Dongeng Sunda | Gara-Gara Sapatu Nur Elah

Dijual Buku Antik dan Langka

dongeng sunda gara gara sapatu nur elah

Keur urang Sunda Tamara Sunda anu ayeuna keur meujeuhna pogot ngadengekeun dongeng mah,moal aya anu bireuk deui kana ngaran Tahir S, Paliba teh, di sagigireun tokoh - tokoh dongeng Sunda jaman baheula saperti : Karta dina dongeng Cipanon Indung, Andi dina dongeng Si Buntung Jago Tutugan, Nur Elah, Abah Jamil,Ujang Sirod,Si Kesen, Abah Punduh, Soniangsih, Den Jaman, Neng Mini, jeung sajabana.

Lamun anu bieu ditataan panderi teh tokoh-tokoh dina dongeng, tapi ari nu saurang nu disebut pangheulana nya eta Tahir S.Paliba mah lain tokoh dongeng, tapi kamashurna mah leuwih ti tokoh-tokoh dongeng anu manehna kaasup salah sahiji studio, radio swasta pikeun kapentingan pausahaanana nya eta pausahaan sapatu.

Ari di kalangan anu ngadarangukeun mah manehna teh katelah tukang ngagokan dongeng (iklan) pangumuman ana waktu keur dibarandungan.

Tahir S. Paliba teh asalna urang Sulawesi, manehna kacida rapekanan, pinuh ku daya cipta sarta ngarti kana kahayang jaman. Kamajuaan pausahaanana bisa nandingan pausahaan-pausahaan Cina.

Ari anu jadi bukur catur di lembur-lembur,bahan pabeja-beja di desa, teu euweuheun jadi lalab rumbah carita di kota nya eta ku pokalna Tahir pausahaan sapatu. Anyar-anyar ieu geus nyieun sapatu buta anu cenah mah panggedena di sakuliah dunya, nya eta anu dingaranan sapatu "Nur Elah" Nurutkeun katerangan, ieu Sapatu teh jangkungna dua meter, gedena ngaleuwihan dreum sarta beuratna 250 kilometer(dua setengah kwintal). Dijieun tina kulit sapi, tepi ka meakeun kulit tilu sapieun.

Tapi lain ngan saukur kitu hojahna Tahir, bari ngabonceng kana dongeng sabada magrib manehna ngembarkeun saembara anu eusina : sing saha anu bisa ngangkat ieu sapatu lilana samenit bakal dibere hadiah lobana sajuta. Meunang beja kitu,atuh puguh tiditu-tidieu pada hayang milu saembara, sajaba ti ahli-ahli sepor, nepi ka nini-nini jeung aki-aki anu umurna leuwih ti 100 taun oge make aya andar milu saembara. Kawilang hebat ieu saembara teh! Komo bari ditambahan ku keletas-keletis, cenah anu bakal bisa ngangkat eta sapatu teh lain ahli-ahli sepor anu baredas, tapi aki-aki anu umurna ti 100 taun, sabab manehna bakal make tanaga jero (tanaga gaib).

Poe juma'ah harita teh, tanggal 17 Oktober 1975. Samemeh prung padungdung.

Naa ana leugeudeut teh jalma-jalma ti suklakna ti siklukna daratang hayang nyaksian saemabara. Lantaran tempat saembara ngan make rohangan disisi jalan nya eta hareupeun toko sapatu di jalan Kopo No.320.A Bandung,atuh anu rek nongton teh teu kawadahan, antukna breg bae jalan kapendet, ieu jalan teh gede anu kawilang salah sahiji jalan pangramena, nya eta liliwatan nu ngahubungkeun Bandung-Margahayu-Soreang-Ciwidey.

Lebah dieu titajongna Tahir, lantaran anu hayang nyaksian saembara mangrebu-rebu tepi teu kapernahkeun,jalan ka tutup tepi ka aya 5 km salila 7 jam, nya eta ti pukul dua belas beurang tepi ka pukul genep sore. Rupa-rupa tutumpakan minuhan jalan,teu puguh alang ujurna. Mundur teu bisa maju teu bisa.

Dina prungna loba nu dagang jeung jelema kaleyek,malah beca oge aya kana tiluwelasna anu ruksak lantaran kasered sarta terus dirarumpak. Nu lalajo lain bae ngan sauukur ngaliud pasedek-sedek di handap,tapi oge loba pisan anu tingterekel naek kanan suhunan imah batur jeung kana benteng tembok. Keur meujeuhna raramena nyaksian anu aduregeng nyoba-nyoba ngajungjungkeun sapatu buta naa ana bru teh tembok benteng pabrik tinun rubuh. Sajaba jalma-jalma anu reuteum diluhur benteng kabawa ragrag,atuh jalma-jalma anu dihandap oge katinggang ku bata urut tembok benteng. Nu cilaka sarta taratu pating golepak.

Antukna saembara disetop ku nu wajib, sapatu buta Nur Elah dibawa kana mobil Scogar. Tahir anu asalna ngarasa untung duit saembara euweuh nu meunangkeun sarta ngarasa pausahaanana meunang perhatian anu lain lumayan, ahirna kapaksa ngarasa dag dig dug oge. Sabab sajaba ti dipariksa ku nu wajib lantaran ngayakeun raramean saembara tanpa idin,oge ti ditu tidieu menta parurugi. Aya-aya bae. ku:Mang Ana Tina Koran Sunda Kujang Juma'ah 1975
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda | Gara-Gara Sapatu Nur Elah

Posting Komentar