Kumpulan Bobodoran Sunda Nu Mabok

Dijual Buku Antik dan Langka






Sanggeus meakeun minuman keras 2 galon, Si Lalaki anu diuk di juru warung ngajorowok bari ngagedor meja :

+ Ceu, cing menta endog dua siki ... !!!

- Bade dikulub atanapi bade digoreng kang ... ?

+ DEK DIHAKAN ATTAHHH ... !!!



Ngitung Sorangan
Patugas : Sabaraha ayeuna yuswa Nini ?
Nini : Ah ukur béda lima taun jeung Si Aki mah.
Patugas : Ari yuswana aki sabaraha?
Nini : Ari Ujang téh kumaha? Pan ceuk Nini ogé tadi ngan béda lima taun. Itung wé atuh sorangan ! 



Hapé Canggih
Bapa : Jang, pangmencétan­keun tonggong bapa !
Ujang :  Teu usum dipencét Pa, ayeuna mah usumna anu di­sentuh.


Kabeurangan
Tono muka panto kelas …
Tono : Punten bu, abdi kasiangan. 
Guru : Nya teu nanaon, tutup wéh pantona.
Tono : Haturnuhun, buu ...
Geblug panto kelas nutup, tapi euweuh nu asup da Tono mah balik deui ka imah.
Guru : Har! (colohok kana panto)



Kapal Selam
Guru : Ari Udan téh ngagambar naon mani saé-saé teuing ?
Udan : Kapal selam Bu Guru.
Guru : Mana kapal selamna? Geuning ieu mah gambar laut ?
Udan : Ari Bu Guru, di mana-mana ogé kapal selam mah di jero laut. Moal katingali atuh! 
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Kumpulan Bobodoran Sunda Nu Mabok

Posting Komentar