Dongeng Misteri basa Sunda Munjung Ka Bagong

Dijual Buku Antik dan Langka



mung kabagong



Arta : " Naon ayeuna, Mang?"

Mang Uham,"Aya jalan enteng mana nu tadi cenah, ka Bawi, ngan jalanna poho deui, cék nu nyarita téh asana ti lebah palimanan méngkol ngalér. Gunung Bawi nelahna pamunjungan teh. Mun urang kadinya, biasa bae nepungan Kuncén heula. Anu-anuna sagala rupa diterangkeun ku Kuncen. Kawasna teu pati payu Bawi mah, da teu pati réa kacaritakeunana.

Balik ti pamunjungan urang panggih jeung babah cenah, Urang ulah asa-asa, pok pok baé ka babah teh nginjeum duit pimodaleun. Sabaraha baé dibéréna, tampanan ulah hayang leuwih. Lamun urang nawar hayang rada gédé meueusan, éta duit paméréna téa ari datang ka imah, leungit teu pupuguh. Ana geus kitu lapur, paéh kudu jadi bagong, balik ka Bawi, hanas beunghar henteu."

Arta : "Enya, mana ulah sok ngarawu ku siku,cèk kolot"

Mang Uham : "Heeh, kudu tarima kusaayana,cara urang."

Arta : "Henteu Mang, kuring mah lain kitu,ulah ngarawu ku siku lain narima ku saayana."

Mang Uham : Heueuh sok ngagokan ih."

Arta : Moal ah, pék Mang tuluykeun, hayang nyaho gera mumunelna."

Mang Uham : "Duit ti babah tea datag ka imah kukusan. Dina jero tujuh poé ulah dipakè, tapi ti beurang kukusan, ti peuting kukusan. Sanggeus kitu sok paké balanja, beilikeun kana naon baè, engké  si duit teh datang deui. Tapi diwatesanan, dina sapoé teu meunang leuwih ti tilu kali dibeulikeunana sarta teu meunang dibeulikeun angger ka saurang. Tilu kali meulikeun kudu ka tiluan. Jadi lamun babah téa méré nginjeum satalén, dina poé ka hiji geus jadi sapérak, geura balanja meunang tilu taleneun, dina saku boga satalén, da duit balik deui tea. Beunang balanja jual ka urang, payu kabéh, batina gedé, meunang berekah ti babah. Jinisna pisahkeun, pimodaleun deui. Dina poe ka dua urang balanja tilu pérakeun, dina saku boga saperak, jadi boga modal opat pérak : poé katili urang balanja duawelas pérakeun, poe ka opat balanja 3 kali 16 pérak, poé kalima 3 kali 1024 pérak. Coba tina satalen dina tujuh poè geus jadi tili rèwu pèrak leuwih. Tapi tangtu ieu téh matak gehger. ku sabab éta panggedé-gedéna nu meunang téh ngan saketip, tapi langka pisan nu untung kieu téh, galibna mah sapésér atawa sasén, kalan-kalanaya ogè nu meunang sabenggol.

Coba itung dina sabenggol dina tujuh poè tadi sabaraha, lain jadi opat ratus perak ? Matak kabita, nya! Ngan eta waé horéam jadi bagongna engké.
Geus liwat tujuh poé mah, kuma karep urang ngaluarkeun modal, asal ulah leuwih ti tilu kali sapoéna jeung ulah matak géhgér. Sataun sakali dina poéan munjung urang ka Bawi, mulangkeun modal, sokna ka kuncén."

Wirja : "Bener Mang, matak kabita étah, téréh, beungharna."

Arta : " Mun mang Uham ka ditu mah, kuring gé édék."

Mang Uham : "Jor waé sorangan, entong nuturkeu-nuturkeun ka batur."

Arta : "Keueung Mang, ari sorangan mah."
Mang Uham: "Entong boga kahayang ari haté nyingciringik kitu mah."

Arta : " Enya Mang, moal lah. "Mang Uham:" Heueuh, enggeus wae macul."

Wirja : " Naha nu munjung ka bawi henteu disebut ngopet?"

Mang Uham : "Henteu,da henteu cedik".
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Misteri basa Sunda Munjung Ka Bagong

Posting Komentar