Dongeng Sasakala Talaga Warna Bagian 2 Tamat

Dijual Buku Antik dan Langka


Sasakala Talaga Warna
Sasakala Talaga Warna


Sasakaka Talagawarna bagian hijina klik nu  ieu ...>>

Ku ibu ku rama estu diayunkeun sakersana, kawantos ratu mukti salieuk beh. sayagi geusan ngumbruk-ngumbruk putra, anu sakitu dianggo kameumeutna.

Binangkitna putri kana ningkes panganggo parantos teu aya tandingna, jadi pamujian saeusi nagri ditiru ditarurutan ku istri-istri sadaya.

Ku margi ti mumurangkalih dibiasakeun ngaleuseuhan wungkul tea, sarene tinekesanana teu kenging pisan aya gesehna, lami-lami putri sering pusing galih, reh bingung kumaha nya pimodeleun, da anu parantos aya mah karaosna matak bosen, karaosna kieu teu surup,kitu teu surup. Damelna nangis ngurihit ka ibu ka rama, nyuhunkeun inten keur rarambu kekemben, sareng mundut berlian keur tabur raksukan, mundut jambrut keur papaes pajeng, sareng mundut deui rupi-rupi permata anggoeun ieu anggoeun itu pangwuwuh anu parantos aya.

Awitna mah pamundutna ku ibu ku rama tara aya anu dipogogan, najan barang anu langka, dibelaan ngadalak nimbalan mantri ponggawa milari ka unggal nagri. Atuh permata oge dugi ka parantos sababaraha peti geledeg, jabi sutra bangsa anggoan sipat nyamu.

Nanging lami ti lami, tina sanget kasengsrem ku tingkesan anu marodel tea, pamundut putri seueur pisan murkana, dugi ka ku ibu ku rama kapaksa sok dipondah, lantaran kamanah, yen mikahojong anu sarupi kitu mah henteu matak jadi papaes kapantesan.

Atuh sang putri sering bendu, pundung ka sepuh tina raosna asa dipungpang kahoyong,damelna kutuk gendeng, dugi ka wantun ngupat nyebatkeun medit, nyebat kurned, majar teu nyaah ka putra.

Dina hiji dinten putri sumping dumeuheus ka payuneun ibu rama diiring ku emban-emban, sakumaha biasa bade aya deui pamundut, reh kaangsonan ku mojang eusi pun. majar surup mawa sieup, upami tungtung, rambut unggal lambar digantelan ku mirah sareng widuri.

Ku kangjeng raja di.gumujengkeun, pamundut anu sakitu minculakna teh, disebatkeun murka kaleuwihan, ditung-tungan ku piwuruk. supados putra ulah katalanjuran teuing.

Nanging ujug-ujug jengket bae putri ti payuneun rama. nangis kanyenyerian bari teu tata pasini deui, wur bae permata anu dicandak harita ku anjeunna diawurkeun kana mastaka ramana. Gejlig putri ka latar,jamotrot bendu ka sepuh bari ngagantawang kieu: „Kop tah cokot deui anu owel mah dipake ku .... !!!


Ajaib pisan teu acan tutup putri sasauranana, ujug-ujug burial bae cai ngabulak-bulak ti tengah latar tea, leb karaton kakeueum, musna rupa nagara dadak sakala salin jinis ngajadi talaga.

Nu mawi caina ayeuna sok gentos-gentos rupi teh, nya eta dumeh kahibaran ku cahaja berlian sareng permata nu sanes, anu majak didasarna, tilas ngawuran mastaka kangjeng raja, ramana putri nu murka tea. *** Dicutat Tina : Dongeng-Dongeng Sasakala  Bale Pustaka-1958.

Peristiwa Bandung Lautan Api Bahasa Sunda

Harita téh poe minggu, poé nu sakuduna mah dipaké reureuh sarta kumpul jeung kulawarga. tapi pikeun rahayat Bandung mah, kalahka riweuh. Sapoé saméméhna, pamaréntah urang di Bandung meunang ultimatum ti pihak tentara Inggris, eusina, pasukan-pasukan Tentara Republik Indonesia, katut nu séjénna, kudu ninggalkeun kota Bandung, paling elat tanggal 24 Maret 1946. Baca selengkapnya > 

Sejarah Bandung Dalam Bahasa Sunda

Sawarehna jalma-jalma kiwari nu sapopoe nyeuseup hawa Kota Bandung, kawasna bae langka anu daek nyawang hese-beleke ngadegkeun jeung ngawangun ieu kota.
Buktina aya keneh, mun teu rek disebut loba oge, anu apilain kana aturan-aturan enggoning ngamumulena.
Padahal memeh aya teh euweuh heula. Memeh jadi kota, leuweung heula. Memeh rame, tiiseun heula. Jeung memeh resik, ramijud heula. Baca selengkapnya > 

Biografi Oto Iskandar Dinata Si Jalak Harupat Bahasa Sunda



Kiwari urang boga salam nasional nu mangrupa pekik Merdéka bari nonjokeun peureup ka luhur. Salam anu ngagedurkeun sumanget para pahlawan bangsa dina mangsa revolusi fisik, enggoning ngarebut kamerdekaan bangsa Indonesia. Eta salam nasional téh diciptakeun ka Oto Iskandar Dinata, salasaurang pahlawan nasional nu asalna ti Tatar Sunda. Baca selengkapnya >

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sasakala Talaga Warna Bagian 2 Tamat

Posting Komentar