Paribasa Sunda
Bagian (A)
Atung Eneh Atung Eneh

Dijual Buku Antik dan Langka



paribasa sunda
PARIBASA SUNDA


Abang-abang lambe<>Beureum biwirna wungkul,ukur keur ngeunahkeun hate nu sejen.

Abong biwir teu diwengku<>sagala dicaritakeun teu jeung jeuejeuhan.

Adam lali tapel<>poho ka dulur  (baraya),Tapel Adam(tempat dilahirkeun).

Adil palamarta<>kacida adilna.

Adean ku kuda beureum<>ginding ku barang meunang nginjeum.

Adat kakurung ku iga<>tabiat nu hese dirobahna.

Adigung adiguna<>sombong,boga rasa leuwih ti batur.

Agul ku payung butut<>ngagulkeun luluhur sorangan.

Akal koja<>pinter dina kagorengan atawa kajahatan.

Ajak Jawa<>ngajaktamba teu hade.

Aki aki tujuh mulud<>siga nu geus kolot pisan padahal ngora keneh.

Aku aku angga<>ngaku barang batur majar anu manehna.

Alak-alak cumampaka <>niru-niru (mapadani) saluhureun.

Alak paul<>tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.

Alus panggung alus laur<>hade ome  tegep dedeg pangadegna.

Ambek hate santa budi <>oleh hate,hade budi.

Ambekna sakulit bawang<>gampang pisan ambek.

Anak puputon<>anak nu kacida dipikanyaah.

Anjing ngagogogan kalong<>mikahayang pamohalan (mikahayang nu moal bakal kasorang).

Ari diarah supana, kudu dipiara catangna<>naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener bener.

Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed<>ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh.

Asa dijual payu ngungun dumeh nyorangan di panyabaan<>jauh ti indung bapa.

Asa ditonjok congcot<>meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep.

Asa ditumbu umur<>boga rasa kahutangan budi anu kacida gedena.

Asa nanggeuy endog beubeureumna<>kacida nyaahna.

Asa potong leungeun katuhu<>leungiteun jalma nu pohara hade galena.

Ati mungkir beungeut nyinghareup<>bohong,siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi henteu.

Aya bagja teu daulat<>arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.

Aya di sihung maung<>kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.

Aya jalan komo meuntas<>aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun.

Atung eneh atung eneh<>kitu-kitu keneh.

Aya jalan komo meuntas<>Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.

Aya jalan komo meuntas<>eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.

Aya nu dianjing cai<>Aya nu diarep-arep atawa digeroan.

Ayakan mah tara meunang kancra<>usaha ku modal leutik hasilna ge moal gede.

Ayeuh ngora<>tumerap kana turunan nu maraot ngora-ngora.

*** Bandung Tempo Dulu Berbahasa Sunda BACA BERIKUTNYA >>


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Paribasa Sunda
Bagian (A)
Atung Eneh Atung Eneh

Posting Komentar