Dangding Sunda Raden Dewi Sartika

Dijual Buku Antik dan Langka


Dangding Sunda Raden Dewi Sartika
Dangding Sunda Raden Dewi Sartika 



Kantun jujuluk nu  arum
kari wawangi nu seungit
nyebar mencar sa-pasundan
nyambuang sa-Nusantara
sari puspa wangi arum
seungit manis ngadalingding
sari sekar nyurup nitis
kana sukma istri sunda

Teu ka gambar ku rumpaka,
henteu kasanggi ku dangding
manggahing jasa-jasana
Raden Dewi Sartika
Hirupna yitma rohani
istri Sunda sadayana
nya jasana raden Dewi
ibu para istri Sunda

Mugi-mugi ka Yang Agung
jasa-jasa Dewi Sartika
teras nyebar teras mancar
nyaangan nagara jaman
jadi obor para ibu
engoning ngatik para putra
sangkan jadi warga guna
nu ngajungjung lemah cai 

Kenging:Rd.Mahyar Angga Kusumadinata 

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dangding Sunda Raden Dewi Sartika

Posting Komentar