Dongeng Sunda | Carita Kolot Jaman Baheula

Dijual Buku Antik dan Langka


sukabumi baheula
Stasion kereta api Sukabumi taun 1900

 

Cacandran/Ramalan Kolot Baheula
Geuning aya Paribasa, lauk buruk milu mijah, piritan milu endogan, tah ku milu mijahna eta sugan bae milu jadi endog.

Jaman simkuring keur budak,jeung babaturan ulin pada budak, lalaki awewe, di buruan imah sok kakawihan kieu basana :


"Ayang-ayang gung, gung
goongna gede, bedug nga
durdurduran tangara 
jumeneng ratu menak 
tarunggang kuda, nu tunggang
para Bupati, maju ka wetankeun mapag 
ki mastanu, nuduhkeun jalan,
malik ngulon deui, barina dibilang ti hiji
nepi ka tujuh, katujuhan Ratu Adil,
catur karuhun nu katelah Ratu Sunda,
ngalih tempat, asal cutak jadi Nagri Palabuhanratu"

Sabada kakawihan sepuh sasauran, saurna:


"Barudak jaga mah eta kakawihan maraneh teh bakal aya buktina, sabab disadunya sabab henteu aya palabuhan nu dingaranan Palabuhanratu, lain ti urang Sukabumi, sabab eta teh awisan, jaga bakal dicalikan ku Ratu Sunda lilana tilu taun, sabada tilu taun kersaning Gusti Maha Kawasa bakal aya parubahan alam" (Wallaahu'alam).

Di Palabuhanratu aya tempat nu dingaranan Sakawayana, eta teh sasakawali, di dinya ayana di Sakawayana jaga bakal aya gedong anu gede sarta luhur sagala-galana sapasang jeung nu aya di Batawi (Jakarta) ayeuna : Ka Mekah oge jaga mah ti Palabuhanratu.

Salajengna sepuh sasauran deui ieuh !! barudak jaga teh dimana Pulo Jawa geus lesot ti Walanda anu bakal ngaganti jadi raja teh bangsa urang ti Jawa, eta teh pirajaeun teh ayeuna oge geus aya umurna kakara tujuh taun, sarua jeung umur hidep bari nunjuk ka simkuring jeung teh sasama umur.

Tah dimana eta jalma geus jadi Raja,bakalna nagara jeung agama ruksak, sabab agama Islam dipulo Jawa teh asalna ti Jawa Wetan maju ngulon ka Banten, jadi jaga ruksakna oge Wetan heula.


Bakal aya endog kongkorongok. (Siloka-ilmu suluk).
Duit bakal diganti ku balok tapi duitna sehat.
Budak sakola oge bakal milu ngurus nagara.
Ari soldadu lain ara ayeuna ngumpul ditanggal, tapi jaga mah bakal bacacar di lembur-lembur, terkadang saimah jeung urang.


Ari meong jeung monyet bakal ngumpul di kota, ari di Jampang mah ngan ukur hiji dua bae, meong jeung monyet pribumi. Apan ari meong kahakananna jelema, ari monyet pagaweanana tataekan ngala bubuahan bari ngarenyohan.


"Patali sareng umur simkuring parantos tunggang gunung (81 taun) kasehatan kaganggu sareng mung sakitu kasauran sepuh anu ka emut (kakuping) ku simkuring, leres henteuna kansangeman ka para pamaos nu ber-elmu tur wijaksana."  April 1971. Tina : koran Sunda Kujang Jumaah 2 Mei 1975.
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda | Carita Kolot Jaman Baheula

Posting Komentar