Sastra Sunda Wawacan Purnama Alam Suriadireja

Dijual Buku Antik dan Langka


wawacan purnama alam



Wawacan Purnama Alam
Purnama Alam adalah wawacan karya sastrawan terkemuka R. Suriadireja. Sebuah wawacan tebal  mencapai 190 pupuh 6.197 bait yang bagi para pengkaji literasi sastra Sunda sudah teu bireuk lagi.

"Rai darma kirang tata, sepi harti tanpa nolih, kana sipat panilih, kalebuh ku rusuh napsu, nu ngenyang kana murka, rancana rereged ati, anu megat raratan kasalametan ... cape teuing ngurus napsu, teu kawawa ku hawa, rarambu rerembet ati, anu narik saluyu sipat satia" (Purnama Alam)

Melalui wawacan yang dibalut dengan gaya bahasa lentur dan indah itu sang Pengarang dengan memukau bukan hanya berhasil menghadirkan kekayaan batin kosmologi kebudyaan Sunda namun juga telah dengan elok mengangkat kompleksitas relasi psikologis antar manusia bahkan juga dengan makhluk halus. Pilihan nama dan tempat yang membangkitkan daya imajinasi kuat bukan sekadar pilihan tanpa dasar namun sebuah kesadaran yang mencerminkan tingginya daya khayal sang pengarang.

Sebut saja misalnya nama-nama yang sekarang nyaris banyak dijadikan nama orang Sunda seperti Purnama Alam itu sendiri, Dewi Pramanik, Dewi Kania, Ratna Suminar, Mantri Ginggi, Wiku Muhammad Kurbah, Riskomar, Kumba Aring-Aring, Prabu Putiasukma, Prabu Pramayon, Patih Mandrawati, Barakgirung dan lain sebagainya. Atau nama tempat semisal pesantren Gurangsarak, Tolongtelengan, Gunung Sirkawur, Guyung Limbu,  Tegal Sulung Tubu, Masjid Binarum Kania.

Berbeda dengan wawacan lainnya semisal Batara Rama karya RAA Martanegara yang notabene adalah saduran dari bahasa Jawa (Seratrama) atau wawacan Mahabarata yang dikerjakan oleh R. Memed Sastrahadiprawira, R. Satjadibrata dan MA Salmun  yang sepenuhnya hanya saduran dari cerita India melalui bahasa Belanda sebagaimana dalam penelaahan banyak tokoh.

Wawacan Karya Sastra Sunda
Bukan hanya kecermatan memilah nama dan tempat namun juga, bahasanya yang plastis dan puitis di samping  juga pesan moralnya yang jelas tanpa tendensi untuk menggurui. Inilah tiga alasan yang mejadi daya pesona Purnama Alam yang diterbitkan pertama kali tahun 1922.
Wawacan ini bukan sekadar ‘karya sastra’ masa silam dengan alam pikiran yang serba mistis namun memiliki pertautan erat dengan konteks kekinian kalau kita mau merenungkan. Kekuatannya malah terletak dari tingkat relevansi yang erat dengan kondisi sekarang. Sehingga tidak berlebihan seandainya Ajip Rosidi dalam buku “Manusia Sunda” menjadikannya sebagai salah satu tokoh utama dari wawacan ini yaitu Dewi Pramanik-Ratna Suminar sebagai bagain dari rujukan identitas manusia Sunda di samping Sangkuriang, Si Kabayan, Mundinglaya Dikusumah, Raden Yogaswara, berdampingan juga manusia historis tak ubanya Dipati Ukur, Ki Tapa, Pangeran Kornel, Haji Hasan Mustapa dan Dewi Sartika.

Dewi Pramanik dan Ratna Suminar menjadi ilham bagi manusia Sunda sekarang untuk merumuskan identitas diri dan budayanya. Menjadi semacam tatapakan filsafat dalam rangka menjangkarkan akar kultural di satu sisi sekaligus mengidentifikasi definisi Ki Sunda sekarang di sisi lain. Bukankah kemajuan Barat salah satu jawabannya adalah karena  mereka memiliki pijakan literasi budaya yang kokoh yaitu peradaban Yunani yang sesungguhnya banyak dikemas dalam bentuk mitologi dan cerita supranatural.

Dari mitologi Yunani mereka mampu merumuskan filsafatnya secara ajeg, bisa mengkonseptualisasikan tentang karakteristik manusia unggul sekaligus membangun metodologi berpikir yang revolusioner. Revolusi yang meledak dalam pemikiran manusia itu menghasilkan  peradaban dan kebudayaan kita dewasa ini. Kebangkitan dahsyat yang multi faset dalam bidang sains, seni, sastra dan semua wilayah hidup dan kehidupan manusia dan sosial

Dalam cerita yang direkanya dunia manusia dapat menembus  realitas keghaiban, bisa membuka tirai langit. Proses sihir yang telah menjadikan Purnama Alam sebagai arca karena alasan kebencian dan juga pencarian ratu jin sakti mandraguna Ratna Suminar yang telah kepincut Purnama Alam terhadap Dewi Pramanik tidak kalah dengan visualisasi film Alien atau film box office seriel Supermen sekalipun. Proses penaklukan Kumba Aring-Aring di angkasa  karena ditempeleng Ratna Suminar yang kemudian jatuh  ke atas pohon Langlangsona yang terletak di Tegal Sulungtabu padahal sebelumnya tidak bisa dikalahkan Mantri Ginggi, atau jimat tikelbalung pemberian Pramanik kepada Ratna Suminar  lebih  dramatis daripada film Avatar.

Paduan Budaya
Harus juga dicatat Wawacan Purnama Alam di sisi lain mencerminkan tentang upaya si pengarang untuk mendialogan agama yang dianutnya dengan budaya lokal secara kreatif tanpa harus satu sama lain saling manafikan tapi justru saling memperkaya, untuk meneguhkan bahwa keikhlasan dapat mengalahkan kedigjayaan walaupun itu datangnya dari dunia jin. Bahwa kekuatan nalar yang disimbolisasikan dengan pencarian epistemologi Purnama Alam belumlah cukup untuk mewujudkan dunia (kerajaan) yang berkeadaban, tetap saja ketajaman nalar musti dipadukan dengan kehangtan nurani dan sensitivitas kalbu.
Bahwa ternyata kesaktian Ratna Suminar yang diraih hanya mengandalkan kekuatan nalar dan bahkan tempelengannya dapat menaklukan Kumba Aring-Aring tidak ada apa-apanya dihadapan perempuan berbudi luhur Pramanik yang mengambil opsi hidup secara asketis : sederhana, ikhlas, dan selalu memposisikan orang lain dengan penuh hormat.

Pada titik ini wawacan Purnama Alam sesungguhnya hendak meneguhkan pesan bahwa opsi beragama tidak mesti kemudian menganulir budaya,justru kebalikannya agama dapat memperkaya budaya sebagaimana budaya ketika ditopang agama akan memiliki pijakan transendensinya yang kokoh. Agama menjadi purnama untuk mentautkan hasrat alamiah ruhaniah dengan realitas Langit dan budaya menjadi purnama bagi alam untuk menciptakan hidup yang tertib, santun dan damai. Dan bukankah dalam kenyataannya orang (bangsa) tidak mungkin berdamai dengan Tuhan kalau tidak mampu berdamai dengan kemanusiaan, begitu pula sebaliknya.

Tentu saja budaya dan agama dalam spirit Purnama Alam bukanlah agama dan budaya yang jatuh dalam kutub ekstrem : anti dialog, ekslusif, monolitik, dan anti terhadap fakta multikulturalisme . Justru Purnama Alam menginjeksikan ihwal agama dan budaya yang terbuka dan moderat, inilah tafsir agama yang akan mampu memberikan jawaban atas problem kamanusiaan mutakhir yang semakin rumit. Oleh Asep Salahudin (republika)

Wawacan Purnama Alam
Pupuh Asmarandana

Dangding Sunda sakajudi, titisan ti pupuhunan, beubeunangan soson-soson, kekel kana tatarosan, ti bangsa nu budiman, prabujangga juru lagu, nu paham kadongkarian.
Ari ieu nu digurit, lampah ménak jaman kuna, masih kaom buhun kénéh, wantu alam kadéwaan, sumembah ka sangiang, munjungna ka sang rumuhun, nyambat ka para batara.

Beunang nungtik ti leuleutik, nyutat nyatet ti bubudak, tataros ti kolot kahot, juru dongéng alam kuna, ayeuna ditukilna, disusurup kana lagu, ditulad dijieun babad.

Manawi baé ngajadi, ku sadaya dimaranah, didamel conto lalakon, kana geusan kamulusan, jalan kasalametan, satungtung nyandangan hirup, rumingkang di pawenangan.

Di dieu babad teu sepi, anu murka anu satia, kabéh watekna katangén, sarta leuwih-leuwih nista, ngeunahna tugenahna, ganjaran nu mulus laku, naraka ku lampah murka.

Wiwitan anu digurit, aya sahiji nagara, gedé sarta leuwih ramé, ngaran nagara Riskomar, dina jaman harita, kamashur ku tina unggul, ti saban nagara lian.

Kereta sartana mukti, henteu aya kakurangan, sumembor ka nagri séjén, tina kamulyaanana, sagala hahasilan, samalah enggeus kasebut, huluwotan dayeuh lian.

Ari anu jadi narpati, ratu di nagri Riskomar, Sri Maha Déwa Pramayon, kongas adil palamarta, pinter sugih tur gagah, loba ratu anu taluk, jadi bawah paréntahna.

Kagungan putra sahiji, Sang Ratu ti praméswari, pameget kalangkung kasép, dina jaman harita mah, kongas ka sabuana, kakasihna nu kamashur, Pangéran Purnama Alam.

Istu kasép katambah lantip, netepan kasatriaan, taya bubudéning goréng, wantu bener kusumahna, nyekel karaspatian, lungguh pancuh wuwuh ampuh, nyegah sakur lampah salah.

Ngan aya ku saperkawis, pasangaran salirana, nu narik kana cocogéh, lantaran leuwih kasépna, loba nu kaédanan, asal kapincut kairut, istri-istri sadayana.

Najan nu boga salaki, ngadadak ménta ditalak, hayang ka Pangéran Anom, tapi arambon sorangan, taya du dilawanan, kantun ngaberung napsu, murudul abrul-abrulan.

Tatapi Sang Putra tigin, henteu bingbang teu kagémbang, ku istri anu tarémbong, nutup anjeun di kaputran, lenggah di pagulingan, buku anu digugulung, nalék sakur kitab-kitab.

Sabab anu dipigalih, gampang lampah kalacuran, hésé mun ngalap pangartos, bagbagan kasasmitaan, margi langkung kekelna, nyurupkeun ka jero kalbu, nyangsangkeun kana pangrasa.

Tambah harita geus nyangking, papacangan baris garwa, pangrérémo Sang Narpatos, Kaswati jenenganana, putri nagri Ambarak, rujuk sepuh pada sepuh, jalan hayang bébésanan.

Tatapi malah ngajadi, sumpeg galih Sang Sri Nata, aringgis rérémo bedo, ku sabab Pangéran Putra, tacan kersa garwaan, da nuju ngalap élmu, palay jembar pangawasa.

Mungpang ka pangersa Gusti, Pangéran Purnama Alam, teu kersa jadi pangantén, ka putri Ratu Ambarak, malah aya saurna, kajeun dihukum gantung, dibuang ka tempat anggang.

Jeung tinimbang kana kénging, ku rama dipaksa nikah, kajeun ngalolos ngaléos, nyingkiran ka nagri lian, kitu manah Sang Putra, atuh Ratu wuwuh éwuh, sumawonna praméswara.

Turug-turug sering nampi, serat ti Ratu Ambarak, ka kersa Sang Narpatos, ngangkeran nikahkeun putra, tina enggeus sedengna, nikahkeun nya mulung mantu, ka Sang Pangéran Purnama.

Éta leuwih-leuwih jadi, sumpeg galih Sang Sri Nata, ari rék neda bedo, tinangtu jadi isinna, ka Sang Ratu Ambarak, malah tangtu aya tungtung, kana marga kaawonan.

Kadangkala sami lai, bawaning nular cecela, awal ahir hujan pélor, wantu sami jembar manah, ngambah ing danalaga, pada cukup bataliun, sami tedak sénapatya.

Sareng kadua perkawis, kasumpeg Sri Maha Raja, margi Sang Pangéran Anom, ku Raja geus kauninga, matak guyur nagara, ngusutkeun piker nu lembut, nyusahkeun para kapala.

Gujrud awéwé sanagri, pada nandang kaédanan, paroho ampir garélo, sok aringgis jadi matak, sangar nagri Riskomar, Ratu langkung paur kalbu, inggis bahya kumaonam. 

Pupuh Sinom

Harita Sri Maha Raja, keur linggih di srimanganti, sasarengan praméswarana, dideuheusan ku papatih, Arya Gundara Pati, teu lami Ratu ngadawuh, éh Patih marga kakang, nyaur téh arék badami, hal perkara si ujang Purnama Alam.

Éstu matak jadi susah, ngarudetkeun kana ati, karasa dua perkara, gumanteng dina sanubari, aria nu ngajadi, kana tungtung kabingung, kahiji nu geus nyata, Ki Purnama Alam mungkir, ka Kaswati nampik teu daékeun nikah.

Jeung kadua perkarana, kakang leuwih-leuwih risi, ku watek Purnama Alam, bet matak nyangarkeun nagri, geus manggih béja sidik, awéwé pada kairut, tagiwur ura-ara, teu tolih boga salaki, pada datang ngahelaran ka kaputran.

Éta leuwih matak susah, pasti jadi guyur nagri, baruntak jeroning kota, asal henteu répéh rapih, abdi-abdi nu leutik, tangtu tagiwur timburu, moal aya luluasan, jeung pasti moal sak deui, matak nungtun bahya ka Purnama Alam.

Tah éta kuma petana, kakang leuwih susah ati, cing ayeuna kakang ménta, pirempug Ki Arya Patih, akal geusan lastari, nu bakal ngabendung bingung, mukahkeun kasusahan, henteu lami Arya Patih, nyembah hurmat ngawangsul ka Sang Sri Nata.

Abdi dalem nampi pisan, kana sadaya panglahir, pasal ngagem kasumpegan, kersa Dalem nu sayakti, ku abdi dalem kéring, sakalintang marga éwuh, mung hatur permuhunan, yaktos putra Dalem mugi, ulah waka dipaksa kana garwaan.

Boh bilih dina ahirna, putra Dalem hanteu jadi, kana marga kalulusan, pista ka putri Kaswati, ngabongankeun di ahir, ka kersa Dalem nu éstu, tangtos wuwuh kaéwuhan, kana selebeting galih, putra Dalem Sang Sunu Purnama Alam.

Amung manawi rempag mah, klayan kersa Dalem yakti, saé jujur kahoyongna, ngalap sipat ilmi-ilmi, haliah lahir batin, nyusul panemu nu luhung, geusan kawilujengan, teu lami Ratu ngalahir, najan kakang teu pisan rék ngahalangan.

Kana maksud Ki Purnama, yén nyiar bangsa pangarti, malah jadi kabungahan, ngan nyaéta anu jadi, ku embung boga rabi, kadua ku matak guyur, anu bakal ngagoda, awéwé nu jadi iblis, kasétanan narik lampah kalacuran.

Tatapi lamun rempug mah, reujeung Ki Aria Patih, ka kakang baréto aya, hiji wiku ménta idin, cicing di tepiswiring, tanah pangawatan kidul, di gunung Gurangsarak, ménta jadi guru santri, rék ngamalkeun kitab papagon agama.

Ku sabab éta ayeuna, pamaksud kakang pribadi, perkara Purnama Alam, arék dijurungkeun indit, sina di wiku cicing, minangka buang ka gunung, pasantrén Gurangsarak, sugan sanggeus jadi santri, purun nikah ka Putri Ratu Ambarak.

Arya Patih ngawangsulan, menggah abdi dalem yakti, katur sakalimpang rempag, kana sadaya panglahir, amung kedah dijagi, bilih ngalolos teu puguh, ti gunung Gurangsarak, saur Ratu bener Patih, poé ieu isuk anteurkeun ku saréréa.

Ayeuna kudu sadia, gulang-gulang para mantri, nganteurkeun Purnama Alam, ka resi paguron santri, reujeung ayeuna misti, nitah mantri buru-buru, ka gunung Gurangsarak, mawa surat keur ka Resi, méré terang baris datang Ki Purnama.

Sanggeus nambahan Sri Nata, lajeng miwarangan mantri, nyaur Sang Purnama alam, gancangna anu digurit, Pangéran Putra sumping, ngadeuheus ka payun Ratu, lenggah bareng jeung sembah, henteu lami Sang Narpati, ngadawuhan ka Raja Putra Purnama.

Éh Ujang Purnama Alam, anak ama buah ati, anu matak dicalukan, ama téh arék badami, ku sabab leuwih-leuwih, ama nandang pikir sukur, bungah taya papadana, nénjo ka ujang pribadi, junun wekel kana ngalap pangabisa.

Malah geus jadi utama, nyangking harti pilih tanding, tur mashur satia rasa, ama leuwih bungah ati, ngan aya anu jadi, kana ngaburungkeun sukur, matak rémpan pikiran, ama manggih béja sidik, yén ujang téh matak tagiwur nagara.

Ku sabab éta ayeuna, purun gé misti, ujang téh saheulaanan, ulah aya di jro nagri, saméméh boga rabi, kudu masantrén ka wiku, di gunung Gurangsarak, tempat jauh sarta suni, itung-itung nyingkiran kabalahian.

Jeung kadua perkarana, ama engeus tampa deui, pangangken Ratu ambarak, nikah téh ngajakan gasik, di bulan hareup misti, ku ama enggeus diwangsul, neda témpo heulaan, disebut ujang keur ngaji, di pasantrén Resi gunung Gurangsarak.

Anu matak kudu pisan, ujang téh ulah rék mungkir, masantrén di Gurangsarak, poé pagéto nya indit, dianteur ku pramantri, Sang Putra nyembah ngawangsul, ka rama Sri Maharaja, jeung tumungkul langkung ajrih, abdi Gusti mung hatur sadaya-daya.

Sumeja kumambang pisan, kana sugrining panglahir, mios ti dayeuh Riskomar, ka padésan tepiswiring, gunung liwung nu rumbit, nenggah abdi gusti éstu, sumawonten parekna, dipangkonan dampal Gusti, najan tebih raratan meuntas lautan.

Abdi Gusti tumut pisan, ing siang kalayan wengi, Sri Maha Ratu ngandika, sukur ujang henteu mungkir, ayeuna sing tarapti, bébérés jeung urus-urus, bawaeun barang uang, ulah aya anu kari, barang-barang pangeusi karang kaputran.

Ari pangéran Purnama, lain jadi ngangres galih, yén nampi dawuhan rama, teu kénging aya di nagri, anggur leuwih ngajadi, nandang gumbirana kalbu, anu anu jadi sabab, pangbingahna lantaran tebih, reujeung anu rék maksa kana garwaan.

Gancang ieu carita, tunda nu aya di nagri, kacatur di Gurangsarak, ngaran pasantrén Pramanik, kénging ngalandi resi, dimashurkeun ngaran kitu, ari jenenganana, éta anu jadi resi, kongas nelah Sang Resi Muhamad Kurbah.

Kamashur kamana-mana, resi pasantrén Pramanik, pupujaan ménak-ménak, sipat masalah anu muskil, nu rumbit dina ati, élmu kalawan panemu, baris dunya ahérat, didadar dijieun hasil, dibuktikeun pertata pasal percéka.

Tani tigin heunteu tuna, jujur maju ngajar ngaji, ngajadi pandita harja, hanteu jurang harta-harti, padamaelan binangkit, bangsa ngarara ngararut, sarta ukir-ukiran, ngajeujeut jeung ngamanjait, pinter ngatur ngéndah-ngéndah palataran.
 ***


Dongeng Sunda Baheula Si Dirun

 dongeng sunda si dirun
Basa keur indungna jumeneng keneh, Si Dirun kacaritakeun budak nu bangor pisan. Indit ka sakola mindeng teu nepi. Geus karuhan ari ngabohong mah, bebeja butuh duit keur meuli patlot, kalahka dipake jajan. Duit keur bayaran oge kalahka dipake ngadu, nepi ka ludes jeung erlojina sagala rupa. Gelut mah geus lain caturkeuneun deui, mindeng diseukseukan ku guru lantaran gentreng jeung baturna. Atuh lamun kaparengan aya lalajoaneun, tara nepi inget ka waktu Baca selengkapnya >



Peristiwa Bandung Lautan Api Bahasa Sunda


 peristiwa bandung lautan api bahasa sunda
Harita téh poe minggu, poé nu sakuduna mah dipaké reureuh sarta kumpul jeung kulawarga. tapi pikeun rahayat Bandung mah, kalahka riweuh. Sapoé saméméhna, pamaréntah urang di Bandung meunang ultimatum ti pihak tentara Inggris, eusina, pasukan-pasukan Tentara Republik Indonesia, katut nu séjénna, kudu ninggalkeun Baca selengkapnya > 


Biografi Bahasa Sunda Oto Iskandar Dinata Si Jalak Harupat


 biografi bahasa sunda oto iskandar dinata
Kiwari urang boga salam nasional nu mangrupa pekik Merdéka bari nonjokeun peureup ka luhur. Salam anu ngagedurkeun sumanget para pahlawan bangsa dina mangsa revolusi fisik, enggoning ngarebut kamerdekaan bangsa Indonesia. Eta salam nasional téh diciptakeun ka Oto Iskandar Dinata, salasaurang pahlawan nasional nu asalna ti Tatar Sunda. Tangtu baé, jasa Oto Iskandar Dinata téh lain ngan sakitu-kituna. Perjoangan jeung ketakna dina ngabéla bangsa jeung lemah caina, natrat katembong dina lalakon hirupna. Baca selengkapnya >


Sejarah Bandung Dalam Bahasa Sunda

 sejarah bandung dalam bahasa sunda
Sawarehna jalma-jalma kiwari nu sapopoe nyeuseup hawa Kota Bandung, kawasna bae langka anu daek nyawang hese-beleke ngadegkeun jeung ngawangun ieu kota.
Buktina aya keneh, mun teu rek disebut loba oge, anu apilain kana aturan-aturan enggoning ngamumulena.
Padahal memeh aya teh euweuh heula. Memeh jadi kota, leuweung heula. Memeh rame, tiiseun heula. Baca selengkapnya > 



"Dibobokna 

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Sastra Sunda Wawacan Purnama Alam Suriadireja

Posting Komentar