Kumpulan Paribasa Sunda

Dijual Buku Antik dan Langka


Kumpulan Paribasa Sunda

Nanggung bugang > Ditinggalkeun maot ku lanceuk jeung ku adi.

Nangkeup mawa euyeub (eunyeuh) > Mawa cilaka ka nu dipentaan tulung.

Nangtung di kariungan, ngadeg di karageman > Kumpulan barempug (ragem), musawarah.

Nembongkeun sihung > Nembongkeun kapunjul (kakawasaan,kabeungharan, kapinteran) dirina sangkan dipikaserab atawa dipikasieun batur.

Neneh bonteng > Ngogo ka budak, tapi ari ambek gampang neunggeul.

Naheun bubu pahareup-hareup-Pahutang > Hutang nepi ka pada kagok nagih (pihutangeun).

Najan dibawa ka liang cocopet, moal burung nuturkeun > Dibawa ka mana-mana oge daek (awe we ku salakina).

Nepakeun jurig pateuh > Mindahkeun kagorengan ka batur sangkan sorangan salamet.Nete akar ngeumbing jangkar > Seseleket ka nu hese, nyorang wewengkon anu rumpil.

Nete porot ngeumbing lesot > Sagala ihtiar teu hasil.

Nete semplek nincak semplak > Kitu salah kieu salah; sagala rupa ihtiar teu hasil.

Nete taraje nincak hambalan > Kudu merenah, kudu puguh pereleanana (ti handap heula).
Nepak cai malar ceret > Ngagunakeun akal, supaya batur nyaritakeun perkara anu ku urang keur ditalungtik.

Nepak dada > Ngagulkeun jasa diri sorangan.

Nepi ka nyanghulu ngaler > Nepi ka paeh.

Nepi ka pakotrek iteuk > Nepi ka pakokolot pisan (nu awet lakirabi ti keur pada ngora).

Nepung-nepung bangkelung > Ngaraketkeun babarayaan ku jalan bebesanan.

Neukteuk curuk dina pingping > Nyilakakeun baraya atawa batur sagolongan.

Neukteuk leukeur meulah jantung, geus lain-lainna deui > Teu hayang dibalikan deui (awewe ka urut salakina).

Neukteuk mere anggeus > Mutuskeun hubungan.

Neundeun hate > Aya kahayang nu henteu dikedalkeun.

Neundeun piheuleut nunda picela > Neangan lantaran supaya jadi goreng atawa bengkah.

Ngabejaan bulu tuur > Ngabejaan perkara nu geus teu aneh keur nu dibejaan, da geus nyahoeun.

Ngabeungeutan > Nembongkeun kagetolan jeung kasatiaan dina mimiti kumawula wungkul.

Ngaboretekeun liang tai di pasar > Nyaritakeun rasiah sorangan nu matak aeb.

Ngabudi ucing > Kawas nu teu karep, api-api teu hayang, padahal ngadagoan batur bongoh.

Ngabudian > Nembongkeun pasemon ngewa, buad-baeud.

Ngabuntut bangkong > Teu bisa mere katerangan nepi ka eces pisan, atawa teu sanggup nganggeuskeun pagawean.

Ngaburuy > Nginum cai wungkul bari teu make lalawuh (upamana semah nu teu disuguhan kadaharan).

Ngacak-ngebur > Mangpang-meungpeung sabab sagala geus nyampak.

Ngadagoan belut buluan (sisitan), oray jangjangan > 
Moal kaalaman, mustahil kajadian.

Ngadagoan kuda tandukan > Ngaharepkeun perkara nu mustahil bisa kajadian.

Ngadagoan uncal mahpal (mabal) > Ngadagoan rejeki bari teu ihtiar.

Ngadago-dago (nganti-nganti) dawuh > Tereh maot.

Ngadaweung (ngalangeu) ngabangbang (ngawangwang) areuy (tineung) > Ngadaweung bari kawas nu jarauh panineungan.

Ngadek sacekna, nilas saplasna > Nyarita satarabasna, teu direka.
Ngadeupaan linear > Karalang-kuriling deukeut imah nu keur hajat (sidekah) ngarah diaku atawa diondang.

Ngadu angklung > Parebut omong atawa parea-rea omong nu taya gunana

Ngadu bako > Ngobrol ngaler-ngidul bari teu puguh jejerna.

Ngadu-ngadu rajawisuna > Ngahudangkeun amarah batur ngarah parasea.

Ngagandong kejo, susah nyatu > Loba titaheun ngan hanjakal ku hese nitahna, lantaran euweuh nu daekeun.

Ngagedag bari mulungan > Nanyakeun hiji perkara anu manehna sorangan teu nyaho jawabanana, susuganan bisa terus nyaho tina jawaban ti anu ditanyana.

Ngahihileudan > Ngahalang-halang jadina hiji perkara ku jalan ngagogoreng, nyingsieunan atawa mitenah.

Ngahuntu kala > Paselang nu luhur jeung nu handap dina jajaran.

Ngahurun balung ku tulang > Jelema nu diuk bari nangkeup tuur lantaran keur susah atawa keur bingung.

Ngajeler paeh > Ngajepat alus (halis).
Ngajerit maratan langit, ngoceak maratan mega (jagat) > Ngajerit tarik pisan.

Ngajual jarum ka tukang gendong > Niat nipu ka nu pinter,

Ngajul bentang (bulan) ku asiwung > Mikahayang nu pamohalan bisa kalaksanakeun.

Ngalalakon Nyieun peta nu matak ngahesekeun.

Ngalambang sari > Awewe atawa lalaki nu geus boga salaki atawa pamajikan ngalakukeun hubungan  jinah.

Ngalamot curuk > Teu beubeunangan, teu hasil.
Ngalap hate > Ngagenahkeun hate batur sangkan nyaaheun ka urang.

Ngalenghoy lir ma can teu nangan > Awewe nu leumpang ngalenghoy atawa ngalanggeor.

Ngaletak ciduh > Teu tulus atawa ngabatalkeun omongan.

Ngalebur tapak (dosa) Ngaleungitkeun lampah goreng, supaya migawe nu hade.

Ngalegokan (ngajeroan) tapak > Nambahan kasalahan atawa dosa.

Ngaleut-ngaleut (ngeungkeuy) ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang > Iring-iringan nu panjang naker.
Ngaliarkeun taleus ateul > Resep ngucah-ngaceli kagorengan batur.

Ngalingling ngadeuleu maling > Nenjo bari susulumputan da embung kanyahoan ku nu ditenjo atawa ku batur.

Ngalintuhan maung kuru > Neangan pibahayaeun.

Ngalungkeun kuya ka leuwi > Nempatkeun jelema (pagawe) ka lemburna sorangan.

Ngan ukur saoleseun > Ngan ukur keur kaulinan atawa keur saheulaanan, lain rek enya-enya dijieun pamajikan nu bener.

Ngandung hate > Ngunek-ngunek, boga hate goreng hayang males kanyeri; rasa teu ngeunah dina hate anu can leungit-leungit.

Nganjuk kudu naur, ngahutang kudu mayar > 

Pihutang, tagihan, sabalikna tina hutang-hatong.

Nganjuk teu naur, ngahutang teu mayar > Ngajeblug.

Nganyam samak neukteukan bari motongan > 

Neang anak ngadeukeutan popotongan.

Ngarah ngarinah > Ngarugikeun batur ku jalan ngabobodo, nipu,jste.

Ngarah sahuap-sakopeun > Usaha leuleutikan, neangan rejeki saharitaeun.

Ngaraja dewek > Marentah nagara nurutkeun kahayang sorangan.

Ngarangkay koja > Robah adat, tina hade kana goreng, ngan henteu ngadadak, tapi lila.

Ngarawu ku siku > Hayang loba panghasilan ku rupa-rupa usaha nu tungtungna teu kaurus, sabalikna tina karawu kapangku.

Ngareuntaskeun (ngarangkaskeun) dungus > Kalaksanakeun
ngawin kabogoh ti keur ngora dina umur pakokolot.

Ngarujak sentul > Nu keur paguneman pahare-hare, batur ka kidul ieu ka kaler.

Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam > Mere maweh ka deungeun-deungeun ari ka baraya joledar.
Ngawurkeur\wijen kana keusik > Pagawean nu mubadir.

Ngeplek jawer ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri > Kecing,borangan, elehan.
Ngebutkeun totopong > Ngetrukkeun elmu-pangabisa.

Ngeduk cikur kudu mihatur, nyokel jahe kudu micarek, ngagegel kudu bewara > Kudu menta idin heula ka nu bogana.

Ngegel curuk (basa Sunda kamalayon tina menggigit jari) > Teu beubeunangan, teu hasil.

Ngembang awi > Ngeumbreuk, teu laku dagangan (asal tina eumbreuk).

Ngembang bako > Bosongot (asal tina bosongot).

Ngembang bolang > Ancal-ancalan keneh, tacan ceuyah bubuahan (asal tina ancal).

Ngembang boled > Tetela (asal tina katela).

Ngembang cau > Jantungeun (asal tina jantung).

Ngembang cengek > Mencenges, nenggang ti nu sejen, nu geulis (asal tina pencenges).

Ngembang genjer > Gelenye (asal tina gelenye).

Ngembang jaat > Jalingeur (asal tina jalingeur).

Ngembang jambe > Kumayangyang (asal tina mayang).

Ngembang jambu > Lumenyap (asal tina lenyap).

Ngembang jengkol > Merekenyenyen (asal tina merekenyenyen).

Ngembang kadu > Olohok (asal tina olohok).

Ngembang kaso > Curiwis (asal tina curiwis).

Ngembang laja > Jamotrot (asal tina jamotrot).

Ngembang lopang > Nyacas (asal tina cacas).

Ngembang pare > Baringsang (asal tina ringsang).

Ngembang tiwu > Ngabadaus (asal tina badaus).

Ngembang waluh > Alewoh (asal tina alewoh).

Ngembang wera > Beureum beungeut lantaran ambek atawa era (asal tina wera).

Ngembat-ngembat nyatang pinang > Kacida panjangna, iring iringan, aleutan.

Ngepung meja > Dariuk sakurilingeun meja, rek dalahar.

Ngeunah angen ngeunah angeun > Senang hate (taya kasusah) jeung ngeunah barangdahar.

Ngeunah Eon teu ngeunah > Ehe Hayang ngeunah sorangan bae, teu ngingetkeun kaperluan batur, teu adil lantaran nu sapihak pinter kodek.

Ngeunah nyandang ngeunah nyanding > Hirup senang lantaran cukup pake jeung nyandingkeun pamajikan nu satia.

Ngeundeuk-ngeundeuk geusan eunteup > Neangan akal pikeun nyilakakeun dunungan.

Ngeupeul ngahuapan maneh > Mere nasehat atawa nyieun aturan kalawan maksud nguntungkeun sorangan.

Ngindung ka waktu, ngabapa ka mangsa > 

Nyurupkeun kalakuan kana kaayaan jaman.
Ngijing sila bengkok sembah > Teu satia ka dunungan.

Ngimpi ge diangir mandi > Palias, bararaid teuing, kacida teu panujuna, teu (tarima) meueus-meueus acan.

Ngingu (ngukut) kuda kuru, ari geus lintuh (gede) nyepak > Miara atawa ngamemenan jalma walurat, ari geus senang jadi cucungah.

Nginjeum sirit ka nu kawin > Nginjeum barang (parabot) anu keur dipake ku nu bogana, jeung ngan sakitu-kituna.

Ngodok Hang buntu > Geus hese cape, ari pek teh teu hasil sabab aya nu ngahalangan.

Ngomong(na) sabedug sakali Arang ngomong.

Ngorbankeun jiwa jeung raga > Ngorbankeun sagala rupa nu dipibanda, sanajan nepi ka nyawa pisan.

Ngotok ngowo > Cicing bae di imah, tara liar.

Ngudag-ngudag kalangkang heulang > Ngarep-ngarep perkara anu samar kalaksanakeun.

Ngukur baju sasereg awak > Hirup saeukeurna, dina papait jeung mamanis teu daek pacorok jeung batur.

Ngukur ka kujur nimbang ka awak > Diluyukeun jeung kaayaan atawa pangaboga.

Ngulit bawang > Ipis, henteu terus kana hate.

Ngusap birit bari indit > Ninggalkeun pasamoan tanpa pamit heula.

Ngusik-ngusik ula mandi, ngobah-ngobah (ngahudangkeun) macan turu > Ngagugat-gugat perkara nu geus kaliwat, sarta nu temahna matak nimbulkeun deui pacogregan.

Nikukur >Nyebut ngaran sorangan ka nu anyar pinanggih.

Nilik bari ngeusi > Babanda ngumpulkeun parabot imah henteu disakalikeun, tapi ditungtut saeutik-saeutik.

Nimu luang tina burang > Meunang pangalaman lantaran cilaka heula.

Nincak parahu dua > Migawe dua perkara anu upama teu bisa bener, gede atawa aya bahlana; digawe ngarancabang (biasana tara bener hiji-hiji acan).
Ninggalkeun hayam dudutaneun > Ninggalkeun pagawean nu can anggeus.

Nini-nini dikeningan, ewe randa dihiasan > 

Ngararangkenan barang nu geus butut, najan dirias dihade-hade oge angger bae teu katenjo alus.
Nini-nini leungit sapeuting, tai maung huisan > Katuding pedah aya patalina jeung kajadian nu jadi perkara.

Nista, maja, utama > Sakali keun bae, dua kali dihampura keneh, ari katilu kali mah lain antepeun (urusan kagorengan).

Nongtot jodo > Geus aya anu ngalamar tapi bedo deui.

Noong ka kolong Leutik hate, pondok pikiran.

Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha > 

Nu nyieun kahadean dibales ku kagorengan.

Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan > Nu keur susah dipupuas atawa ditambahan kasusahna.

Nu burung diangklungan, nu gelo didogdogan, nu edan dikendangan > Anu gedebul dihaminan supaya tambah maceuh.

Nu geulis jadi werejit, nu lenjang jadi baruang > Nu geulis bisa jadi matak ngabahlakeun (ngabahayakeun) ka lalaki (salaki).

Nu titeuleum disimbeuhan > Nu keur cilaka dipupuas. Ilikan oge Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan.

Nuju hurup ninggang wirahma > Pasehat tur ngeunah laguna (nu ngaji).

Nulungan anjing kadempet (tiselap) > Nulungan jelema nu taya panarimana.

Numbuk di sue > Meneran keur sue sawatara kali.

Nunggul pinang > Geus teu boga baraya.

Nungtut bari ngeusi > Usaha ngulik elmu atawa ngumpulkeun rejeki saeutik-saeunk nepi ka aya buktina.

Nurub cupu > Ngarepok, sarua alusna.

Nutup lobang ngali lobang > Mayar hutang ku duit meunang nginjeum.

Nuturkeun indung suku > Leumpang sakaparan-paran, henteu puguh anu dijugjug.

Nya di hurang, nya di keuyeup > Boh di menak boh di kuring, wiwirang atawa kateungeunahan hate mah sarua bae.

Nya ngagogog nya mantog/Ngagogog bari mantog 1. Manehna nu nyieun surat, manehna oge nu nganteurkeun; 2. Nitah digawe ka batur bari jeung prakna ku sorangan.

Nya picung nya hulu maung > Hare-hare, batur ngaler ieu ngidul (jawaban atawa caritaan dina paguneman).

Nyaah dulang > Nyaahna ka anak ngan ngurus dahar pakena, hen­teu nguruskeun atikanana.
Nyaeuran gunung ku taneuh, nyaeuran sagara ku uyah > Mere atawa nambahan kauntungan (kakayaan) ka anu geus beunghar.

Nyaho lautanana > Nyaho karesep jeung kateuresepna.

Nyair hurang meunang kancra > Kabeneran meunang untung gede ku usaha leuleutikan.
Nyakrawati bahu denda > Marentah, ngaheuyeuk nagara.

Nyaliksik ka buuk leutik > Barangpenta atawa ngarah kauntungan ku rupa-rupa jalan ti rayat (dilakukeun ku pamingpin atawa kapala nu kadedemes).

Nyalindung di caangna > Ngahaja meres rayat (bawahan) supaya meunang kauntungan nu leuwih gede, ku jalan ngajual nga-ran pamarentah, pangagung, atawa dunungan.

Nyalindung ka gelung > Lalaki nu cicing, ari awewe digawe. Atawa lalaki teu boga, boga pamajikan ka nu beunghar.

Nyandang tatali > Ditalian atawa dibarogol lantaran boga dosa.

Nyanggakeun beuheung teukteukeun, tikoro gorokeun, suku genteng belokeun > Masrahkeun maneh pikeun dihukum lan­taran rumasa boga dosa.

Nyanggakeun buukna salambar, getihna satetes > Pokpokan lalaki nu nyerenkeun pamajikanana ka mitoha dina waktu nyerahkeun.

Nyanghulu ka jarian > Ngadunungan ka jelema nu sahandapeun martabatna.

Nyaur kudu diukur, nyabda kudu ditungang > Omongan kudu ditimbang-timbang heula bisi nyentug kana hate batur.

Nyecepo ka nu rarempo > Ngahinakeun ka jalma anu teu boga.

Nyekel sabuk milang tatu > Ngadu jajaten, gelut atawa perang.

Nyeri beuheung sosonggeteun > Geus lila ngadagoan nu kuduna geus datang.

Nyeri peurih geus kapanggih, lara wirang geus kasorang > Sagala dodoja hirup geus kaalaman.

Nyeungeut damar di suhunan > Nembongkeun kabeungharan ata­wa mere maweh ka deungeun-deungeun ngarah pamuji.

Nyeungseurikeun upih murag > Nyeungseurikeun batur padahal ku mariehna bakal kasorang.

Nyiar batuk pibaraheun, nyieun piheueuh > 

Neangan pipanyakiteun (pipaseaeun).

Nyiar teri meunang japuh > Meunang untung gede ti batan nu diharepkeun.

Nyiduh ka langit > Mapatahan ka saluhureun (pangpangna dina kanyaho atawa elmu).

Nyieun catur taya dapur > Ngarang carita teu puguh galurna.

Nyieun piandel > Ngatur carita bohong ngarah dipercaya.

Nyieun pucuk ti girang > Nyieun jalan pipaseaeun.

Nyiruan teu resepeun nyeuseup nu pait-pait > Kalumrahanana jelema mah teu resepeun cacampuran jeung nu miskin.

Nyiuk cai ku ayakan > Migawe (kalakuan) nu moal aya hasilna. Nyium bari ngegel Muji bari ngarepkeun dibere.

Nyokot lesot, ngeumbing porot > Sagala rupa ihtiar atawa tarekah teu hasil.

Nyolok mata buncelik > Ngalampahkeun naon-naon di hareupeun hiji jelema, kalayan maksud nganyenyeri kana hate eta jelema.

Nyolong bade > Siga bageur tapi jahat.

Nyoo gado > Ngunghak, ngaheureuykeun.

Nyukcruk leuwi malar cai, nyiar seuneu kundang damar > Nyusul-nyusul pituduh batur nu jauh gara-gara teu waspada ka nu nyampak di pribadina



Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Kumpulan Paribasa Sunda

Posting Komentar