Sajak Sunda Keindahan Alam Priangan

Dijual Buku Antik dan Langka





Cisanggiri 
Umpak-umpak halimun geus turun
di mumunggang pasir-pasir Cisanggiri
sabot ngahurun kangunngun
ngawawaas kabetah ngancik na diri

beak tanjakan, mipir lamping pagunungan
jauh lumampah
nu katimu horeng ukur katunaan
Kenging Usep Romli




Bulan Jeung Laut
Bulan munjul hurung timbul
ngambang dipapag bentang
mipir langit nyapih burit
panepungan diri birahi

Hawar hawar haleuang nu mulang
nyasaak rasa ... 
dirangkul laut napak ombak
meber layarna
tas nyungsi kadarna
pangdagoan sono bojo

Di anjeun, bulan, cinta teu suda
di anjeun, laut, palika hirup
Kenging Suyudi





Lembur Kuring 
Mangsa wanci geus reup reupan
Halimun gunung mimiti nyimbutan lembur
Tongeret lir mere tanggara
Marengan hibarna cahaya layung
Mapag datangna indung peuting

Kuring ngajanteng salila lila
Neuteup runggunukna pilemburan
Nu kalingkung ngeplakna pasawahan
Tempat kuring reureuh
Tempat kuring macangkrama jeung baraya

Lembur kuring
Sanajan ayana di tepis wiring
Kuring bagja
Dilahirkeun di sarakan pamidangan
Nu nyuguhkeun katengtreman







Garut Pangirutan Ati
Nyukcruk Kabupatén Garut
Garut Kota dayeuh inti
Ngétan ka Karangpawitan
Wanaraja nganti-nganti
Nguliwed ka Karangtengah
Ngahening di Sukawening

Rék menekung di Cibatu
Kersamanah léah ati
Malangbong ngajak paturay
Ti Limbangan Selaawi
Milepas ka Kadungora
Di Lélés leleson deui

Norobos brak ka Cibiuk
Leuwigoong Banyuresmi
Tarogong jung ka Samarang
Nanjak netek Pasirwangi
Di Bayongbong ngaso heula
Ka Cilawu Sukaresmi

Ka Cisurupan Ngadius
Hawana karasa tiis
Ngawahan keur ka Cikajang
Ka Cihurip Banjarwangi
Ka Peundeuy ti Singajaya
Ka Cibalong mani rumpil

Di Pameungpeuk neuteup laut
Iplik-aplak tungtung langit
tingjelegur sora ombak
Meupeus di sisi basisir
Cikelét bangun ngelétan
Ku Cisompét geus dianti

Pamulihan ngagelenyu
Ngahiap ngajakan mulih
Pakenjeng atra gupayna
Bungbulang semu ngageuri
Samaruk moal disaba
Pédah labas ka Caringin

Ciséwu bangun nu ngungun
Kudumeh di tungtung nagri
Risi rémpan teu katéang
Talégong bangun sukingki
Samar rék sabar tawekal
Dugi ka iraha nganti ... 
kenging Enas Mabarti




Kaéndahan Alam
Cahaya panonpoė
Nyaangan kana ati
Hiliwirna angin
Mawa tiis kana ati

Tatangkalan tinggarupay
Nambah ėndahna alam
Lemah cai negeri nu can ku polusi
Alam ėndah nu merenah
Ulah nepi ka punah
Ku urang kudu dipusti
Supaya tetep asri lestari 



Peristiwa Bandung Lautan Api Bahasa Sunda

Harita téh poe minggu, poé nu sakuduna mah dipaké reureuh sarta kumpul jeung kulawarga. tapi pikeun rahayat Bandung mah, kalahka riweuh. Sapoé saméméhna, pamaréntah urang di Bandung meunang ultimatum ti pihak tentara Inggris, eusina, pasukan-pasukan Tentara Republik Indonesia, katut nu séjénna, kudu ninggalkeun kota Bandung, paling elat tanggal 24 Maret 1946. Baca selengkapnya > 

Sejarah Bandung Dalam Bahasa Sunda

Sawarehna jalma-jalma kiwari nu sapopoe nyeuseup hawa Kota Bandung, kawasna bae langka anu daek nyawang hese-beleke ngadegkeun jeung ngawangun ieu kota.
Buktina aya keneh, mun teu rek disebut loba oge, anu apilain kana aturan-aturan enggoning ngamumulena.
Padahal memeh aya teh euweuh heula. Memeh jadi kota, leuweung heula. Memeh rame, tiiseun heula. Jeung memeh resik, ramijud heula. Baca selengkapnya > 

Biografi Bahasa Sunda Oto Iskandar Dinata Si Jalak Harupat

Kiwari urang boga salam nasional nu mangrupa pekik Merdéka bari nonjokeun peureup ka luhur. Salam anu ngagedurkeun sumanget para pahlawan bangsa dina mangsa revolusi fisik, enggoning ngarebut kamerdekaan bangsa Indonesia. Eta salam nasional téh diciptakeun ka Oto Iskandar Dinata, salasaurang pahlawan nasional nu asalna ti Tatar Sunda. Baca selengkapnya >



Bebatuan, bisa menjadi pemandangan indah di alam terbuka yang menarik untuk dikunjungi wisatawan. Bila anda berada di Jakarta dan sekitarnya tidak perlu jauh - jauh pergi kedaerah lain, agar bisa menikmati landscape bebatuan.Salahsatu lokasi yang mudah dikunjungi adalah, Taman Batu dikawasan karst Cipatat, Padalarang, Kab. Bandung Barat, Jawa Barat. Baca selengkapnya>

Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Sajak Sunda Keindahan Alam Priangan

Posting Komentar