Dongeng Sunda Sasakala Pandeglang Banten

Dijual Buku Antik dan Langka

PASAR DI LABUAN BANTEN JAMAN BAHEULA


Kacaritakeun jaman baheula aya hiji putri, putra Sanghiang Kanaliputih, jenenganana Nyi Putri Grajati, calikna di sisi Walungan Cilémér. Dina jaman harita éta putri kawéntar pisan kageulisanana. Réa raja jeung putra raja nu paralayeun migarwa. Tapi boro-boro kalaksanakeun migarwa, nepangan ogé teu aya nu iasa, da teu aya nu uningaeun lebah-lebahna acan.

Sawarnaning mahluk anu kumelip di leuweung éta, euweuh nu teu muji ka putri, kayungyun ku kageulisanana, kasabaranana, jeung kasaéan manahna. Upama Nyi Putri angkat-angkatan, sato héwan anu ngiring, mani ngeungkeuy mangpirang-pirang. Ngaleut di satukangeun Nyi Putri.Upama Nyi Putri ngalangkung, tutuwuhan tingpelenong, ngahormat minangkana mah. Kekembangan ngadadak bareukah, ngabaktikeun seu¬seungitna. Bubuahan anu parentil kénéh, ngadadak arasak kahibaran ku cahaya Nyi Putri. Tatangkalan anu gedé anu leutik, kabéh kawas hayang ngébréhkeun kasukana ka Nyi Putri.

Unggal peuting upama caang bulan, Nyi Putri sok ngadon ngebak ka Talaga Cilampungan, nu caina hérang ngagenclang. Sakali mangsa keur jongjon Nyi Putri ngebak, ujug-ujug reup poék mongkléng buta rajin, teu katémbong curuk-curuk acan, bulan kahalangan ku méga hideung. Di leuweung simpé, teu aya sora anu kadéngé, ta¬tangkalan teu aya nu oyag-oyag acan, cai Talaga Cilampungan cicing, teu aya angin teu naon.

Nyi Putri ngaraos hémeng lain dikieuna. Keur jongjon ngahuleng, kecemplung aya buah kai murag ka payuneunana, rupana konéng, hérang lir emas sinangling. Nyi Putri beuki kacida hémengeunana, manahna ngadak-ngadak ratug. “Duh, aya naon ieu téh?” Keur kitu ngong aya sora tan katingalan, miwarang putri nuang éta buah kai.

Nyi Putri hemar-hemir, éwed salebeting manah, ditumutkeun kumaha, teu ditumutkeun kumaha; tapi tungtungna mah teu baha, top buah téh dicandak, am dituang. Barang geus séép, ujug-ujug bray aya cahaya ngagebray. Katingalieun ku Nyi Putri dina éta cahaya téh aya nonoman neuteup ka anjeunna bari ngajak imut. Ngan sakeudeung témbongna éta cahaya téh, les baé leungit deui.

Nyi Putri ngahuleng ngémut-ngémut kajadian anu sakitu ahéngna. Bulan caang deui, ngempray saperti tadi. Geus kitu anjeunna mulih. Tapi émutanana ka nonoman anu ngalangkang di satukangeun cahaya bulan mah, henteu leungit-leungit. Teras nganteng dina manahna. Saha atuh éta téh?

Heuleut sawatara lilana ti harita Nyi Putri bobot. Barang geus datang kana mangsana, brol babar. Putrana kembar, pameget duanana. Cahayana ngempur, kasép teu aya tandingna jeung sarupa deuih. Lain dikieuna baé Nyi Putri deudeuh asihna, éstu kawas nanggeuy endog beubeureumna téh saenyana.

Dina manahna geus teu sak deui, anu katingali ku anjeunna ngalangkang dina cahaya baréto téh, ramana éta murangkalih. Lain manusa, tapi bangsa déwa. Paraputrana kacida lingsigna, sarta beuki ageung beuki katingal kasép taya papadana. Murangkalih mulus taya kuciwana.

Sakali mangsa Nyi Putri amengan ka Talaga Cilampungan, putrana duanana dicandak. Kabeneran aya manuk eunteup dina dahan kai, opat ngaréndéng; nu dua galedé, nu dua deui laleutik. Kataringalieun ku murangkalih téa, tuluy ditaroskeun ka ibuna. “Ibu, naha geuning manuk téh henteu sami ageungna?”

Ku ibuna dicarioskeun, yén éta manuk téh, nu galedé indung- bapana, ari nu laleutik anakna. Paraputra sasauran deui, “Manuk ogé geuning Ibu, barogaeun indung-bapa; piraku ari abdi duaan ngan boga indung wungkul. Di mana ari bapa abdi? Upami pa¬rantos pupus, di mana kuburanana? Upami jumeneng kénéh, naha atuh tara sumping ka urang?”

Nyi Putri Grajati nyeblak manah ngadangu piunjuk paraputrana kitu téh, cisocana nyalangkrung. Saurna dareuda, “Deudeuh teuing anaking, bapa Ujang mah saumur-umur ogé moal papanggih jeung Ujang, lantaran lain bangsa manusa, tapi bangsa déwa di Kaindran.”

Paraputra beuki panasaran baé ngadangu kasauran ibuna kitu téh. Harita kénéh duanana arunjukan, nyuhunkeun diwidian, badé jengkar milari ramana ka Kaindran. Nyi Putri Grajati teu kinten éwedeunana, kieu kumaha-kieu kumaha, da puguh kagalih ku anjeunna ogé, pantes éta murangkalih kacida paralayeunana patepang jeung rama¬na, lantaran ti barang gubrag ka dunya teu acan taringali di rupa ramana.

Ari diwidian kumaha, da anjeunna sakitu abotna, moal kiat paturay lami-lami sareng putra anu dipikameumeutna. Tungtungna nya diupahan baé pu¬trana téh bari disanggeman, yén anjeunna badé mujas-médi, neda-neda ka Batara Guru, supaja aranjeunna ditepangkeun jeung ramana. Putrana ngalartoseun, teras baé atuh marulih deui ka bumina.

Nepi kana waktuna nu mustari, dek Nyi Putri ngawitan muja, meruhkeun napsu nahan amarah, meteng nu diangen-angen. Bawaning cengeng, lelembutanana medal tina raga badagna, gok tepang jeung Batara Guru. Ngong aya sora tan katingalan, “Hé Grajati, manéh kudu ngarti, yén bapa ba¬rudak téh, lamun turun ka dunya, sagulung-sagalang jeung manusa, kudu nguculkeun sakabéh kadéwaanana.”

Ceuk éta sora deui, “Jaba ti kitu ku sabab déwa teu meunang témbong ka urang manusa, manéhna kudu nitis nunda raga kadéwaan. Engké di mana geus jadi jelema, manéhna terus bakal hirup campur gaul jeung manéh katut anak-anak manéh, nepi kana mangsana kajadian, sakumaha nu geus ditetepkeun ti dituna.”

Nyi Putri pohara ngarénjagna ngadangu éta sora téh. Geuwat disaurkeun ka para putrana; duanana kacida giakna. Peuting isukna Nyi Putri ngimpén, yén rama murangkalih téh geus lungsur ka dunya, ngarupakeun lauk anu kacida gedéna; ayana di Walungan Cilémér. Subuh-subuh kénéh Nyi Putri miwarang putrana néwak éta lauk, sarta dijangjian upama can beunang, ulah waka mulih.

Ti dinya bral duanana arangkat, nyarandak heurap gedé nu kacida kuatna. Sasumping-sumping ka Cilémér, hantem lauk téh dipilari ku duaan, luput teu kapendak. Tungtungna putus pangharepan, duanana rék mulih deui, da ongkoh geus burit; maksudna rék dipilari deui isukna. Henteu ayeuna, sugan isuk, da sagala rupa ogé perlu kasabaran.

Tapi barang rék bral pisan mulih, cai di leuwi ngadak-ngadak ngabudah jeung tingberebes, tuluy oyag jeung tingburial beuki tarik. Lauk-lauk nu laleutik racleng sarieuneun. Kelemeng aja nu témbong hideung, beuki lila beuki tétéla, ana jol téh horéng lauk gedé téa ngangkang, sisitna sagedé-gedé piring, tingrariak katojo ku panonpoé keur tunggang gunung.

Teu tata pasini deui, rup dirungkup ku heurap. Sakali teu beunang, dua kali teu beunang kénéh, katilu kalina lauk téh hideng sorangan, asup kana heurap, tuluy heurapna dipulut sataker tanaga. Laukna gugurubugan bari ngabubat-babit buntut, blak murangkalih téh nangkarak bengkang duanana, heurapna rangsak, laukna leupas deui.

Geuwat padamuru. Barang geus katéwak ger galungan, lauk dihurup ku duaan, tapi nu ripuh téh wet nu ngahurup. Kabuntang-banting ku buntut lauk nu sakitu gedéna, nepi ka sababaraha kali tibeubeut. Ahirna katéwak asangna ku saurang. Barang rék ditubles, lauk téh ngomong, pokna, “Ulah dipaéhan Ujang, ieu téh bisi teu nyaho bapa maranéh. Ayeuna buru-buru Bapa bawa ka Ema.”

Paraputra kacida kagéteunana, ngadarangu lauk ngomong. Teu talangké deui tuluy éta lauk dicarandak dipintonkeun ka ibuna. Barang jol ka payuneun Nyi Putri, janggélék lauk téh jadi nonoman, kasép gandang taya tanding, anggoan singsarwa éndah. Nyi Putri calik, cong nyembah, ngahormat nu nembé sumping. Ti harita duanana teu papisah deui, riung mungpulung jeung paraputra.

Kacaritakeun paraputrana sanggeus ageung beuki katémbong baé cahayana, kasép ngala ka ramana. Ari dina hiji poé duanana arunjukan ka ibu-rama, nyuhunkeun diwidian badé guguru élmu ka Kutatambaga di Banten Girang. Sanajan ibu-ramana kacida aboteunana ogé, da puguh biasana anu geus ahir balég mah kudu nyiar pangarti.

Ngan saméméh angkat ku ramana diwurukan heula, saurna papa-cuan pisan ulah marandi di laut atawa ngiuhan handapeun kai. Upama éta larangan dirempak, gedé pisan pibahyaeunana. Sanaos henteu ditétélakeun pibahyaeunana, paraputra duanana jangji baris ngéstokeun kana éta piwuruk.

Tapi sanggeus meunang sawatara bulan guguruna di Kutatambaga, lat baé lali kana éta piwuruk téh. Sakali mangsa rai-raka aramengan ka basisir, ningali parahu mayang nu rék balayar. Ngabring jeung réncangna nu séjén, nu keur papada guguru di Kutatambaga.

Sasumpingna ka basisir, rakana dibawa ku tukang mayang, ngala lauk. Angkleung-angkleungan ka tengah laut dina parahu mayang. Ari raina sukan-sukan ngojay di laut jeung réncang-réncangna. Entas ngojay ngaraos lesu, teras ngiuhan dina kikisik, handapeun kai. Harita kénéh jleg baé jadi batu.

Heuleut sawatara lilana rakana sumping ti laut. Pohara héraneunana, raina bet teu aja. Ditaroskeun ka réréncanganana, teu aya nu nyahoeun. Geus kitu mulih deui ka basisir, dipilari dina kikisik. Beng ka ditu beng ka dieu, bari dibarantuan milari ku réréncanganana.

Ari béh kapendak dina handapeun kai, bet aya batu kawas manusa. Moal lepat deui, raina geus salin jirim jadi batu. Teg waé émut kana piwuruk ramana, “Nya kieu temahna, teu nurut kana piwuruk sepuh téh.” Geuwat anjeunna mulih ti basisir, sasayagian badé teras ka ibu-ramana, badé ngunjukkeun éta kajadian. Sanggeus tarapti bral jengkar.

Teu kacatur di jalanna, kocapkeun sumpingna baé ka pakuwon ibu-ramana. Barang sumping kacida anjeunna hémengeunana, réh urut pakuwon ibu-ramana baréto téh ayeuna jadi leuweung. Sakuriling bungking ngaladeg tangkal kai galedé. Urut anjeunna ngala lauk di sisi Cilémér, kitu deui urut pangsiraman anjeunna jeung ibuna téa di sisiTalaga Cilampungan, ayeuna mah pinuh ku kaso jeung manjah.

Sanggeus kauninga kabéh, teras ka urut bumi ibuna, ari béh bet aya mariem ngaréndéng dua handapeun tangkal kai, nu ku anjeunna kakara kapendak harita. Manahna geus teu sak deui, éta mariem teh kajajadén ibu-ramana. Ngenes ngangresna geus lain caritakeuneun. Geus kitu anjeunna jengkar ti dinya, nanging sakaparan-paran baé, teu puguh anu dijugjug, samar-samar nu diseja.

Ti harita ngung-ngeng béja, nyaliara ka sakuliah nagara, yén aya tukang ngala suluh nu manggihan mariem sapasang di leuweung sisi Walungan Cilémér. Jalma-jalma datang ti mana ti mendi, ti suklakna ti siklukna, hayang ningali éta mariem. Unggal jalma, boga carita séwang-séwangan ngeunaan éta mariem.

Lila ti lila kaémpér-émpér ka Sultan. Teras Sultan ngadawuhan mawa éta mariem ka Banten Girang, teu aya nu bisa mawa, duméh kacida beuratna. Boro-boro ku duaan ku tiluan, ku puluhan urang ogé teu bisa onggét-onggét acan.

Ti dinya Sultan ngadegkeun saémbara, saha-saha nu bisa mawa éta mariem duanana ka karaton, baris diréndéngankeun ka putri, putra Sultan nu ngan hiji-hijina, sarta baris disérénan nagara sabeulah ti wétan. Éta saémbara sumebar ka sakuliah nagara. Malah kaémpér-émpér ka nagara séjén.

Pirang-pirang jelema ti suklakna ti siklukna pada daratang kana tempat mariem téa, rék nyoba narohkeun milik. Anu majar bedas gedé tanaga, ngan ukur bisa kaluar késang badag késang lembut. Anu majar sakti mandraguna, ngan ukur cape mapatkeun jampé pamaké. Ari mariemna mah luput, teu kaonggét-onggét acan.

Ahirna jol aya jajaka sumping ka dinya, teu puguh urang mana-manana. Éta téh nya putra Putri Grajati téa nu geus nunggul pinang, dikantun ku ibu-rama jeung sadérék. Tengah peuting keur sumedeng jemplang-jempling, bul anjeunna ngukus, teras ngawur-ngawur kembang kana mariem téa, nyambat ka ibu-ramana bari neda pangapunten tina kalepatanana.

Barang geus bijil pajar, di puncak Gunung Pulasari geus bray-brayan caang, karaos ku anjeunna yén ibu-ramana geus ngahapunten. Plong manahna ngemplong. Teu sakara-kara, mariem kajungjungkeun, meni kawas anu hampan pisan. Ti dinya teras baé mariem téh duanana dicandak, badé disanggakeun ka Sultan.

Barang geus meunang satengah poé angkatna, ngaraos lesu, katambah panas deuih mani morérét. Reg lirén di tengah-tengah leuweung, badé ngareureuhkeun palay heula. Anjeunna nyarandé kana cadas nangtung. Ari mariem di¬tunda di handapeun tangkal kadu.

Kawasna baé mariem téh embungeun ditunda di dinya, der baé ngamuk ngababu¬kan tatangkalan, réréana tangkal kadu; nepi ka bungbang, taya tangkal anu ngari. Lebah dinya nelah nepi ka kiwari disarebut “Kadubungbang”. Geus kitu éta mariem ku anjeunna dicandak, teras angkat deui. Pasosoréna jol sumping ka imah panday, di suku Gunung Karang. Anjeunna mundut ngarereb di dinya.

Peutingna mundut dipanggeulangankeun mariem téa duanana, ambéh gampang ngajingjingna. Isukna bral deui neraskeun lalampahanana, sarta salamet sumping ka karaton Sultan di Banten Girang. Mariemna ku Sultan ditampi, lain dikieuna baé Sultan bingaheunana. Nonoman diperenahkeun sakumaha mistina.

Harita kénéh nonoman téh diréndéngankeun ka Nyi Putri, putra Sultan téa. Der ngayakeun pésta nagara, tujuh poé tujuh peuting. Teu lami ti harita, nonoman téh dijungjung lungguh kana bupati Jakarta, sakumaha perjangjian téa. Ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, disarengan ku garwana.

Mariem anu hiji dicandak ka Jakarta, nya nu ayeuna disebut si Jagur téa, nu sok diparunjung, dipuja-puja, dianggap karamat. Anu kiwari mah cenah, jadi salasahiji pangeusi Musieum Nasional di Jakarta. Ari anu hiji deui ayana di Karangantu, Kampung Pamayangan, di sisi Walungan Cibanten.

Minangka pangéling-ngéling ka Ki Panday nu mangnyieunkeun geulang pangjingjingan mariem téa, urut lemburna dingaranan “Panday Gelang”. Kaayeunakeun robah sesebutanana jadi Pandéglang, dipalar gampang nyebutna. Kitu sasakalana téh cenah. Wallahu'alam


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Sasakala Pandeglang Banten

Posting Komentar