Dipati Ukur Tokoh Sajarah Atawa Sastra Bagean 5 Tamat

Dijual Buku Antik dan Langka


DIPATI UKUR SAJARAH ATAWA CARITA SASTRA?


Sambungan ti bagean 4.

Geus jadi kabiasaan anu dicekel pageh dina alam harita ieu kalungguhan Bupati teh dicepeng ku putra putu Bupati munggaran di eta kabupaten sacara turun-tumurun. Tapi timimiti abad XIX Masehi gunta-gantina Bupati-bupati di Priangan leuwih gede ditangtukeunana ku pamarentah Hindia Walanda ti batang ku Bupati atawa kulawarga Bupatina sorangan. Malah mindeng kajadian nu diangkat Bupati di hiji kabupaten lain ti turunan Bupati munggaran di eta hiji Kabupaten,saperti contona R.A. Tanubaya jeung R.T.Patrakusumah. (1773-1789) di Sumedang,R.A. Suryalaga di Sukapura (1811-1813). R.A.Supraja (1806-18..) jeung Pangeran sutawijaya (1811) di Gal,kitu deui R.A.A. Martanagara di Bandung (1898-1918).

Ku ayana eta hal timbul kakurang tengtreman di kalangan,babakuna upama nyanghareupan rek ganti Bupati atawa ayana aturan anyar. Ku sabab kitu teu matak heran lamun unggal labupaten jeung unggal kulawarga Bupati (Bupati ku anjeun) ihtiarsatekah-polah mertahankeun hakna (kalungguhanan) masing-masing. Nya timbul suasana balap (saingan) antara kabupaten-kabupaten dikalangan kulawarga Bupati. Salian ti eta aya oge anu silih deukeutan ku ara hubungan pertikahan antara kulawarga-kulawarga Bupati.

Dilimbangan,upamana,kungsi kajadian waktu kalungguhan Bupati kosong (abad XIX),kulawrga Bupati Sumedang jeung kulawarga Bupati Sukapura ngasongkeun pancakakina masing-masing ka pamarentah Hindia Walandabari dibarengan ku usul yen turunanana anu leuwih hak nyalikan eta kalungguhan Bupati Limbangan. ara sejen pikeun mertahankeun hakna masing-masing nya eta ku nulis "sajarahna" masing-masing.

Carita Dipati Ukur oge dina sababaraha naskah dikarang kalawan maksud nguatan hak nyekel kalungguhan Bupati di daerah nu ngaluarkeun eta naskah atawa pikeun lingkungan kulawarga nu ngarang.

Sawangan sim kuring,kadudukan kabupaten-kabupaten di Priaangan jeung kaayaan masarakat lingkungan Bupati (nu ngarang carita Dipati Ukur)  katut tuwuwuhna-kakawasaan Kumpeni/pamarentah Hindia Walanda,ieu teh milu mangaruhan kana gambaran tokoh-tokoh Dipati Ukur dina naskah-naskah Priangan anu beda-beda tea.

Tina sagemblengna pedaran di luhur bisa nyokot kacindekan-kacindekan:
1. Mun didasarkeun kana sumber-sumber anu nyata jenengan tokoh Dipati Ukur henteu kacatet sajarah,ku kituna lain tokoh sajarah. Tapi henteu kacatetna jenengan Dipati Ukur lain hartina euweuh tokoh anu nyekel kadudukan dina kajadian-kajadian anu dicaritakeun dina carita Dipati Ukur. Sabab tetela pisan kajadian-kajadianana mah bener-bener mangrupa sejarah.

2.Nurutkeun pereleanana waktu kajadian (kronologis) jeung galurna carita memang carita Dipati Ukur bisa digolongkeun kana sajarah (narratiye history) dina wangunan tulisan sajarah.

3.Gambaran tokoh Dipati Ukur kiwari geus leuwih condong jadi gambaran tokoh sastra ti batan tokoh sajarah. Babakuna lamun maca buku Dipati Ukur wedalan Bandung.

4.Bedana gambaran tokoh Dipati Ukur aya hubunganana jeung (kapangaruhan ku) pribadi nu ngarangna,kaayaan masarakat waktu eta karangan ditulis. Tamat. 
                                                                                                    Bandung,6 Februari 1976.

Tina:koran Kudjang.Jumaah 26 Maret.1976.Taun ka XXI no.982.


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dipati Ukur Tokoh Sajarah Atawa Sastra Bagean 5 Tamat

Posting Komentar