Sajarah Langlayangan

Dijual Buku Antik dan Langka
MAEN LANGLAYANGAN JAMAN BAHEULA


Catetan kahiji nu nyebutkeun paulinan langlayangan nya éta dokumen ti Cina kira-kira 2500 Saméméh Maséhi.Kapanggihna hiji lukisan guha di Pulo Muna,Sulawesi Tenggara, dina abad ka 21 nu méré sawangan yén jalma ulin langlayangan bakal ngabalukarkeun spékulasi ngeunaan tradisi nu umurna leuwih ti éta di kawasan Nusantara.

Ayana kamekaran nu bébas anatara tradisi di Cina jeung tradisi di Nusantara,sabab di Nusantara loba kapanggih langlayangan wangun primitif nu dijieun tina dangdaunan.Di kawasan Nusantara ngeunaan langlayangan nya éta tina Sajarah Melayu (Sulalatus Salatin) (abad ka-17) nu nyaritakeun hiji féstifal langlayangan nu diiluan ku gegedén karajaan.Ti Cina, kaulinan langlayangan nyebar ka kulon nepi ka kasohor di Eropa.

Aya rupa-rupa langlayangan, ilaharna nya éta langlayangan hias (dina bahasa Betawi disebut koang) jeung langlayangan aduan (laga).Aya ogé langlayangan nu diteundeunan sendaringan nu bisa ngaluarkeun sora kusabab katiup ku angin.Langlayangan laga biasa dipaénkeun ku barudak dina usum pancaroba kusabab biasana angin niupna tarik dina waktu harita mah.

Di sababaraha wewengkon Nusantara langlayangan dipaénkeun salaku bagiéan tina acara ritual nu tangtu, biasana aya pakuat-pakaitna jeung proses budidaya tani.Langlayangan nu pang basajanna dijieun tina daun nu diteundeunan rangka tina awi jeung ditalian ku serat rotan (hoe).

Langlayangan nu samodél kitu masih aya di Sulawesi.Jeung deui,sababaraha wangun langlayangan tradisional Bali mekar tina langlayangan daun kusabab wangunna nu oval nu nyaruaan daun.Di Jawa Barat, Lampung, aya sawatara tempat di Indon ésia y én lalayanagan dipak é pikeun nguseup.Lalayangan kasebut dijieuna tina anyaman daun sajenis anggrek nu tangtu, anu dipatalikeun jeung kail.

Di Pangandaran aya sababaraha tempat, langlayangan dipasangikeun jerat pikeun meunangkeun kalong.Pamakéna langlayangan pikeun alat bantu panalungtikan cuaca geus aya dina abad ka-18. Wikipedia.
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Sajarah Langlayangan

Posting Komentar