Sejarah Wawacan Seni Sastra Sunda

Dijual Buku Antik dan Langka




Pertunjukan Seni Sunda di gedung RRI Bandung 1966


Sajarah Wawacan
Ditilik tina sajarahna,gelarna wawacan téh sabada sastra sunda kapangaruhan ku sastra jawa, pangpangna Mataram. Dina abad ka-17 M, asupna wawacan ka tatar sunda téh babarengan jeung asupna basa Jawa ka wilayah Jawa Barat,ku pangaruhna kakawasaan Mataram.

Saterusna basa Jawa téh mangrupa basa resmi nu digunakeun ku pamaréntahan mangsa harita, nepikeun ka pertengahan abad ka-19. Sanggeus kitu tulisan basa sunda téh digunakeun deui di Jawa Barat.

Wawacan
Wawacan hartina jenis karya sastra (boh fiksi atawa non-fiksi) Sunda nu wangunna nuturkeun pola pupuh. Seni macakeun wawacan sok disebut beluk. Kecap wawacan téh asalna tina kecap 'waca' anu hartina 'maca', ku kituna bisa disebutkeun yén ayana wawacan di tatar sunda téh sabada masarakatna geus barisaeun maca, umumna di kalangan pasantrén jeung para ménak.Wawacan téh nya éta mangrupa carita anu didangdingkeun jeung digelarkeunana dina puisi pupuh.

Ditilik tina wangunna, carita wawacan téh mangrupa carita anu kauger ku guru lagu, guru wilangan, sering gunta-ganti pupuh,jeung umumna paranjang. Ari maca wawacan biasana sok ditembangkeun, disebutna beluk. ayana éta beluk biasana dipidangkeun lamun aya salametan, kariaan, atawa aya anu ngalahirkeun, jeung réa-réa deui.

Tadi geus disebutkeun yén maca wawacan téh sering gunta-ganti pupuh. Ari pupuh anu sok ditembangkeun taya lian kinanti, asmarandana, sinom, jeung dangdanggula, sedengkeun pupuh nu séjén mah teu pati sering dipaké.

Aya hiji wawacan anu numutkeun panalungtikan Dr. Mikihiro Moriyama, peneliti Kabudayaan Sunda ti Jepang jadi tonggak ngembangna modernitas di golongan urang sunda.Wawacan kasebut nyaéta Wawacan Panji Wulung anu ditulis ku R.H. Moehamad Moesa, Penghulu Kabupatén Garut dina jaman kolonial. Dina bukuna Sumanget Anyar: Kolonialisme, Budaya Citak, sarta Sastra Sunda Abad ka-19 (2005), Moriyama nétélakeun : "Wawacan Panji Wulung nyaritakeun usaha panyatur dina ngembangkeun dunia modern saluyu jeung tuwuhna jaman ku cara ngawanohkeun konsép anyar ka nu maca, éta sababna wawacan ieu ditapsirkeun minangka gambaran tumuwuhna moderenisasi dina nulis basa Sunda".

Papasingan Wawacan
Eusi wawacan rupa-rupa,aya nu nyaritakeun carita Nabi ( Wawacan Nabi Paras, Wawacan Mi'raj Kangjeng Nabi Muhammad SAW, Wawacan Sajarah Ambiya, Wawacan Layang Syékh jsb ), babad (Babad Cirebon, Babad Banten, Babad Timbanganten, Babad Dogdog, jsb

Nepikeun wawacan anu eusina ngeunaan tatanén jeung ubar aya sabab leuwih bisa dibaca ku masarakat ti batan ditulis dina wangun prosa lancaran. Tapi lolobana wawacan mangrupa wangun fiksi boh éta dina basa Sunda boh wawacan nu ti basa Jawa saperti :Wawacan Rengganis, Wawacan Damarwulan,Wawacan Angling Darma, Wawacan Dewa Ruci,  jeung sajabana.***  Wawacan JakaUmbaran  Baca berikutnya 




Carita Wayang Bahasa Sunda - Ngadegna Amarta 

 carita wayang bahasa sunda ngadegna amarta
Kocap kacarita di Nagara Astina, Prabu Déstarata, Prabu Anom Suyudana, Patih Sangkuni, sareng Pandita Dorna, nuju gunem catur nyarioskeun perkara Pandawa Lima. Teu eureun-eureun dikakalakeun, tapi teu weléh salamet. Kasieun maranéhna, kumaha upama Pandawa marénta nagara. Laju baradami, sugan aya tarékah anyar, pikeun nyilakakeun paraputra Pandu. Sukur-sukur bisa nepi ka hanteuna. Baca selengkapnya 



Dongeng Sunda Baheula Si Dirun

 dongeng sunda si dirun
Basa keur indungna jumeneng keneh, Si Dirun kacaritakeun budak nu bangor pisan. Indit ka sakola mindeng teu nepi. Geus karuhan ari ngabohong mah, bebeja butuh duit keur meuli patlot, kalahka dipake jajan. Duit keur bayaran oge kalahka dipake ngadu, nepi ka ludes jeung erlojina sagala rupa. Gelut mah geus lain caturkeuneun deui, mindeng diseukseukan ku guru lantaran gentreng jeung baturna. Atuh lamun kaparengan aya lalajoaneun, tara nepi inget ka waktu Baca selengkapnya >



Peristiwa Bandung Lautan Api Bahasa Sunda

 peristiwa bandung lautan api bahasa sunda
Harita téh poe minggu, poé nu sakuduna mah dipaké reureuh sarta kumpul jeung kulawarga. tapi pikeun rahayat Bandung mah, kalahka riweuh. Sapoé saméméhna, pamaréntah urang di Bandung meunang ultimatum ti pihak tentara Inggris, eusina, pasukan-pasukan Tentara Republik Indonesia, katut nu séjénna, kudu ninggalkeun Baca selengkapnya > 



Biografi Bahasa Sunda Oto Iskandar Dinata Si Jalak Harupat


 biografi bahasa sunda oto iskandar dinata
Kiwari urang boga salam nasional nu mangrupa pekik Merdéka bari nonjokeun peureup ka luhur. Salam anu ngagedurkeun sumanget para pahlawan bangsa dina mangsa revolusi fisik, enggoning ngarebut kamerdekaan bangsa Indonesia. Eta salam nasional téh diciptakeun ka Oto Iskandar Dinata, salasaurang pahlawan nasional nu asalna ti Tatar Sunda. Tangtu baé, jasa Oto Iskandar Dinata téh lain ngan sakitu-kituna. Perjoangan jeung ketakna dina ngabéla bangsa jeung lemah caina, natrat katembong dina lalakon hirupna. Baca selengkapnya >



Dongeng Sunda Lalalajo Wayang 

 dongeng sunda nonton wayang
Si Salim anak urang lembur, budak bageur pisan, getol diajar, tur parigel kana pagawéan. Tapi bubuhan budak, nya rajeun wae aya carékeun kolotna mah nya éta sok kamalinaan teuing lalajo ti peuting. Ari karesepna babakuna kana wayang. Upama ngadengé cekung-cekung goong wayang téBaca selengkapnya >






Dongeng Sunda - Nyi Sekar Arum

 dongeng sunda nyi sekar arum
Kacaturkeun jaman baheula, aya hiji randa kolot anu beunghar, imahna alus tur gedé. Mundingna réa. Sawah jeung kebonna lega. Ingon - ingon sabangsa, hayam, meri, éntog, soang, teu ka itung.  Éta randa boga anak awéwé hiji, ngaranna Nyi Sekar ArumÉta randa boga anak awéwé hiji, ngaranna Nyi Sekar Arum, kakara umur tujuh taun. Kacida dipikameumeutna ku indungna, da ngan hiji-hijina pisan, turug-turug Nyi Sekar Arum rupana hadé, Baca selengkapnya 




Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Sejarah Wawacan Seni Sastra Sunda

Posting Komentar