Dongeng Sunda Sasakala Situ Wanayasa

Dijual Buku Antik dan Langka


Dongeng Sunda Sasakala Situ Wanayasa




Sasakala situ wanayasa
Kacaritakeun jaman baheula, dina mangsa Wanayasa masih kénéh jadi kadaleman, kungsi aya kajadian halodo nu sakitu bangetna. Mangbulan-bulan taya pisan hujan sakeprul ogé. Sawah-sawah jadi angar, taneuh bareulah, kebon-kebon gararing. Atuh taya pepelakan nu bisa jadi lantaran taya pisan cai.

Ari nu jadi dalem waktu harita nya éta Radén Aria Suriawinata anu katelah Dalem Santri. Kangjeng Dalem méh unggal poé kalaporan ku rahayatna ngeunaan kajadian balukar halodo téh. Unggal poé aya waé kajadian boh nu maot langlayeuseun atawa rahayat nu riributan alatan parebut cai.


"Kumaha atuh, Mamang, sugan aya pamadegan atawa tarékah pikeun ngungkulan ieu kajadian?” ceuk Dalem Santri ka abdi dalem kadeuheusna.



"Sadaya-daya, nuju diémutan ieu ogé."  Walonna bari tungkul ngaheruk.



"Sugan Mamang mah aya piluangeun, da piraku rék diantep waé mah,ceuk Dalem Santri deui.

Nu diajak nyarita kalah ngahuleng salila-lila. Bingung kudu kumaha nyiar jalan, nyieun tarékah pikeun nulungan rahayat anu kagaringan.

Dina hiji peuting, Dalem Santri ngimpén. Dina impénan téh anjeunna kasumpingan ramana. Pok sasauran:


"Anaking Surianata, geura jugjug pangguyangan badak, tingali ka lebah kalérna. Di dinya aya sumber cai, prak pigawé ku hidep jeung rahayat Wanayasa. Jieun hiji situ pikeun panampunganana, tuluy kamalirkeun ka solokan-solokan pikeun nyaian sawah jeung kebon-kebon anu kagaringan"

Réngsé ramana sasauran kitu, koréjat téh Dalem Santri gugah. Anjeunna ngahuleng salami-lami, ngemutan impénan nu cikénéh kaalaman.
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Sasakala Situ Wanayasa

Posting Komentar