Carpon Sunda Tina Buku Bahasa Sunda Taman Pamekar Jilid 2 Caang Bulan

Dijual Buku Antik dan Langka

buku bahasa sunda taman pamekar jilid 2
Taman Pamekar jilid II


Aman sabatur - batur marulan di buruan 

Bada Magrib Aman geus disalampeur ku babaturanana. Rék marulan cenah.

Harita téh tanggal 13. Ti beurang, kénéh geus baradami rék galah. 

Bulan geus rada luhur,caangna ngempray nyaangan sakuliah alam.


"Galah mah acan jangkep," ceuk Aman, "urang blag sosi baé heula, bari ngadogoan Uha. "


"Enya yu ! Blag sosi baé !" ceuk babaturanana.


Berebet Aman lumpat ka dapur, dituturkeun ku Uha Teu lila geus, jol deui marawa lebu sarawu séwang. Tuluy nyarieun kalang.


"Saha hada mu daek jadi ucing ?" cek Aman.

"Ambeh adil mah mending suten baé," témbal babaturanana.

Kabeneran Udi nu jadi ucing. Barudak patarik-tarik lumpatna méh kabéh arasup kana buleudan nu gedé. Ngan Oma anu kana buleuedan leutik teh Udi ret ka katuhu, rét ka kenca, bari mikir, mana heula anu rék ditépaan.

Tungtungna buleudan gedé nu dituju téh, susuganan aya nu lumpat kana gandok leutik, cek pikirna. Udi ngurilingan kalang, gancang pisan lumpatna, bari leungeunna raragamangan kana jeroeun kalang.


Barudak téh bereyek ka ditu, bereyek ka dieu, pada sieun katoél, bari teu eureun saleuseurian. Berebet Oma jeung baturna duaan lalumpatan kana gandok leutik.


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Carpon Sunda Tina Buku Bahasa Sunda Taman Pamekar Jilid 2 Caang Bulan

Posting Komentar