Dongeng Sunda Dalem Boncel
Di tutugan Gunung Giriawas aya hiji lembur. Lembur leutik sarta nenggang, henteu gegek ngan opat-lima imah. Boh imah boh pakaranganana bararesih sarta raresik. Éta lembur katelahna Kandangwesi. Imah anu sajolan ti jalan, potongan garduh ngupuk, lain panggung maké kolong saperti nu lian. Anu bogana lain pituin urang dinya, tapi nu bubuara enggeus lila.
Di buruanana Éta imah rajeg lima-genep pangelatan manuk titiran laluhur, tihangna gombong saleunjeur-saleunjeur. Dina lebah saung kurungna maké papaés nanagaan dialus-alus, maké dicét sagala.
Di tepas imahna téa ogé rantuy kurung titiran: aya anu dicét beureum, aya anu diérmas, aya nu dirarawisan sarta digantungan tiiran-tiiran muté, éndah pisan. Manukna aya puluhna, balegér.
Méh unggal isuk waktu haneut poyan, anu bogana sok andekak dina babaléan di buruan, mani déngdék-déngkdék baé ngadéngékeun manuk anu keur ngarelak disarada patémbalan; bari ngagigirkeun cikopi lekoh ngebul, ngelepus udud.
Tampolana mun Si Pacar keur ngelak mah, lat poho kana ngenyot udud, da éta cenah lebar sieun kaliwat dina lebah lengketekungna.
Bujang-bujangna ogé sok nyalampeurkeun marilu nanggap sora manuk ngelak, ngayunkeun karesep dunungan; da ngalarti mah henteu.
Unggal Jumaah Kaliwon, najan aya gawé baku anu perlu ogé bujang nu namina Bangsa mah, teu kudu nyabak pagawéan séjén, da kapeto kana ngamandian manuk, sabab ngan Ki Bangsa anu tabah kana ngurus lilinggeran titiran mah.
Aya deui pangabogoh éta jalma téh, kana kuda. Manéhna bogaeun kuda jalu bulu daragem. Gedoganana henteu jauh ti imahna, beulah katuhu nyanghareup ngidul. Kacida dipikanyaahna kawantu kuda satria Pinayungan, béjana mah.
Demi nu ngurus éta kuda aya nu ngabaku, nya éta bujangna budak ngora anu siga kolot, pangawakanana cengkrang, namina Boncél.
Dina hiji poé pasosoré, sanggeus Si Boncél neundeun sundung, karék pisan datang tas ngarit, ujug-ujug haok baé dicarékan ku dununganana, sarta teu antaparah… kerewek ceulina digoéngkeun tuluy dikusrukkeun ka jero gedogan, “Ténjo ku sia naha éta rarapén ngabayak diantep baé? Naha éta nu nguyumbang teu diberesihan? Ngedul sia, henteu tulatén kana ingon-ingon! Kumaha lamun éta kuda gering, rék dikumahakeun ku sia? Tara apik, tara ngagugu kana papatah dunungan!”
“Teu acan baé, Juragan. Kapan abdi téh nembé dongkap pisan mentas ngarit.”
”Wah, ngalawan sia ka dunungan téh, kalah ka hakan baé ari gawé goréng. Sia moal dibéré nyatu ku aing.”
”Unggal soré unggal isuk ogé disapuan ku abdi. Ayeuna ogé badé diberesihan. Tong maké nyarékan.”
“Ah, sia melid, ngahaja baé sina bala ngarah kuda aing paéh, ambéh sia henteu ngarit. Budak ngedul, siah!? Bari ngomong kitu téh… jekok najong kana bobokong Si Boncél. Atuh Si Boncél nepi ka tijongjolong méh tikusruk kana tataban.
Poé éta Boncel henteu meunang timbel, atuh ngongkrong teu barang dahar nepi ka isuk deui.
Diparak jeung disiksa kitu téh ku dununganana teu sirikna unggal poé. Tapi lain ku lantaran goréng pagawéan, ieu mah ku sabab bengisna nu jadi dunungan baé, pédah tadina aya pasendatan jeung bapana, alatan hutang.
Geus harieum beungeut téh nekér kénéh baé manéhna nanjak dina jalan satapak. Sakapeung mabal totorobosan kana sela-sela dapuran kaso. Ingetanana kop maung kop badak, henteu ngingetkeun kacapé, henteu ngingetkeun kasieun, suku kacugakan ku cucuk-cucuk ogé henteu dirasa, tina hayang geura jauh. Inggis aya nu nyusul, atuh leumpangna ogé sering cungas-cingeus, rarasaanana mah asa jol – asa jol baé dununganana.
Ku lantaran harita kabeneran poék bulan, taya harepan bisa laju lumakuna, tina teu nyaho ka mana piloseun, kawantu asruk-asrukan di nu bala. Tungtungna reg Si Boncél ngarandeg, ngarahuh ambekanana bawaning ku ripuh, peurih beuteung teu puguh rasakeuneunana.
Kabeneran baranyay kingkilaban, brek katénjo teu jauh ti dinya aya saung ranggon sisi reuma. Ripuh-ripuh ogé maksakeun manéh muru ranggon téa rék ngadon saré.
Ku lantran ranggon réyod, atuh teu kaur reup saré, katambah-tambah awakna nyareri jeung suku raméd ku cucuk, Si Boncél téh cindukul baé. Ari geus baranang béntang mah, bari ngurutan suku téh nginget-nginget pilampaheun.
Curucud cipanonna, inget ka indung bapana, piceurikeun mani asa ngagarenduk karasana, bawaning ku nalangsa. Ras kana takdir, mana balangsak kabina-bina teuing.
Rebun-rebun kénéh geus indit deui, turut-turut leuweung maju ngétan. Dina ingetanana ka mana baé pibraseunana mah, asal ulah kalarung balik deui ka urut tadi.
Barang keur ngabaheuhay handapeun kihiang dina léngkob, kadéngé anjing manting ngéngkéngan ti kajauhan, haok paninggarana hawar-hawar. Koréjat Si Boncél cengkat bawaning ku bungah, neges-neges ka mana tujuna udagan éta anjing. Beuki lila beuki deukeut sora anjing téh. Rupana geus kana mumunggang pasir. Si Boncél taki-taki, nyekel gegendir tina tangkal kopi. Tétéla mencek téh lumpatna ka lebah manéhna, da puguh liliwatanana. Hok Si Boncél milu ngahaokan, pokna, “Huhhh, huhhh, huhhh! Wah, wah, wah-wah-wah, huhhh!”
Nénjo aya nu megat, mencek téh malik ka tukang gok jeung anjing-anjing nu ngarudag, mogok wé…nyamberan anjing-anjing. Anjingna parelit, marantingna deui bari ngalalingker kana tunggul, atuh ana disamber téh jleng nyingcet.
Ninggal seukeutna sihung mencek anu kawas loncér, moal salah sakali nyamber ogé mun keuna kana beuheung atawa kana kekemplong Si Géboy, tangtu sapatna. Tangkal tepus mah rabeng kawas dicacar ku parang seukeut baé.
Kabeneran dina mencek keur meujeuhna ngopépang, jol paninggaran nu ngaping anjing-anjing daratang, ngurumuy ti nu bala.
Barang mencek nénjo jelema, cul anjing-anjing, biur nyamber jelema. Tapi bubuhan paninggaran, rikat pisan nyingcetkeunana, bari habek puhu ceuli mencek téh diteunggeul ku gegendir. Bru baé rubuh, diburu ku anjing ditekuk. Geus kitu mah mencek nu keur ngaléhléh téh lékék baé dipeuncit ku paninggaran. Ayeuna anjing nu ngégél ngancing kana punduk mencek téh dikuprak-kuprak sina lésot. Mencekna dijungjungkeun, da disontrolan baé ku anjing.
Mencek téh henteu direcah harita. Sanggeus ditalian sukuna dua-dua, nu hareup jeung nu hareup, nu tukang jeung nu tukang, tuluy dicorok ku dahan kai, rék digotong guluntunganana.
Barang keur récok kénéh calacarita paburu téh, kurumuy Si Boncél nyampeurkeun.
“Euleuh, gedéna, nya Mang! Paingan anjing-anjing teu waranieun narajang!”
“Enya, Jang. Tuh mani lebur kitu urut mogokna ogé.”
“Ku kuring dipegatan mah, mana balik deui ogé ieu mencek téh. Tadina mah rék mabal ka ditu ka lebak,” ceuk Si Boncél.
“Enya, osok sagala kabeneran puguh ogé, ari hadé indit-inditan téh, kawantu numbuk di naga numpi. Ari Ujang anu ti mana, mana hideng mangmegatkeun udagan Emang?”
“Tebih rorompok mah ti Kandangwesi.”
”Ambu-ambu, na mana lampar teuing? Ari ayeuna nu matak aya di leuweung luwang-liwung keur naon?”
“Puguh kapaider kuring téh. Tos lima poé asruk-asrukan. Atuh teu kararaban sangu pisan dina jero lima poé téh, ngan ngadahar bongborosan wungkul.”
Karunya teuing, atuh ayeuna ogé hayang dahar, nya? Pék geura dahar kadinyah! Tah, da gedé timbelna mah, jeung sambel bubuk deuih geura. Uyah mungkus, tuh dina bungkusan jimpo. Kop ka dinyah, entong asa-asa!
Celebek Si Boncél dahar, diriung ku paburu sabaturna, cacamuilan mani ngalimed, poho dikaéra.
“Ari geus dahar mah, milu baé jeung Emang ka Pamijahn, ulah apruk-aprukan di leuweung, kuriak diseupah badak Cipatujah engké!” ceuk paburu nu pangkolotna.
Ahirna Si Boncél nya milu ka Pamijahan.
Si Boncél ngarerebna di paburu Pamijahan téh henteu lila, maksa permisi rék wangsul ka Kandangwesi, lantaran geus lami teuing ninggalkeun indung bapana, geus sono pisan.
Inditna ti Pamijahan téh ngulon, nyorang leuweung geledegan, mapay jalan satapak. Tapi ku lantaran teu nyaho jalan, tungtungna sasab teu nyaho kalér kidul.
Meunang sababaraha poé Si Boncél turun gunung unggah gunung, baranghakan sapanggihna, babakuna bongborosan. Ari saré seseringna nyelapkeun manéh dina tatangkalan, sabab di handap mah sieuneun ku sato galak.
Dina hiji poé manéhna anjog ka hiji puncak gunung anu awas ka mana-mana. Di kajauhan katénjo tingarenclo kawas lembur, béh kalérna marakbak jiga gedong-gedong.
Kaatohan Si Boncél barang nénjo lembur geus taya hinggana, leungit kacapé leungit kalapar, tuluy mudun gagancangan ka beulah ditu, muru ka nu marakbak.
Teu sabaraha lilana, jol datang ka sisi jalan gedé, bréh manggih warung. Harita Si Boncél ngarasa lapar lain dikieuna. Rék meuli kupat teu boga duit, rék jajaluk teu kaduga ku éra, tungtungna mulungan cangkang kupat dilémétan réméhna, poho dikageuleuh awahing ku lapar.
Tukang warung barang nénjo aya nu ngalémétan cangkang kupat jeung pakéanana rubat-rabét, jarijipaneun; tuluy diusir bari dicarékan, “Nyingkir ka ditu, ulah deukeut-deukeut ka dieu, rujit!
Si Boncél indit, ngajrigjrig leumpang, muntang kana padati anu rék ka Garut.
Kacaritakeun waktu harita di Garut keur réa tatamu, ménak ti nu jarauh ti Cianjur jeung ti Sumedang kana uleman, lantaran Kangjeng Dalem Garut ngaréndéngankeun putrana.
Kangjeng Dalem Cianjur ogé sumping, diiring ku Juragan Kapala jeung ku pirang-pirang pangiring liana. Piisukaneun Kangjeng Dalem Cianjur mulih, Juragan Kapala geus paciweuh baé nguruskeun candakeun mulih, jeung nyadiakeun kuda katut pigundaleunana.
Ujug-ujug solongkrong baé Si Boncél ngadeuheusan ka Juragan Kapala, sabab ditaruduhkeun ku anu rék ngagarundalan, anu kapanggih ku manéhna di alun-alun.
Piunjukna, “Upami badé nganggo kénéh pigundaleun, abdi ogé sanggem ngagundalan. Dugi ka Cianjur ogé abdi mah badé ngiring baé, upami dianggo mah.”
Saur Juragan Kapala, “Sukur ari daék mah, kabeneran gundal kurang saurang deui. Na urang mana manéh téh?”
“Tebih, rorompok mah di Kandangwesi. Ka dieu nembé dongkap, sasab puguh abdi téh, parantos sapuluh dinten henteu kararaban sangu.”
Juragan kapala ngahelas ngadangu piunjuk Si Boncél anu léntah-léntéh bangun lungsé, terus miwarang Si Boncél dahar di warung saseubeuhna.
Teu mangkuk saminggu ti harita Si Boncél geus aya di Cianjur, cicing di bumi Juragan Kapala. Demi gawéna saperti keur aya di Kandangwesi, ngarit jeung ngagebeg kuda. Ayeuna mah awakna jadi lingsig, teu kurang dahar jeung tara aya nu nyiksa saperti keur di lemburna baréto.
Selang-selang tina ngarit jeung ngagebeg kuda, sok digawé di dapur sagawé-gawé tara kungsi diutah-étah deui. Singer pisan tiasa titip diri sangsang badan, tur dipikaasih naker ku dununganana, sumawonna ku Juragan Istri mah.
Sakapeung sok mapag putra dununganan nu keur sakola di Sakola Kabupatén, mangmawakeun sabak jeung buku.
Ari peuting mun putra dunungan keur ngapalkeun, Si Boncél sok ngaregepkeun, sarta sok nengetkeun pisan kana aksara-akasara. Malah mun putra dununganana enggeus mah ngapalkeunanan, Si Boncél sok dipapatahan hanacaraka jeung sok sina ditulis deuih.
Lila-lila Si Boncél bisa maca jeung nulis aksara Sunda, diajarna getol pisan. Saban poé mun salsé tina pagawéan anu baku, sok ngadapang dina kokopan kosong diajar nulis.
Hiji waktu Juragan Kapala sumping ka istal mariksa kuda, dina sorog Si Radéa aya mérek aksara Sunda unina: gedogan Si Radéa. Jol deui sumping ka istal Si Pélor, aya deui mérek: gedogan Si Pélor.
Dina manah Juragan Kapala, tangtu putrana nu ngadamel mérek téh, kaciri aksarana aksara budak. Tuluy putrana disaur.
“Ujang, beunang Ujang ieu mérek téh? Alus geuning.”
“Sanés, Ama. Kénging pun Boncél manawi.”
“Na, bisaeun nulis kitu Si Boncél téh?”
“Tiaseun, da sok milu diajar ari wengi sareng abdi.”
Ti dinya Si Boncél disaur ku dununganana, dipariksa saha nu nyieun mérek dina gedogan. Ku Si Boncél diunjukkeun yén éta mérek téh meunangna. Si Boncél harita dipiwarang nulis dina bangkarak: Jamparing, Sindangbarang, Pagermaneuh…dipecakan ku dununganana.
Kabéh bener sarta alus deuih aksarana téh.
“Isukan manéh montong ngarit, Boncél, milu baé ka kantor, bawa map. Keun nu ngarit mah Aliani,” Saur Juragan Kapala.
Isukna Si Boncél ngiring ka kantor, jadi gandék purah mawa map. Atuh yeuna mah lain tulas-tulis dina sorog, tapi dina daluang. Jeung sakur bangkarak dibaca dirarampa, malah sok disalin sakapeung mah. Lila-lila mah macana lancar, nulisna ogé geus aksara jadi.
Dina keur répot, Juragan Kapala sok miwarang ngaguratan serat ka Si Boncél. Mimitina mah ngaguratanana téh sok emplog-emplogan, tapi lila-lila mah sanggeus sering diwurukan kumaha metakeun kalam, jadi alus. Malah terusna mah lain ngaguratan wungkul, jeung nyalin surat deuih.
Waktu Juragan Kapala diangkat kana Patih di dinya, Si Boncél dipundut ku anjeunna, supaya jadi juru tulis.
Dina jadina priyayi kaciri katemenanana, atuh nu jadi dununganana tamplok kapercayaanana, malah waktu Juragan Asésor diangkat kana Cutak ogé, nya Jurutulis Boncél anu kaselir jadi gantina, jeneng Asésor, kaasup priyayi luhur.
Lila ti lila tina kauninga kapercékaanana jeung kapinteranana, Asésor Boncél diangkat jeneng Jaksa di Bogor.
Tina keur jadi Juru tulis kénéh, Jaksa Boncél geus kautara nenggang ti sasama, atuh teu matak héran mun nu jadi dununganana arasih nyaraah téh, kauninga ku nu ti payun kalempenganana. Dina prakna cacampuran teu néngtérégé, teu jiga paruruhan dika-tengah-imahkeun. Ieu mah éstu sieup kawas ménak asli baé. Malah réa sobatna gegedén luhur bangsa Walanda, tina bisa ka bala ka balé.
Teu mangkuk dua taun jadina Jaksa, Jaksa Boncél nampi nugraha Pangagung, diangkat kana…Bupati Caringin.
Carita balik deui ka Kandangwesi.
Waktu Si Boncél ngarit nepi ka soré teu datang baé, kabéh pangeusi lembur Kandangwesi jadi ribut, marelangeun sieun Si Boncél geus maot ditekuk maung. Indungna teu eureun-eureun ceurik.
Isukna kabéh lalaki arindit naréangan. Ku sabab sangkaan maranéhna Si Boncél dibawa ka leuweung ku maung. Maranéhna langsung arindit ka leuweung. Kabéh guha ditempoan, kabéh jungkrang dipapayan. Tapi nepi ka soré, Si Boncél tacan kapanggih. Poé isukna nénganana diteruskeun. Tapi teu kapanggih kénéh. Teu kapanggih hirupna, teu kapanggih mayitna. Kalawan pegat harepan, maranéhna terus baralik.
Waktu keur baralik ngungun taya nu cumarita, hiji budak ujug-ujug ngagorowok, “Tingal, ieu arit jeung sundung Si Boncél!”
Nu keur lalumpang kabéh eureun, tuluy nyalampeurkeun budak ngora nu ngagorowok téa. Katingal ku maranéhna arit jeung sundung, handapeun tangkal waru.
“Bener, ieu arit jeung sundung si Boncél!” ceuk dunungan Si Boncél. Tapi ka mana manéhna?”
“Pasti geus dibawa ku maung ka leuweung!” ceuk saurang.
“Tapi di dieu teu aya tapak maung,” ceuk bapana Si Boncél. “Mun enya dibawa lumpat ku maung, tangtu tapak-tapakna bakal kaciri tétéla, sabab waktu éta téh hujan gedé.”
Mun kitu ka mana atuh manéhna téh?” ceuk dununganana sakali deui.
“Kumaha baé ogé, kami yakin yén Si Boncél geus dibawa lumpat ku maung ka leuweung,” ceuk lalaki nu pangkolotna.
“Bener!” ceuk nu séjén-séjén méh bareng.
“Mun kitu, taya gunana deui ditéangan,” ceuk dununganana. Paménta Pa Boncél, supaya poé isukna ditéangan deui, euweuh nu ngadéngé. Kabéh jelema geus yakin yén Si Boncél geus maot.
Karék baé Pa Boncél nepi ka buruan, Ma Boncél geus muru mapagkeun sarta nanya, “Mana anak urang, Pa?”
“Sabar, tacan kapanggih,” jawab Pa Boncél bari sasat meubeutkeun manéh kana babaléan.
“Tuluy kumaha?” Ceuk Ma Boncél bari ceurik.
“Jelema-jelema geus moal naréangan deui, lantaran maranéhna geus ngarasa yakin yén Si Ujang geus maot ditekuk maung.”
“Océn, Océn, anaking!” Ma Boncél nyambat-nyambat anakna.
“Sabar, Ma. Bapa yakin Si Ujang masih kénéh hirup. Tangtu Ma ogé masih inget, Si Ujang geus sababaraha kali ménta idin ka urang, rék ménta eureun ka dununganna nu bengis téa. Si Ujang hayang indit ngumbara, keur ngadu untung. Manéhna hayang jadi jelema, supaya bisa nyenangkeun urang. Bapa yakin, ayeuna manéhna indit ngalaksanakeun cita-citana. Anggur urang du’akeun, supaya cita-citana gancang dikabul.” Sanggeus ngadéngé omongan Pa Boncél, Ma Boncél kari inghakna baé. Manéhna inget deui kana omongan Si Boncél baréto, “Ma, idinan Océn indit ngadu untung. Muga-muga Océn pinanggih jeung kabagjaan. Mun Océn jadi jelema beunghar atawa jelema boga pangkat, tangtu Ema jeung Bapa ogé baris milu senang. Sabalikna, mun Océn tetep baé ngadunungan ka éta nu bengis téa, lain baé teu bisa nyenangkeun kolot, awak sorangan ogé laun-laun mah bisa jadi baris maot langlayeuseun. Ku sabab kitu, idinan Océn indit, Ma!”
Bari nyusutan cipanonna nu teu saat-saat, Ma Boncél ngagerendeng, “Manéh ayeuna geus indit, Ma teu weléh ngadu’akeun, muga-mugga Alloh nangtayungan.
Ngendék welasan taun ………
Hiji poé ka lembur Kandangwesi aya hiji padagang bangkelan padagang barang-barang kolontong ngider ka lembur-lembur, ngadon mondok di imah Pa Boncél, lantaran kapeutingan.
Peutingna méméh saré, éta sémah jeung Pa Boncél ngarobrol. Omongna, dina ngiderkeun barang-barang, réa pisan tempat-tempat nu geus kapapay. Caringin ogé kungsi didatangan. Pokna, “Basa kuring dagang ngider ka Caringin, kabeneran di dinya keur aya raraméan ngistrénan dalem anyar. Ramé pisan. Teu kungsi satengah poé, barang-barang kuring geus payu kabéh. Padahal hargana ku kuring ditaékkeun dua kali lipet, malah aya nu tilu kali lipet.”
“Wah, untung pisan!” ceuk Pa Boncél unggut-unggutan.
“Kitu padagang mah mun keur untung téh,” omongna, “Tapi mun keur sial saperti ayeuna, keur dahar ogé méh-méhan heunteu aya.”
Jempling sakeudeung.
“Untung jeung sial téh geus suratan nasib, nya Pa.”
“Bener,” ceuk Pa Boncél.
“Saperti dalem nu anyar di Caringin téa, Pa. ceuk béja, anjeunna lain turunan ménak. Anjeunna jelema biasa baé. Asalna ti dieu ti Priangan. Jenenganana ogé heunteu saé saperti dalem-dalem nu séjén, ngan …. Boncél!”
“Saha jenenganana, Nak?” ceuk Pa Boncél kagét.
“Boncél, Pa. Dalem Boncél.”
“Boncél?” Ma Boncél nu keur nyeupah, milu kagét. Diukna pindah ngadeukeutan sémahna, pokna, “Anak kami nu leungit ogé, ngaranna Boncél.” Ti dinya ka sémahna Pa Boncél nyaritakeun perkara anakna nu leungit téa.
“Kumaha awakna Dalem Boncél téh, Nak?” ceuk Ma Boncél.
“Jangkung rada kuru, Ma.”
“Rada hideung.”
“Meureun katingal, aya naon dina pipina?”
“Mun teu salah ningal, dina pipina nu katuhu aya tanda hideung.”
“Bener! Bener! Manéhna anak kami Si Boncél!” ceuk Ma Boncél bari pék nyarandé kana bilik.
“Alhamdulillah, geuning diijabah cita-cita anaking téh,” ceuk Pa Boncél méh teu kadéngé.
“Si Ujang geus jadi jelema. Pohara bagjana nu jadi indung,” ceuk Ma Boncél bari nadahkeun leungeuna.
“Tapi … teu bisa jadi Dalem Boncél téh anak Ema jeung Bapa,” ceuk Ki Sémah, “Sabab nu jadi dalem téh kudu jelema anu pinter maca jeung nulis. Sedengkeun Ujang Boncél anak Ema jeung Bapa, kapan heunteu sakola.”
“Bener kitu. Tapi … teuing, nya; Bapa yakin pisan Dalem Boncél téh anak kami, Nak!” ceuk Pa Boncél.
“Enya,” ceuk Ma Boncél.”Ema apal pisan, Si Océn téh awakna jangkung kuru, kulitna semu hideung jeung dina pipina nu katuhu aya tanda hideung. Kitu, nu katingal ku anak ogé, lin?”
“Bener, Ma. Tapi. Naha anjeunna heunteu énggal mapagkeun Ema jeung Bapa ka dieu?” ceuk Ki Sémah téh.
“Meureun riweuheun kénéh ku réa pagawéan atawa meureun nyangka Ema Jeung Bapa geus teu araya di kieuna,” ceuk Pa Boncél.
“Ku lantaran kitu, alusna mah urang baé nu kaditu, Pa!” ceuk Ma Boncél.
“Caringin jauh pisan ti dieu téh, Ema jeung Bapa moal karuat di jalanna,” ceuk Ki Sémah, tuluy dicaritakeun kumaha jauh jeung susahna perjalanan ka ditu.
“Tapi urang rék indit ogé ka ditu, nya Pa?” ceuk Ma Boncél, “Ema geus sono pisan ka si Boncél. Maot di perjalanan ogé, teu panasaran. Iraha urang indit, Pa?”
“Ulah, Ma. Ema moal kuat. Keun engké mun kuring ka Caringin deui, ku kuring baris dicaritakeun ka anjeunna yén Ema jeung Bapa araya kénéh di kieuna, jeung pohara nganti-ngantina kasumpingan anjeunna,” ceuk Ki Sémah.
“Heunteu, Nak. Ema jeung Bapa kudu indit ka ditu. Ema geus teu tahan deui, hayang neuteup beungeut Si Océn sakali deui, saméméh Ema ninggalkeun ieu dunya nu fana. Isukan urang indit, nya Pa!”
Pa Boncél cicing baé. Atina bingung. Indit susah, heunteu indit … karunya ka Ma Boncél. Sakumaha teuing hanjakal manéhna, mun Ma Boncél maot saméméh kahayangna pikeun papanggih jeung anakna laksana. Saenyana manéhna sorangan ogé memang kacida sonona. Sanggeus dibeuweung diutahkaun dipikir enya-enya, ahirna diputuskeun pikeun indit. Ma Boncél bungaheun pisan.
Sanggeus Ki Sémah terang yén Ma jeung Pa Boncél maksa rék arindit, tuluy ku manéhna diterangkeun ka mana nujuna jeung jalan mana nu ku maranéhna kudu disorang.
Geus peuting pisan, kakara maranéhna sararé.
Sanggeus di jalanna dua bulan leuwih, Ma jeung Pa Boncél narepi ka Caringin. Pakéan maranéhna geus rarubat-rabét. Sukuna geus barareuh. Maranéhanana geus teu béda jeung tukang baramaén baé. Laleumpangna geus raripuh pisan, komo Ma Boncél mah. Maranéhna méh paregat pangharepan.
Tapi waktu maranéhna terang yén geus nepi ka Caringin, sumangetna timbul deui. Kasangsaraan nu kacida beuratna nu geus kaalaman di perjalanan, saperti hilang ditiup angin. Rasa pegat harepan robah jadi harepan-harepan nu éndah, tanagana timbul deui. Ma Boncél nu tadina leumpangna dipapah ku Pa Boncél, ayeuna mah ngadadak bisa leumpang sorangan miheulaan.
Maranéhna tokroh-tokroh arasup ka pakarangan Kabupatén.
Gulang-gulang nu ngajaga, buru-buru nyampeurkeun maranéhna, tuluy nanya, “Na, saha Aki jeung Nini téh bet wani-wani arasup ka dieu? Heunteu meunang!”
“Maap, Nak. Aki jeung Nini téh ti jauhna,” ceuk Pa Boncél.
“Ti mana jeung rék ka mana?
“Ti Kandangwesi, Nak. Datang ka dieu téh rék néangan anak nu leungit.”
“Naha asup ka dieu?”
“Kami ngadéngé béja, yén anak kami téh ayeuna geus jadi dalem di dieu.”
“Hahahah, hahahah!’ Gulang-gulang seuri ngagakgak. “Teu bisa jadi dalem anak tukang jajaluk!”
“Kami lain tukang baramaén, Nak. Demi Alloh, kami jelema biasa,” ceuk Pa Boncél sedih.
“Tapi teu bisa jadi ibu rama Dalem hina kieu,” ceuk gulang-gulang bari jebi.
“Nak,” ceuk Ma Boncél lemah lembut, “Harepan kami nu hina. Mun anak henteu kaabotan, Nini rék nanya. Sugan anak terang, saha nami Dalem téh?
“Boncél,” jawabna pondok.
“Kumaha badanna?”
“Jangkung, rada kuru.”
“Kumaha pakulitanana?”
“Rada hideung.”
“Naha dina pipina nu katuhu aya tanda hideung? Tanda Wisnu?”
“Aya.”
“Tétéla éta dalem téh anak kami. Bawa kami ka manéhna. Ema geus sono pisan, ma’lum geus aya welasan taun henteu papanggih. Ceuk Ma Boncél.
Gulang-gulang téh cicing sakeudeung, katingal manéhna asa-asa.
“Tungguan baé heula di dieu, kuring rék ngadeuheus heula ka anjeunna. Boa teuing anjeunna keur kulem. Mun anjeunna aya, kuring rék buru-buru unjukan yén aya Nini jeung Aki,” ceuk gulang-gulang, tuluy manéhna indit…
“Ema geus hayang nagkeup Si Ujang, Pa.” ceuk Ma Boncél, “Manéhna ogé tangtu geus sonoeun ka urang téh. Tangtu manéhna baris nyeungceurikan jeung ngarangkul urang. Geuning lila naker gulang-gulang téh?
“Sabar, Ma. Sakeudeung deui ogé gulang-gulang téh bakal datang jeung Si Ujang,” jawab Pa Boncél.
“Ema geus teu tahan deui lila-lila ngadagoan. Hayu urang baé nu ka ditu, Pa!”
“Indit baé sorangan ka ditu! Keun Bapa ngadagoan di dieu.”
Gulang-gulang datang hariweusweus nyarita, “Nini jeung Aki kudu buru-buru indit ti dieu. Dalem pohara benduna. Nini jeung Aki lain sepuhna. Saurna, ibu rama anjeunna mah geus lila parupus. Ku lantaran kitu, Nini jeung Aki kudu buru-buru arindit ti dieu!” Ceuk gulang-gulang, bari nunjuk lawang kaluar. Mun aya gelap tengah poé éréng-éréngan, sigana Ma jeung Pa Boncél moal kagéteun saperti harita. Lila maranéhna teu lémék teu nyarék.
“Hayoh gancang arindit!” ceuk gulang-gulang sakali deui.
“Nak, béjakeun ka manéhna yén kami moal kaluar ti dieu, saméméh pahareup-hareup jeung manéhna. Kami yakin, manéhna anak kami. Jung, béjakeun!” ceuk Pa Boncél. Ma Boncél ngaguguk baé ceurik.
Bari teu ngomong sakecap ogé, gulang-gulang téh lumpat rék ngadep ka dununganana deui.
“Sabar, Ma,” ceuk Pa Boncél ka Ma Boncél, “Meureun gulang-gulang téh salah déngé. Si Ujang moal kejem kitu, Ma!”
Teu lila gulang-gulang téh datang ngiringkeun dalem.
Waktu Ma Boncél ningal anakna, poho di naon-naon… ngagorowok bari lumpat rék ngarangkul, “Océn, anaking!” Tapi gancang ku Dalem ditéjéh, nepi ka Ma Boncél…nangkarak bengkang. Manéhna ngajerit kanyenyerian.
“Saha manéh, wani-wani ngaku anak ka kami?” ceuk Dalem Boncél bengis.
“Océn, anaking! Ieu Ema! Ema nu geus ngandung hidep salila salapan bulan. Ema nu geus ngagedékeun hidep!”
“Sing inget, Ujang! Ieu Bapa! Bapa nu ti barang Ujang ninggalkeun dunungan anu bengis téa, teu weléh néangan hidep ka mana-mana. Ti harita Ema hidep kaleleban, Nak. Beurang peuting ngan nyambat-nyambat ngaran hidep. Ayeuna hidep geus jadi jelema. Ema jeung Bapa pohara bagja jeung sonona.
“Teu, kami teu boga kolot hina saperti maranéh. Hayoh gulang-gulang! Gusur ieu jelema-jelema gélo téh kaluar…!” ceuk Dalem bari nulak cangkéng.
“Inget, anaking!” ceuk Pa Boncél.
Ti dinya Ma jeung Pa Boncél ramé-ramé digalusur kaluar pakarangan Kabupatén. Ma jeung Pa Boncél diusir saperti anjing.
Ku lantaran Ma Boncél geus teu kuat leumpang sorangan, nya dipapah ku Pa Boncél. Maranéhna laleumpang lalaunan jumarigjeug, ninggalkeun anakna anu dipihéman. Cipanon maranéhna teu eureun-eureun murubut.
“Ya Alloh, mugi-mugi abdi dipaparin kakiatan,” ceuk Ma Boncél méh teu kadéngé.
Ayeuna Dalem Boncél sering huleng jentul nyalira. Kajadian ngahina jeung ngusir ibu ramana teu leungit-leungit tina émutanana. Jerit ibuna waktu ditéjéh ku anjeunna, ngahieng baé dina cepilna. Ibuna anu mikaasih, anu datang ti jauhna kulantaran sono ka anjeunna,… ku anjeunna lain diceungceurikan jeung dirangkul, malah dihina jeung diusir. Dalem Boncél humandeuar, “Cilaka diri, doraka. Ku naon diri éra ngaku ibu ka anjeunna? Ibu nu nyusuan diri. Ku naon?”
Hawar-hawar sora tikukur di jauhna dipasir tonggoheun Kabupatén, ngelak baé, “Tikukur, guk, guk! Tikukur, guk, guk!” Tapi kakupingna ku Dalem Boncél harita mah, “Kaduhung, aduh, aduh! Kaduhung, aduh, aduh!…
Ras Dalem Boncél jaman keur budakna di Kandangwesi. Unggal peuting méméh saré, ibuna sok ngadongéng heula. Dongéng raja-raja, atawa dongéng sasatoan nu bisa ngomong cara manusa.
Anjeunna kakara bisa saré, mun dongéng ibuna geus tamat. Malah sakapeung mah anjeunna sok saré dina lahunan ibuna, saméméh dongéng tamat.
Dina hiji peuting, ibuna nyaritakeun dongéng, “Nini jeung Kuya”. Ceuk ibuna:
“Jaman baheula, aya hiji nini-nini. Eta nini-nini téh miskin pisan, dahar soré henteu isuk. Manéhna hirup sorangan, salaki jeung baraya-barayana geus teu aya kabéh. Sedengkeun anak teu boga pisan. Cicingna di poporogok sisi susukan. Gawéna sapopoé ngala haremis di susukan téa, jualeun ka pasar atawa ka tatangga-tatanggana, ladangna keur meuli sangu. Mun manéhna gering nepi ka teu bisa ngala haremis, poé éta nya ngongkrong, henteu dahar.
“Karunya, nya Ma!” ceuk Jang Boncél.
“Dina hiji poé,” ceuk ibuna, neruskeun dongéngna, “Waktu keur ngala haremis saperti biasa, nini-nini téh meunang anak kuya sagedé jéngkol. Si Nini téh pohara kagéteunana. Sabab éta anak kuya téh bisa…nyarita sapeti jelema. Omongna, “Ni, kuring ulah dipaéhan, nya. Engké mun kuring geus gedé, kuring rék mulang tarima kana kasaéan Nini.”
“Hadé, Nak. Manéh ku Nini moal dipaéhan!”
Si Nini nyaaheun pisan ka anak kuya téh, dipiara, dihadé-hadé diwadahan dina jajambaran. Cai jeung parabna unggal poé diganti.Beuki lila kuya téh beuki gedé…Barang geus sagedé batok, kuya téh ngomong ka Si Nini nu harita rék ka pasar ngajual haremis. “Nini, engké mun haremis geus payu, kuring pangmeulikeun bibit waluh. Kuring hayang melak.”
“Hadé, Nak!” Jawab Si Nini. Datang ti pasar Si Nini mikeun siki waluh sabungkus ka kuya téa. Kuya pohara atoheunana. Isukna, éta siki waluh téh ku Si Nini—titah kuya—diawurkeun di tegalan. Kabeneran waktu harita téh musim ngijih. Tina sabungkus siki waluh téh, ngan sasiki nu jadi mah. Jadina pohara montokna. Beuki lila beuki gedé, tuluy kembangan, tuluy buahna. Buahna ogé ngan sasiki… geus saré, Jang?” ceuk Ma Boncél nanya ka anakna.
“Tacan, teruskeun, Ma!” Jawab Si Boncél.
“Waluh nu sasiki téh beuki lila beuki gedé. Beuki gedé beuki kolot. Warnana tina héjo geus robah jadi konéng kasoklat-soklatan.
Dina hiji peuting, waktu Si Nini eukeur ngeunah-ngeunah nyeupah, ujug-ujug manéhna ngadéngé kuya nyarita sorangan Pokna, “ Nun Moyang, abdi hoyong mulang tarima ka Si Nini nu tos miara jeung miasih ka abdi. Mugi moyang maparin pituduh!”
Isuk-isuk pisan kuya téh geus ngahudangkeun Si Nini. Tuluy diajakan ka tegalan ngala waluh nu sasiki téa. “Ala waluh téh, Nin. Tuluy bantingkeun sing tarik!” ceuk kuya sadatangna ka kebon.
“Ku naon kudu dibantingkeun, Nak?” ceuk Si Nini héraneun.
“Kitu pituduh moyang, Nin.”
Waluh téh ku Si Nini diala, tuluy dibantingkeun satakerna…ajaib waluh téh jadi…gedong agréng, lengkep jeung eusina. Salian ti éta di jerona aya peti-peti nu eusina emas jeung pérak
Si Nini colohok héraneun.
Ceuk kuya, “Nin, éta gedong jeung eusina, kabéh milik Nini. Ti poé ieu Nini teu kudu ngala haremis deui. Nini meunang senang-senang terus!”
Nepi ka maotna Si Nini henteu kakurangan sandang pangan, …geura reup, Jang! Dongéngna geus tamat!” ceuk Ma Boncél ka anakna …
Bari murubut cipanon Dalem Boncél ngagerendeng, ‘manéhna ukur kuya, sato ngarayap, tapi haténa pohara mulyana. Ari aing manusa jeung bupati deuih…lain baé henteu mulang tarima, tapi malah ngahina jeung ngusir indung bapa anu mikaasih aing ti leuleutik. Ya Alloh mugi abdi dipaparin kasempetan kanggo ngalebur dosa…”
Dina hiji poé Dalem Boncél katarajang kasakit ateul sakujur salirana. Tadina mah dianggap ateul biasa baé, tapi lila-lila kanyataan taya obat anu matih. Dukun lepus paraji sakti kabéh dikumpulkeun, tapi jampé jeung ubarna taya nu mental. Malah kasakitna beuki parna.
Lantaran éta kasakit , Dalem Boncél pohara sangsarana. Calik teu raos, ngadeg ogé teu raos. Pananganana gégétrét terus. Sakapeung nepi ka lali maké pakéan. Boh beurang boh peuting méh teu tiasa kulem. Socana baléér beureum jeung ngucur caian baé. Salirana anu langsip téh beuki langsip baé. Anjeunna teu weléh rumahuh. “Moal salah ieu kasakit téh lantaran doraka!”
Beuki lila kasakitna geus méh teu katahan deui. Rahuhna, “Lamun kieu baé, aing bisa gélo. Duh Ma, Bapa …hapunten putra!”
Ayeuna anjeunna geus gilig rék ka Kandangwesi, rék nyuuh ka pangkonan ibu ramana, rék nyuhunkeun ampun.
Atuh gancang diayakeun sasadiaan. Ponggawa-ponggawa anu kudu ngiring, ditangtukeun. Kuda-kuda, boh kuda tunggang boh kuda umbal dijagragkeun. Pakéan anu aralus keur ibu-ramana disadiakeun. Nya kitu deui kadaharan-kadaharan nu ngrareunah, boh keur bekel di jalan boh keur oléh-oléh ka ditu.
Dina poé nu hadé, rombongan Dalem Boncél téh barangkat. Dalem mah lantaran teu damang… ditandu. Diiring ku ponggwa-ponggawa tarumpak kuda. Sababaraha kuda umbal pinuh ku muatan. Ti Caringin di Banten ka lembur Kandangwesi di Garut kidul téh, lalampahan jauh pisan ...
Anjog ka Kandangwesi rombongan téh langsung ngajugjug ka imah Ma jeung Pa Boncél baé. Tapi, naon nu katingali ku Dalem Boncél?...Imah sepuhna ngan tinggal urutna baé, malah geus jadi kebon eurih sadedeg-sadedeg.
Ti urut tatangga-tatanggana, Dalem kénging katerangan yén Ma jeung Pa Boncél samulangna ti tas néangan anakna téh...garering. Teu lila tuluy maraot, méh bareng.
Ngadangu béja kitu, Dalem Boncél ngajerit ..les kapiuhan. Sanggeus émut deui, anjeunna lumpat bari gégétrét ngajugjug pajaratan Ma jeung Pa Boncél, gabrug ngarangkul tutunggul ibu ramana, tuluy nyuuh kana tutunggul ibuna ...Ngagukguk nangis kanyenyerian, bari nyambat-nyambat ibu ramana nyuhunkeun dihapunten.
Salira Dalem Boncél ahirna pinuh ku késrék dugi ka pupusna. Tamat. Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas
Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.
Posting Komentar