanna pikeun ngurebkeun layon carogena teh. Ayeunna tempat ngurebkeun ieu layon teh katelah Situ gede.

Kacaritakeun nu jadi pangiringna. Sagolong jeung Siliwati,manehna boga sangka yen Prabi Adilaya keur ngalakonan puasa jeung tirakat nepi katingalina lungse pisan aya dina tanggungan. Tapi ahirna eta pangiring teh nyahoeun yen Prabu Adilaya geus pupus tingggal layon ku lakuna istri nu kadua. Keur nyumputkeun kalakuan goreng supaya ulah kanyahoan ku sasaha,harita oge pangiring satia Prabu Adilaya dipaehan deui wae. Nya di pulo eta pisam 3 layon. Raja jeung pangiring-pangiringna dikubur di saliangkeun pisan.

Sarengsena ngubur mayit ahya Karembong papisah jeung Bondang Hapa. masing-masing ngabarogaan tujuan sewang-sewangan. Ari Bondang Hapa nuluykeun ka gunung Goong. Tetep tumetep di eta tempat nepi ka maotna,Ari Cahya Karembong nuluykeun lalampahanana ka Bantar,oge bumen-bumen di tempat eta pisan,Dewi Cahya Karembong dimakamkeunana oge di Astana gede.

Kocapkeun di karajaan Sumedang ibuna Prabu Adilaya ngaraos tugenah manah ku kalamian teung nu janten putra ngantunkeun lemah cai ngalap elmu pangaweruh ka Mataram. Kamelang ieu teh dicarioskeun ka putrana nu bungsu supados nyusul Prabu Adilaya parantos mulang ka Sumedang malah bari disarengan ku putrana Dewi Cahya Karembong nu geus jadi garwa Prabu Adilaya.

Satampina katerangan ti Kyai Jawa Raga,utusan ibuna mulang deui ka Sumedang bari ditekadan baris nyukcruk laku mapay raratan anu jadi raka. Ti sabrangna indit nepi ka wewengkon Cikunir,anjeunna katarik ku saembara nu diayakeun di eta Nagara,yen sing saha nu bisa newak singa bakal jadi mantu raja. Ceuk ujaring carita sang putra bungsu ngiring saembara sarta hasil newak singa teh.,malah singana nepi ka teu bisa walakaya. Nya tiharita eta tempat disebut Singaparna. Nyambung kabagean 3 baca salajengna .....
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Sasakala Batu Gede Tasikmalaya Bagean 2

Posting Komentar