Dongeng Sunda Sasakala Talaga Warna Bagian 1

Dijual Buku Antik dan Langka


talaga warna
Talaga Warna Baheula



Sasakala Talaga Warna
Di lamping gunung Megamendung, teu tebih ti jalan anu ti Bogor ka Sindang-laya, aya situ hiang katelahna Talaga-warna. Sering pisan bangsa Eropa mah ngahaja sarumping ka dinya, ngaradon sukan-sukan bari ningali kaanehanana. Margi titingalian di sakurilingna eta talaga teu kinten saena, kakayonna anu garede ngararoyom ka sisi cai, pating runggunuk sapertos kenging ngahaja ngatur. kawuwuh hawana tiis, kawantos di luhur gunung.

Nanging ari bangsa urang mah teu warantuneun ngagadabah, malah awis aya anu ngahaja ngadon macangkrama borak-borak di sisi Talagawarna mah, margi sieun ku mamalana, pedah eta tempat dianggap sanget.

Ku sabrehan oge katingali geueumanana, pantes seueur dedemitna, caina ngagimbleng, sakapeung hejo, sakapeung jinggga, sakapeung semu koneng atanapi kayas. Eta margina nu mawi eta situ hiang disebat Talagawarna, reh caina sok gentos-gentos warnana.



Sasakala Talagawarna


Numutkeun cariosan sepuh urang Cianjur, nu mawi rupi caina sok robah-robah kitu teh aya sasakalana. Kieu dongengna:

Jaman baheula palebah dinya cenah aya nagara anu teu kinten ramena, gegek jelemana tur balaleunghar deuih. Anu jumeneng raja kawentar asih ka abdi-abdi, kagurnita kaadilanana, puguh deui ari kabeungharanana mah kakoncara ka mana-mana.

Kacarioskeun kangjeng rada kagungan putra istri mung hiji-hijina pisan, geulis taya tandingna, salira jangjing lenggik, rarayna ngadaun seureuh, keningna ngajeler paeh. waosna gula gumantung, panangan bentik ngagondewa.

Atuh ku ibu ku ramana sakalintang dipusti-pustina, dieugeuh didama-dama, estu saniskanten dipupujuhkeun, sakapalajna teu aja nu dipungpang.
Barang sang putri parantos yuswa opat welas taun, keur sumedeng rumaja putri, nindak kana turun amis cau, teu aya deui damelna unggal dinten ngan mesek salira, di karaton pipidangan, gentos-gentos panganggo, nu murub mubyar  ditabur inten widuri.

Midang teu aya musimna, ningkes panganggo anu wareuteuh siang-wengi, saneskanten kedah ningeang surupanana. Sareng salamina kedah ngaleuseuhan bae, teu kersa nganggo nu lusuh. Upami sinjang songket, atuh raksukanana kedah' suat emas pulas kajas, sumberna kedah berlian masung, pinggel belah rotan ditaretes inten, malah sanegul direka-reka kengine nusurup, parantos aya mban tukangna. Nyambung ka bagian 2. klik nu ieu...


Peristiwa Bandung Lautan Api Bahasa Sunda

Harita téh poe minggu, poé nu sakuduna mah dipaké reureuh sarta kumpul jeung kulawarga. tapi pikeun rahayat Bandung mah, kalahka riweuh. Sapoé saméméhna, pamaréntah urang di Bandung meunang ultimatum ti pihak tentara Inggris, eusina, pasukan-pasukan Tentara Republik Indonesia, katut nu séjénna, kudu ninggalkeun kota Bandung, paling elat tanggal 24 Maret 1946. Baca selengkapnya > 

Sejarah Bandung Dalam Bahasa Sunda

Sawarehna jalma-jalma kiwari nu sapopoe nyeuseup hawa Kota Bandung, kawasna bae langka anu daek nyawang hese-beleke ngadegkeun jeung ngawangun ieu kota.
Buktina aya keneh, mun teu rek disebut loba oge, anu apilain kana aturan-aturan enggoning ngamumulena.
Padahal memeh aya teh euweuh heula. Memeh jadi kota, leuweung heula. Memeh rame, tiiseun heula. Jeung memeh resik, ramijud heula. Baca selengkapnya > 

Biografi Oto Iskandar Dinata Si Jalak Harupat Bahasa Sunda


Kiwari urang boga salam nasional nu mangrupa pekik Merdéka bari nonjokeun peureup ka luhur. Salam anu ngagedurkeun sumanget para pahlawan bangsa dina mangsa revolusi fisik, enggoning ngarebut kamerdekaan bangsa Indonesia. Eta salam nasional téh diciptakeun ka Oto Iskandar Dinata, salasaurang pahlawan nasional nu asalna ti Tatar Sunda. Baca selengkapnya >
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Sasakala Talaga Warna Bagian 1

Posting Komentar