Istilah-Istilah Ngadu Langlayangan

Dijual Buku Antik dan Langka

layang layang




Langlayangan
Langlayangan kumalayang 
ngalayang di méga malang 
paheula-heula jeung heulang 
sukan-sukan sukahayang. 

Mipir langit nyorang méga 
nyawang anggang di buana 
amparan handapeunana 
tanah éndah alam Sunda.



Sumber : Desa Kertahayu.
Langlayangan téh mangrupa kaulinan anu lain baé dipikaresep ku urang lembur. Sabab barudak anu cicing di dayeuh ogé, pangpangna lalaki,teu éléh maceuhna kana langlayangan. Ku kituna kaasup kaulinan favorit anu masih mindeng kapanggih nepi ka jaman kiwari. Lain baé barudak deuih, da rumaja nepi ka kolot ogé henteu saeutik anu resep maén langlayangan.

Maén langlayangan merelukeun tempat anu lega. Ku lantaran kitu, urang kota mah geus ampir béakeun lahan. Kapaksa aya nu maén langlayangan téh di loténg atawa dina suhunan imah. Puguh baé kudu ati-ati, bisi kenurna ngabeulit kana kabel listrik atawa telepon. Pon kitu deui, pikeun anu moro langlayangan kudu super ati-ati, sabab pabeulit jeung patalimarga di jalan raya.

Mangkaning anu keur moro langlayangan mah, panonna pasti tanggah baé, teu pati nolih kana titincakeun.
Urang lembur mah sasarina maraén langlayangan téh di tegalan atawa sisi sawah. Ka dieunakeun, barudak di lembur ogé sok langlayangan di sisi jalan atawa diburuan imah nu rada lega. Orokaya saruana jeung di kota, sakapeung kenurna ngabeulit kabel listrik. 

Lamun maké tali gelasan tangtuna leuwih seukeut tur bisa megatkeun kabel listrik. Anu kalintang bahaya, kungsi sakali mangsa aya anu maké motor ngaliwat ka nu keur langlayangan, sarta beuheungna kaeurad ku kenur. Leuheung kénéh ku kenur, palebah ku gelasan, apan leuwih bahaya. Ku ayana kitu, boh di lembur atawa di kota, maén langlayangan mah tetep kudu ati-ati.

Langlayangan ditalian lebah dadana jeung buntutna, anu sok disebut tali timba. Gunana tali timba, sangkan langlayangan henteu beurat sabeulah atawa gébég. Lamun keukeuh beurat sabeulah, sasarina kudu disisintingan beulah katuhuna, maksudna dibeungbeuratan ku cara napelkeun deui keretas. Malah anu teu beurat sabeulah ogé, aya nu sok maké sisinting kénca-katuhna, da puguh katingalina lucu. Jadi, sisinting ogé mangrupa papaés langlayangan.

Cara ngalalanyahan ngapungkeunana bisa ku sorangan atawa kapaksa kudu ku duaan lamun keur henteu gedé angin. Sanggeus ngapung mah, kari diulur jeung dipulut kenurna diluyukeun jeung liukna angin sangkan langlayangan beuki laluasa igel-igelan ngapak méga. Lamun langlayangan embung leupas, kenurna kudu hadé, ulah loba sambungan. Sabab aya kalana kenur téh ngadadak pegat tur langlayangan ngoléang teu kadongkang. 

Upama geus kitu, tangtu éta mah milik anu moro. Moro langlayangan mangrupa bagéan tina reresepan nu patali jeung maén langlayangan. Sabab aya di antarana anu saukur resep moro langlayangan. Tukang moro bakal panén, upama loba anu keur ngadu langlayangan. Ari ngadu langlayangan mah tangtu paseukeut-seukeut gelasan. Saha anu éléh, gelasanna ngajemprung tur langlayanganana paturay jeung anu ngapungkeunana.

Istilah dina kaulinan langlayangan : 

  • Beurat sabeulah : nyerang waé ka sabeulah (ka kénca atawa ka katuhu) 
  • Cacap : béak benang dina golongan 
  • Dijeblag : mimiti dibetot, terus diulur, nepi ka langlayangan téh ngajeblag kawan nu éléh 
  • Dikubet : dibetot (dina ngadu) 
  • Disasar : disabet tina benang nu lain gelasan
  • Diulur : dibéréan 
  • Gédég : langlayangan anu gédég teu anteng 
  • Gelasan : benang anu diajangkeun keur diadukeun (meunang ngagelas) ;
  • Godos : pisah deui sanggeus mokbrok
  • Golang : langlayangan (ngahaja) sina muter 
  • Kapakan : ngaléngléong sorangan, lantaran pegat éléh diadu 
  • Manteng : maén langlayangan, boh ngadu boh henteu 
  • Mayung : langlayangan nanjung kawas payung 
  • Mokbrok : diadu lila (dina maén ulur)
  • Ngabandang : meunang langlayangan nu éléh atawa nu kapakan ku langlayangan deui anu keur ngapung 
  • Ngarebol : ngabetot benang batur nu langlayangnna geus éléh atawa kapakan 
  • Ngarucu : moro langlayangan 
  • Nutug : langlayangan nyorolot hulu tiheula 
  • Nyéréng : malik ka kénca atawa ka katuhu
  • Rarancang : rangkay langlayangan tina awi, jsb.
  • Tali timba : tali anu dipasang dina langlayangan anu nyambung kana benang 
  • Wangkong : gambar dina langlayangan.


Hayu Urang Mumule Basa Sunda
Ajeg-ajeg kasundaan teh diantarana baris katingali dina soal basa. Pan asa aneh lamun urang Sunda tapi teu bisa make basa Sunda. Piraku ari urang Jawa make basa Jawa, urang Batak make basa Batak, ari urang Sunda teu make basa Sunda ? Baca Selengkapnya 
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Istilah-Istilah Ngadu Langlayangan

Posting Komentar