Dongeng Sunda Si Kabayan Jajan Baso

Dijual Buku Antik dan Langka


si kabayan



Si Kabayan Jajan Baso
Si Kabayan megat tukang baso nu ngaliwat ka hareupeun imahna. Basa geus bérés meuli tuluy mayar, pok ngomong : Mang, isukan mah ulah dagang !



Tukang baso panasaran : Naha ku naon, Jang?  
Si Kabayan : Ieu baso téh ngeunah. Isukan mah kuringna geus teu boga duit. Mun Emang dagang kuring pasti kabita.

Rék boga duit rék henteu lain urusan kuring ! ceuk tukang baso ngaleos bari ngadorong rodana 


Dasar Si Kabayan
Di lembur Si Kabayan diayakeun kagiatan kerja bakti.
RT : Jang Kabayan, hayu urang kerja bakti ! 
Kabayan : Mangga Pa RT, ké ieu pameng nuju nyeuseuh heula."


Geus sababaraha jam Kabayan teu kaluar baé ti imahna. Pok RT ngajak deui : Jang Kabayan, hayu urang tuang heula, bisi kaburu tariis geura.


Kabayan (haget pisan): Mangga Pa RT, ayeuna pisan abdi dongkap ka dinya.
RT (bari ngagerendeng) : Dasar Si Kabayan, mani haripeut ari kana baranghakan mah !


Si Kabayan jeung Blék
Kabayan : Bener nya, basa Inggris jeung basa Sunda mah mani lalawanan pisan. 
Arnasim : Lalawanan kumaha? 
Kabayan : Kecapna sarua tapi hartina mani béda pisan.
Arnasim :  Saperti kecap naon tah ? 
Kabayan : Kecap blék.
Arnasim :  Kumaha kitu?
Kabayan :  Pan dina basa Inggris mah blék téh hartina hideung.
Arnasim : Ari dina basa Sunda?
Kabayan : Dina basa Sunda mah blék téh hartina…bodas.
Arnasim : Ceuk saha blék hartina bodas ? 
Kabayan : Buktina, unggal uing ka warung meuli kurupuk blék, pasti ku tukang warung dibéré kurupuk bodas. Jadi jelas, blék téh hartina bodas! 
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Dongeng Sunda Si Kabayan Jajan Baso

Posting Komentar