Dongeng Si Kabayan Nyusul Bangsat

Dijual Buku Antik dan Langka

Si Kabayan
SI KABAYAN NYUSUL BANGSAT


Hiji bangsat maling munding nu mitoha Si Kabayan. 
Si Kabayan nyusul,make sendal da panas ti luhur ti handap. Ti kajauhan keneh geus katembong bangsat teh, keur nungtun munding. Si Kabayan bingungeun, kumaha piakaleunana sangkan eta munding kapimilik deui. Ari rek dipaksa direbut, teu wani. Turug-turug teu aya batur saurang-urangacan.
 
Tuluy manehna leumpang gancang, motong jalan jajahan megat pijalaneun bangsat. Sok manehna neundeun sendal sabeulah di pijajalaneun bangsat tea. Ti dinya, maneh na nyumput. Barang bangsat ngaliwat ka dinya, eta sendal teh dicokot ku si bangsat teh, tapi dilesotkeun deui.
 

Ti dinya Si Kabayan lumpat Maju ka hareup, sok neundeun sendal nu sabeulah deui di tengah jalan. Manehna nyumput deui di nu bala. Barang bangsat nepi ka dinya, tuluy dongko nyokot sendal bari semu mikir. Tuluy mundingna dicangcang keun kana tangkal kai, ari bangsatna balik deui ka tukang rek nyokot sendal nu tadi dilesotkeun deui tea. Sabot bangsat keur nyokot eta sendal, Si Kabayan gancang nyokot mundingna dibawa balik, salamet nepi ka imah mitohana. 

DONGENG SI KABAYAN HAYANG NYUSU klik nu ieu ...
DONGENG SI KABAYAN ENDOGAN klik nu ieu ...
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Si Kabayan Nyusul Bangsat

Posting Komentar