Sastra Sunda Wawacan Pareumeun Obor

Dijual Buku Antik dan Langka


Sastra Sunda Wawacan


Wangenan.
Wawacan asal kecapna tina waca, hartina maca. Nitenan kecapna, urang bisa nyindeukkeun yen gelarna wawacan teh tangtu sanggeus masarakat Sunda bisaeun maca.


Wawacan Pareumeun Obor
Kulantaran soson-soson jeung getol digawena, opzichter (opseter) Berling nyaah pisan ka Salim teh. Hiji mangsa opseter nitah mandorna nanya ka Salim, naha daek atawa henteu manehna  bubujang di imahna gajihna sapuluh perak sabulan dibere dahar dua kali sapoe. Pagaweanna nyaeta ngasuh anak bungsu Juragan  opseter, ngaranna Yus. Salian ti kitu kudu mantuan jongos jeung koki di dapur sarta sasapu di buruan imah.

Eta tawaran opseter teh ditarima pisan ku Salim. Supaya katenjona alus, manehna dangdan rapih pisan. Pagawean Salim teh geuningan cocok pisan. Sinyo Yus atoheun pisan di asuh ku Salim. Kitu deui koki jeung jongos nyaah ka manehna, lantaran amis budi. Pagawean naon wae ge dilakonan kucara soson-soson. Manehna teu pernah nampik, lamun menta bantuannana.

Dina hiji peuting di imah opseter Berling di ayakeun kariaan milangkala sinyo Dolf nu diramekeun ku orkes gesek. Salah saurang sobat Dolf nu ngaranna Piet osok nempo ka Salim. Asanamah pernah panggih jeung jongos ngora nu leutik eta. Dolf nu ditanya ku sobatna ngajawab yen eta jongos anyar  teh ngaranna Salam, lain Salim. Memang ti harita manehna buburuh jadi kuli bangunan, manehna sok disebut Salam ku mandor pikeun ngabedakeun ti kuli nu sejen nu ngaranna Salim. Tapi numutkeun sinyo Piet mah, mereun ngaran aslina geus diganti.

Tuluy eta jongos anyar teh dilandian ku ngaran Salim, jeung manehna gancang nyampeurkeun. Nalika ditanya, naha manehna wawuh jeung sinyo Piet, Salim unggeuk jeung malah mah kungsi ditulungan ku manehna baheula, nalika labuh ka laut. Ayeuna Piet inget deui ka kajadian eta. Kukituna manehna jeung Yan sasalaman ka Salim, kitu deui Dolf. Kajadian eta tuluy dibejakeun ka sepuhna sewang-sewangan. Maranehannana sasalaman jeung Salim nandakeun tawis katineung.

Juragan Yasper, bapana Yan jeung Piet, nanya ka Salim, saha ngaran ramana? nalika Salim nyebut ngaran Sobari, pok Yasmin nyarita, yen baheula Sobari kungsi gawe bareng jeung manehna mangtaun-taun lilana. Tapi ti saprak manehna balik cuti ka nagari Walanda, teu kungsi papanggih deui jeung manehna. Tuluy aya jalama ngadatangan ka manehna, ngaku anak Sobari oge. Juragan Yesper pok  nyarita yen Salim meureun boga dulur sabapa di Kampung Petir daerah Pandeglang. Tisaprak dibere nyaho ku Juragan Yasper, Salim sering mikirkeun naon-naon nu didisebutkeun eta. Manehna ras inget ka almarhum bapana, indung jeung adina, Salamah.

Pikeun ngagampangkeun patali jeung nambah elmu pangaweruh, Salim diajarkeun basa Walanda ku sinyo Dolf. Beurang peuting, asal aya kasempetan, manehna diajar maca jeung nulis basa Walanda. Opseter Belanda boga maksud migawekeun Salim jadi calon guru gambar di kantorna, tapi henteu disatujuan ku Dolf. Sabab lamun geus lulus ti HBS, manehna arek ngalamar jadi aspiran kontrolir jeung bakal nulungan Salim. Kulantaran getol jeung soson-soson, tur pinter deuih, manehna beuki lancar ngomong make basa Walanda.

Dina hiji peuting Salim hese sare, sabab sono ka indungna. Geus sataun lilana manehna henteu ngirim surat ka indungna. Manehna boga niat rek ngomean imah indungna anu geus reyod.Tuluy manehna nyaritakeun maksudna ka nyai Berling ngenaan kaayaan indung jeung adina di Sukasari nu hirupna sangsara. Dicaritakeun oge maksudna arek ngirim duit jeung oleh-oleh sacukupna ka indungna.

Sabalikna balanja ti pasar,gancang Salim nyieun surat ka indungna. Dicaritakeun sacerewelena ngenaan sagalarupa pangalamanna,oge ngenaan Tarlan nu geus papisah jeung manehna heug teu kanyahoan dimana manehna ayeuna. Sanggeus kitu manehna ngirimkeun paket ka indungna di Desa. Aya ku kuciwa jeung anehna Salim, nalika sababaraha poe tuluy eta kiriman teh dibalikeun deui ka manehna. Kukituna manehna nulis surat ka lurah pareman Sukasari pikeun neangan katerangan ngenaan indung jeung adina, Salamah. Tapi surat teh teu dibales wae. 

Nyi Berling nu karunya ka Salim nitah indit sorangan ka Sukasari ngarah aya kapastian. Sanggeus turun tina kareta api ka desana ngan ukur make sapedah. Salim ngarasa heran,naha taya jalma nu kenal atawa nanya ka maneha. Kabeneran manehna nempo paraji, sobat indungna, anu keur nagog di hareupeun imahna. Eta nini-nini teh heran pisan nempo Salim nu ceuk beja mah geus lila tilar dunya. Ti eta paraji teh Salim nyaho yen indungna geus kawin deui jeung lurah pareman nu ditinggalkeun maot ku pamajikanna jeung yen keur naek haji ka Mekah jeung adina, Salamah.

Ngadenge caritaan kitu Salim rada tenang. Tuluy manehna dianteurkeun ka imah Lurah pareman, bapa terena. Didinya manehna panggih jeung Nyimas Umi, dulur awewena lurah jeung salakina Mas Saca. Manehannana nu ngajaga imah salila lurah pareman jeung kulawargana naek haji. Salim nyaritakeun sagala rupana, pangalamannana salila cicing di Batawi sacerewelena. Bisa disebut sakabeh warga kampung datang ngalongok, sabab sakabeh jalma hayang nyaho lakon jalma nu dibejakeun geus maot teh.

Nalika tamu-tamu geus baralik, Salim asup ka kamer indungna. Manehna reuwaseun mangih teromol pakeanna nu kabeneran teu dikonci. Nempo pakeanna nu rapih keneh, manehna kagagas nepikeun ngucurkun cimata. Komodeui waktu manehna maca surat ti Tarlan nu eusina nyaritakeun kajadian-kajadian nu baheula dialaman ku manehna.Tuluy manggihan oge surat ti indungna nu di alamatkeun ka manehna. Kagagas pisan Salim maca eta tulisan indungna.

Sanggeus kitu ditempo sahiji potret dina sasampayan. Dina eta potret katenjo saderet awewe diuk dina korsi, diantarana aya indungna ajeung Salamah. Di tukangeunnana aya opat lalaki, di antarana Tarlan jeung jalma nu baheula panggih di jero kareta api di Karawang. Ti ngaran-ngaran anu ditulis ditukangeun eta potret, Salim nyaho yen eta jalma teh ngaranna Wiryadi. Poe kadua di Sukasari, nalika tamu-tamu geus euweuh, Salim ziarah ka makam bapana di Wanasirna jeung Mas Saca jeung bojona. Samemeh balik ka Betawi (Jakarta) manehna manggihan heula sepuh-sepuh jeung tatangga arek amit jeung menta doa restu. Nyambung ka dieu  


Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Sastra Sunda Wawacan Pareumeun Obor

Posting Komentar