Paribasa Sunda Bagian C | Cadu Mungkuk Haram Dempak

Dijual Buku Antik dan Langka


paribasa sunda
Kumpulan Paribasa Sunda 


Campaka jadi di reuma <> nu geulis  urang lembur teu pantes aya di pasisian.

Caringcing pageuh kancing <> taki-taki mageuhan tulak bisi aya bancang pakewuh.

Caang padang narawangan <> panganteb kana caang pikir.

Cai asa tuak bari, kejo asa catang bobo <> sagala teu ngeunah, kusabab loba pikiran atawa loba kasusah. 

Caang bulan dadamaran <> migawe anu teu perlu.

Cacag nangkaeun <>  henteu rata, henteu sampurna, henteu beres.

Cadu mungkuk, haram dempak <> sumpah, yen bener-bener embung.

Cangkir emas eusi delan <> omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi hatena jahat jeung matak bahaya ka urang.

Cara gaang katincak <> anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.

Cara bueuk meunang mabuk <> ngeluk bae,euweuh kahayang sabab era tawa sieun.

Cara jogjog mondok <> rarekcok bae, mani gandeng pisan.

Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung <>  kacida bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.

Cecendet mande kiara <> nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar.

Ceuli lentaheun <> sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan eta beja teh bener henteuna.

Cicing dina sihung maung Nganjrek <> di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.

Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok <> ku dileukeunan mah sakumaha hesena ge lila lila jadi bis.

Cileuncang mande sagara, cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung <> nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.

Congo congo ku amis, mun rek mais oge puhuna <> kumaha arek bageurna dinu jadi anak, lamun bapana henteu bageur.

Ciri sabumi cara sadesa <> beda tempatna, beda deui adat jeung kabiasaanana.

Clik putih clak herang <> rido ikhlas kaluar tina hate nu beresih pisan.
  



Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Paribasa Sunda Bagian C | Cadu Mungkuk Haram Dempak

Posting Komentar