Sastra Sunda Wawacan Pareumeun Obor Bagian 2

Dijual Buku Antik dan Langka


sastra sunda



Sanepina di Betawi, Salim nyaritakeun ka Nyi Berling naon nu katempo jeung nu kadengena di desa. Potret almarhum bapana keur ngora ditempokeun oge. Lamun geus pasti yen bapana kungsi gawe bareng jeung juragan Yasper, Salim niat rek neangan dulurna,Usup, di Pandeglang. Juragan jeung Nyi Berling nyatujuan eta karep Salim teh.

Nalika geus nepi ka mangsana, Salim indit naek kareta api ka Pandeglang. Di stasion leutik Cikeusal, manehna turun. Ku jaro (lurah) Salim dibere nyaho yen di kampung eta teh ngan aya hiji jalma nu ngaranna Usup. Tuluy manehna dianteurkeun ka imah asisten (camat) pensiun. Nalika manehna nugguan nu boga imah kaluar, tetenjoannana ngajurus ka sahiji potret, nu sarua pisan jeung potret nu aya di kamer indungna di Sukasari.

Nurutkeun tatanyaan nu boga imah. Salim nyaritakeun sacara taliti perkara almarhum bapana jeng perkara sagala rupa pangalamannana nu hade boh nu goreng salila ieu. Tuluy nu boga imah nyaritakeun caritana sorangan, jeung nyebut-nyebut ngaran Usup alias Wiryadi, kapiadina nu ditinggalkeun bapana nalika masih dina jero kandungan.

Basa Salim nunjukkeun potret bapana basa keur ngorana, pensiunan asisten nangkeup manehna bari midangdam, “Bisri, Bisri, teu nyangka maneh geus ninggalkeun!”Ari pek bapana Salim sabenerna lain nu ngaranna Sobari, tapi Tubagus Bisri. Baheula menehna kagoda ku awewe lian, nepikeun tega ninggalkeun pamajikanna nu keur kakandungan. Tisaparak harita Sobari alias Bisri teu kungsi balik deui ka kampung di Petir. Anakna nu ngaran Usup atawa Wiryadi dipungut ku lanceuk bapana (asisten pensiun). Ayeuna Salim geus nyaho yen Wiryadi teh dulurna sabapa. Indungna Wiryadi ge teu pernah balik deui, saprak manehna ngalahirkeun budakna, tuluy ngusahakeun neangan salakina nu leungit.

Geus dua peuting Salim meuting di imah uana (lanceuk bapana). Sanepina di Betawi (Jakarta) manehna neangan alamat Wiryadi di bilangan Kebonjeruk. Tisaprak harita Wiryadi karek nyaho yen Salim jeung Salamah teh adi sabapa. Rusiah eta kabongkar sanggeus maca surat ti asisten pensiun. Kukituna pegat hareupan manehna bisa kawin ka Salamah saperti nu dicita-citakeunnana. Saprak obrolan eta Wiryadi jeung Salim dina waktu nyalse –komodeui poe minggu- mineung silih anjangan.

Harita sinyo Dolf geus lulus ti HBS. Lamaranna ditarima jeung diangkat jadi aspiran kontrolir di Bandung. Salim dibawa pindah ka Bandung pikeun ngurus rumah tanggana. Supaya nambah elmu pangaweruh manehna, Salim diasupkeun ka sakola peuting (partikelir), supaya jaga bisa milu ujian “klein ambtenaar” (priyayi leutik). Kulantaran geus bisa basa Walanda, Salim ditarima di sakola nu luhur. Kabeneran Tarlan oge di ajar eta sakola. 

Didinya dua sobat nu geus lila teu panggih ayeuna ngumpul deui. Geus tangtu maranehna nyaritakeun pangalamanna sewang-sewangan, tisaprak Salim nyasar di kuburan Cina jeung dirawat di rumah sakit. Lantaran boga bakat cerdas, teu lila sataun Salim lulus ujian meunang peunteun teu leuwih ti cukup. Dina ijazahna diganti jadi Tubagus Raksasujana (raksa hartina nu ngajaga atawa pengawa; sujana hartina hade atawa amis budi). Guru boh majikanna atoh pisan ngadenge manehna lulus ujian.

Teu lila tuluy pangkat Salim ti magang ditaekkeun jadi jurutulis karesidenan di Bandung. Ngan hanjakal majikanna nu bageur, aspiran kontrolir Dolf, dipindahkeun ka Jawa Tengah. Sawareh parabotan rumah tanggana henteu dilelang, tapi dihadiahkeun ka Salim sabage kenang-kenangan. Ayeuna Salim cicing saimah jeung Tarlan.

Dekeut ka mangsa dimana balikna jamaah haji ti tanah Suci, Salim jeung Wiryadi menta cuti saminggu lilana. Dina poe nu geus ditangtukeun maranehna babarengan ka Tanjungpriok arek neang indungna jeung Salamah. Nalika nempo indungna, Salim teu kuat nahan dirina. Manehna nangkeup indungna bari pok ngomong,” Ema! Ema!” Mimitina indungna olohok, tapi sanggeus dibere nyaho ku Wiryadi, yen eta teh Salim, anakna di tangkeup jeung diceungceurikan. Kitu deui Salamah nangkeup Salim bari ceurik bakating gumbira. Sanggeus nyaho yen calonna, Wiryadi, sabenerna teh lanceukna sabapa, Salamah ngajonghok. Tapi tuluy manehna sasalaman ka Wiryadi jeung menta hampura ka manehna.

Sanggeus reureuh sapeuting di Betawi rombongan ti Mekah balik babarengan ka Sukasari. Ampir tilu poe lilana tamu-tamu budal arek ngawilujeungkeun ka kulawarga Lurah pareman nu anyar balik ti ngajalankeun ibadah haji. Tidinya Tarlan panggih deui jeung Wiryadi  baheula nulungan meunangkeun pagawean jang manehna. Ku ayana patarosan  ti Ibu Tarlan, Wiryadi ngajawab yen manehna teh asalna ti Banten. Tuluy Salim nyaritakeun, yen Wiryadi teh dulurna sabapa ti bapa nu ngaranna Bisri. Kukituna indungna Tarlan nangkeup Wiryadi bari midangdam, “Anaking, anaking, ieu teh Ema hideup nu salila ieu di teangan ku anjeun!”

Kaayaan nu tadina sedih robah jadi gumbira. Lantaran teu jadi kawin jeung Wiryadi, Salamah narima lamaran Tarlan. Ku hajatan sacara saderhana, eta muda-mudi teh ditikahkeun sakumaha kuduna. Sanggeus cuti rengse, Tubagus Raksa (Salim), Tubagus Wiryadi jeung Tarlan balik deui ka tempat tugasna sewang-sewangan. Hubungan jeung Dolf, anggeur dijaga Salim sahade-hadena. Ku katekunan jeung kasatiaan digawe, Tubagus Raksa lila-lila naek pangkat, tuluy ahirna pensiun salaku patih, dipihormat jeung dipuja-puja lantaran elmu jeung kawijaksanaanna. Tamat



Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Sastra Sunda Wawacan Pareumeun Obor Bagian 2

Posting Komentar