Buku Sunda Taman Pamekar Jilid 1 | Nyaba ka Ibun

Dijual Buku Antik dan Langka


buku sunda taman pamekar
Taman Pamekar Jilid 1


Nyaba ka  Ibun ....
Sabada salat subuh, Aman geus dangdan, arek nyaba ka Ibun tea.
Bekel jeung papakeanana geus diabuskeun kana tas.
kikiriman ditingkeman, dibeungkeut ku tambang leutik.

Kira-kira pukul genep, jol Mang Aja datang,meh bareng jeung Udi jeung Basar deuih.

" Tah geuning geus nyalampeurkeun, Man ! " ceuk emana.

" Enya wae nya, taranginas naker geuning!" omong Aman norojol kaluar.

" Is, puguh wae, da sieun ka beurangan jeung sieun disebut jalir jangji," tembal Basar.

" Tumpak beus naon urang teh, nya Man ?" ceuk Udi.
" Ah urang kana beus Malati bae, atawa kaana Padasuka,"tembal sobatna.

“ Timana tumpakna ?” ceuk Basar.

“ Ti Alun-alun hade, ti setatsion hade,” tembal Aman.

“ ah, entong nu ti alun-alun jauh teuing,”omong Basar, mending oge urang di setatsion bae, ngarah lowong keneh.” 

“ Hayu ti statsion oge,”ceuk Udi“ Ema,bapa,abdi bade mios.. !!! “ Aman pamitan heula ka indung bapana.

“Geura bral, didoakeun sing salamet ..!!! omong apana Aman. “Mihape wae nya Aja, sing ati-ati bisi kumaha onam...!!!

“Mangga,” tembal panyawah teh.

“Bismillaah !” ceuk Aman.

Bral barudak teh arindit ka setatsion beus, diiringkeun ku Aja ngajingjing tas jeung tingkeum.
Barang datang, kabeneran beus teh geus ngabagug sarta lowong keneh.

Barudak tuluy dariuk ngarendeng sabangku, bari teu weleh galecok ngaromong, sagala dicaritakeun.

“ Lah kuring mah meh bedo nyaba teh,” ceuk basar.
“ Naha kunaon kitu ?” Aman nanya semu heran.

“ Poho deui nendeun duitna keur ongkos beus. Rarasaan teh diteundeun tina lomari barang diteangan dikotektak, ana gorehel teh tina jero buku bacaan.

“ Na ti mana meunang duit, Sar ?“ ceuk Aman.

“ Ah meunang kukumpul wae, aya ladang endog Si Hurip, aya ladang japati.

“ Masih wae Basar mah teu susah ku duit, rea ingon-ingonna,” udi milu nempas.

“ Ari Udi ti mana meunang ongkosna ? “ceuk Basar.

“ Ah kuring mah biasa bae ladang buburuh dagang roko, dikumpulkeun ti ema.” 

“ Geus aya sabaraha ? ” “ Nepi ka poe kamari teh nya wae lima ratus rupia mah,” jawabna. “ ayeuna dicokot saratus rupia keur ongkos nyaba, jadi kari opat ratus rupia deui di Ema.”

“ Alus sakitu oge Udi mah, boga duit beunang usaha sorangan,” ceuk Aman. 

“ kuring mah can bisa balangsiar, masih keneh sagala rupa ti kolot.”

“ is, atuh da jang Aman mah anak nu cukup. Boga sawah, kebon jeung boga balong sagala, katurug-turug apana jadi Mantri pasar deuih. Piraku wae susah ku ongkos beus.”

Aman mani beukah irungna dipuji anak nu cukup teh.

“ Lah, ulah ngolo,” ceuk Aman bari seuri, “ najan muji oge moal diperesen, teu gaduh receh, kulan ...!”
Cag ... tina Taman Pamekar jilid I  
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Buku Sunda Taman Pamekar Jilid 1 | Nyaba ka Ibun

Posting Komentar