Paribasa Sunda Bagian B Buncir Leuit Loba Duit

Dijual Buku Antik dan Langka



LEUIT DI INDIHIANG TASIKMALAYA JAMAN BAHEULA



Bangbang kolentang <> sagala euweuh,teu boga duit pisan.

Balik ngaran <> maot dipanyabaan /maot dipengperangan.

Balungbang timur,jalangede sasapuan <> ikhlas beresih hate.

Bali geusan ngajadi <> tempat dilahirkeun.

Baleg tampele <> mangkat beger,wanitu kangeun,arihareupeun era keneh.

Balung kulit kotok meuting teu eureun eureun <> nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari.

Banda tatalang raga <> lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upama, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan waras.

Belang bayah gindi pikir <> boga pikiran goreng ka papada kawula.

Bengkung ngariung bongkok ngaronyok <> babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.

Beurat birit <> hese jeung sungkan dititah.

Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana <> narimakeun pisan kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali.

Beureum paneureuy seuseut batan neureuy keueus <> hese pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud.

Beak dengkak <> geus beak tarekah. 

Beak ka lebu-lebuna <> ledis,teu nyesa saeutik-eutik acan (hartabanda).

Beuteung anjingeun <> ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.

Bengkok tikoro <> teu kabagean dahareun ngeunah,lantaran telat datang. 

Bilih aya turus bengkung <> bisi salah pokpokanana.

Biwir nyiru rombengeun <> resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.

Boga sawah saicak <> boga sawah saeutik.

Bojo denok sawah ledok <> hirup senang lantaran boga bojo tegep,banda cukup.

Bobo sapanon carang sapakan <> aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.

Bobor karahayuan <> henteu rahayu (salamet), meunang kacilakaan atawa tiwas.

Bodo katotoloyoh <> taradaek tatanya.

Bonteng ngalawan kadu <> nu leutik ngalawan nu gede.
 
Bobot pangayun timbang taraju <> kabeh anu dipigawe kudu pinuh tinimbangan.

Buncir leuit loba duit <> Sagala cukup,taya ka kurang.

Borangan ku surak <> eraan dina gempungan jalmarea.

Buburuh nyatu diupah beas <> nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.

Budak olol leho <> pamoyok ka jalma ngora nu can boga pangalaman dina pagawean.

Buluan belut, jangjangan oray <> pamohalan kajadian.

Budi santri, legeg lebe ari lampah euwah euwah <> Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.

Buntut kasiran <> koret, medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbere.

Bungbulang tunda / tunda talatah <> lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah deui ka batur.

Buruk buruk papan jati <> ka sobat atawa ka baraya(dulur) mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh.

Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang <> ginding, loba pakean anu aralus dipake.

Batok kohok piring semplek <> paparabotan anu euweuh hargana.

Batur ngaler ieu ngidul <> lain-lainna deui jeung nu keur diomongkeun ku batur. 

Bluk nyuuh blak nangkarak <> kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Paribasa Sunda Bagian B Buncir Leuit Loba Duit

Posting Komentar