Dongeng Sunda Bango Jeung Anjing

Dijual Buku Antik dan Langka




Dongeng Sunda Bango Jeung Anjing
Dongeng Sunda Bango jeung Anjing 



Aya bango keur jongjon bae nangtung di sisi rawa. Keur ngintip sugan aya lauk. Katenjoeun ku anjing. Anjing gegeroan : Sakadang Bango, kakesel-kesel nangtung bae didinya. Ka dieu gera ari lapar mah, uing boga bubur.

Bango nyampeurkeun. Tuluy bareng arindit ka tempat anjing.


Ceuk anjing : dagoan uing rek nyokot bubur heula.
Anjing teh indit. Ari datang, mawa bubur encer dina piring nu ceper pisan.


Ceuk anjing deui : Yu urang sasarap. Bareng bae ambeh ngeunah." Anjing mani ponyoeun pisan, letak deu letak deui.

Ari bango ngajengjen bae nenjokeun peta anjing. Ngomong sajeroning ati : Harianeun Sakadang Anjing. Ngan saukur ngabibita. Bango mah teu bisaeun ngahakan bubur tina piring ceper.

"Teruskeun bae sakadang anjing, uing mah keur teu lapar. Isuk didagoan di tempat uing, boga dahareun. Omat nya isuk-isuk wae datang teh," ceuk bango bari indit.


Isukna anjing datang ka tempat bango. Bango ngajak anjing ka dapuran awi. Di dinyaaya tunggul awi anu geus dipolongoan ruasanana. Kabeneran liangna leutik. Ku bango dieusian bubur encer. Ceuk bango : Prak atuh gera ngamimitian bisi lapar."


Anjing ngan ukur ngahuleng. Ari bango suruput deui, suruput deui bangun nu nimateun pisan. 


Lila-lila anjing eraeun, ngan leos bae indit. Teu ngomong sakecap-kecapa acan. Tina Nani Resep Maca jilid 5 CV. Pamugat - Bandung - 1983.
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Bango Jeung Anjing

Posting Komentar