Sejarah Jeung Kamekaran Sajak Sunda

Dijual Buku Antik dan Langka


kamekaran sajak sunda



Sejarah Jeung Kamekaran Sajak Sunda 
Gelarna sajak dina sastra Sunda nya éta sabada merdika. Dina munggaran gelar, sajak téh loba dibagéakeun ku sora-sora anu kontra. Ari alesanana, dumeh loba nu boga anggapan yén sajak téh. Lain banda asli boga karuhun Sunda, tapi mangrupa barang impor tina sastra deungeun. Lian ti éta, disawang tina wangunna, sajak téh teu boga aturan-aturan anu husus saperti dangding.

Ku kituna sajak téh teu bina ti karangan lancaran anu nulisna dipotong-potong, sarta hésé dipikahartina. Sora-sora anu kontra kitu datangna ti "kalangan sastrawan éntragan kolot. Sabalikna, ti kalangan sastrawan éntragan ngora muncul sora-sora anu pro, anu ngadukung sangkan sajak meunang tempat dina kandaga sastra Sunda. Atuh lantaran ayana sora anu pro jeung anu kontra téa, nya muncul polemik antara sastrawan éntragan kolot jeung sastrawan éntragan ngora masualkeun hak hirupna sajak dina kasusastraan Sunda.


Dina kanyataanana, tétéla sajak téh meunang tempat pikeun hirup, sarta tumuwuh jeung ngarékahan. Sabalikna, dangding mah nu ceuk anggapan kalangan sastrawan entragan kolot mangrupa banda asli bogana karuhun Sunda, beuki dieu téh beuki kurang nu ngaropéa.


Pangarang anu munggaran nulis sajak dina sastra Sunda nyaéta Kis WS, dina taun 1946. Ditéma ku KTS (Kadir Tisna Sujana) anu mimiti ngumumkeun sajak-sajakna dina taun 1949. Saterusna muncul panyajak-panyajak anu séjénna, di antarana waé panyajak éntragan Wahyu Wibisana saperti RAF, Surachman RM, Yus Rusyana, Ajip Rosidi, Dedy Windyagiri, Hasan Wahyu Atma-Kusumah, Agus Sur, Rachmat M. Sas Karana, Sayudi, jeung nu séjénna.


Béh dieu, muncul panyajak éntragan Usep Romli HM, saperti Eddy D. Iskandar, Ano Karsana, Godi Suwarna, Yoseph Iskandar, Juniarso Ridwan jeung Tatang Sumarsono. Lian ti mindeng dimuat dina majalah jeung surat kabar, ogé loba sajak anu geus terbit mangrupa buku. 
Di antarana waé : 


  • Lalaki di Tegal Pati karya Sayudi. 
  • Surat Kayas jeung Basisir Langit karya Surachman RM. 
  • Jante Arkidam karya Ajip Rosidi. 
  • Ombak Laut Kidul, Tepung di Bandung, jeung Surat Panjang ti Cijulang karya Rachmat M. Sas Karana. 
  • Pamapag karya Ayat Rohaedi.
  • Katiga karya Yayat Hendayana. 
  • Nu Mahal ti Batan Inten karya Yus Rusyana. 
  • Sawelas Taun karya Usep Romli HM. 
  • Jamparing jeung Nu Ngarongheap Mangsa Surup karya Eddy D. Iskandar. 
  • Jagat Alit jeung surat-surat kalimat karya Godi Suwarna. 
  • Sajak-sajak Cilaut euruen karya Taufik Faturohman. 
  • Lalaki Karya Juniarso Ridwan. 
  • Tumbal Karya Yoseph Iskandar. Jeung rea-rea deui. *** Dicutat Tina : Ulikan Sastra Sunda 1983. Ku : Taufik Faturohman.







Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Sejarah Jeung Kamekaran Sajak Sunda

Posting Komentar