Sejarah Wayang Golek Bahasa Sunda

Dijual Buku Antik dan Langka



wayang golek
Pertunjukan wayang golek
di dekat Cirebon 1980'an



Asal Muasalna Wayang Golek
Lamun urang pareng ngabandungan pagelaran wayang boh dina radio atawa dipanglalajoanan, sok ka kuping galindengna kawih pasinden unina saperti:


'Kasenian kabudayaan'
'Titinggal karuhun urang'


Kumaha ari kasenian Wayang naha titinggal karuhun urang ...? Pikeun ngajawab ieu patarosan, bener atawa henteuna, tinangtu mikabutuh anu jembar. Di dieu urang cutat pamendak sareng pedaran para ahli tina bab wayang.

Numutkeun pedaran Bapa M. Wangsaatmaja dina gempungan para Dalang 1952 kaunggel : 'Kumaha asal-usulna nu mawi di urang (di P.Jawa) aya wayang ... ?ringkesna : Lalakon wayang asal ti India anu kitabna kosohor disebat Mahabharata karangan Abiasa. Leresan ieu poma entong lepat mangartos, sanes model wayang anu saperetos di urang ayeuna : di ditu mah mung dongengna wungkul anu kitabna pohara dipusti-pustina. Ditariru diconto didaramel misil, manawi ibarat urang didieu kana Al Qur'an.

Kitab Mahabharata tadi sadongkapna ka Pulau jawa ngahudang kana ngadaramelan wawayanganana anu kawit digambir dina daun lontar, teras dipintonkeun  dianggo propaganda ngaliarkeun agama Budha.

Dina ngawitan ngadegna Agama Islam, ieu kabudayaan Budha teh ku para wali didaramel padika digulang - gaper kalayan disampurnakeun katut tatabeuhanana : lalakon-lalakonna dilebetan jatining ka-Islaman.

Geura sindirna oge dina murwa disebatkeun sabada medarkeun aksara anu 20 (Ha-na-ca-ra-ka..sst).
   

metukakeun malih
Wianjana Wianjani
Wianjana: Sir rama, Wianjani :
Sir ibu.
Sir kangjeng rama tumiba mareng
Sir kangjeng ibu.
Tumiba malih ning kenya puri
kenya iku wewadah puri : keraton 

pundi kang diangg ge jejer ?
Keraton ... (Ngasti upa-mina)

Tah di dinya parantos rek tembong dunya sagir-na ......." 

Kitu numutkeun pamendakna Bapa M. Wangsaatmaja mah. Gelarna kasenian wayang teh sadongkapna Kitab Mahabharata, samemeh sumebarna agama Islam,anu kawitna digambar dina daun lontar. Asal Muasal Wayang Golek Baca berikutnya

Kumpulan Dongeng Sunda Si Kabayan Baca berikutnya 

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Sejarah Wayang Golek Bahasa Sunda

Posting Komentar