Hayu Urang Mumule Bahasa Sunda

Dijual Buku Antik dan Langka



Barudak Sunda jaman baheula 



Ajeg-ajeg kasundaan teh diantarana baris katingali dina soal basa. Pan asa aneh lamun urang Sunda tapi teu bisa make basa Sunda. Piraku ari urang Jawa make basa Jawa, urang Batak make basa Batak, ari urang Sunda teu make basa Sunda ?

Nu jadi masalah, kumaha carana sangkan basa Sunda henteu tumpur ? Najan patalekan ieu karasana asa bombastis, tapi lamun nempo gejalana saperti nu karandapan ku urang ayeuna, asana teh lain hal anu pamohalan upama ka hareupna basa Sunda baris tumpur. Mangga bae emutan, kiwari loba urang Sunda meleg-meleg anu teu ngajarkeun nyarita ku basa Sunda ka anak-anakna.

Padahal ngajarkeun nyarita ku basa Sunda ka anak-anak urang teh mangrupa pondasi pikeun negeskeun identitas yen urang teh urang Sunda saestu. Komo lamun nilik kana pangajaran basa Sunda di sakola anu waktuna mingkin samporet. Boro-boro bisa diandelkeun pikeun ngadadasaran kana pangaweruh budak ngeunaan basa Sunda, dalah guruna oge kadang-kadang lain ti jurusan basa Sunda.

Lian ti eta, lingkungan oge mindeng teu ngadukung kana tumuwuhna basa Sunda, hususna di kota-kota gede anu padumukna multi-etnis. Anu matak, cilaka pisan lamun anak-anak urang teu dibiasakeun diajak nyarita di imah make basa Sunda. Atuda iraha dipakena basa Sunda teh mun lain di imah, sabab di luar imah mah enya ge dipake tapi geus pabaliut jeung direumbeuy ku basa Indonesia.

Ku cara kitu, diharepkeun bakal aya generasi penerus anu baris nuluykeun eksistensi basa Sunda di tatar parahiangan. Pun alo, umur 2 taun, dibiasakeun nyarita make basa Sunda ku indung bapana. Mun keur arulin jeung baturna ge manehna mah ongkoh-ongkoh we galecok make basa Sunda. 


Mun baturna molohok teu ngarti, kakara manehna narjamahkeun make basa Indonesia. Geus baturna ngartieun mah, der deui we ngocoblak make basa Sunda.

Di dieu ku urang katingali, yen diajar make basa Indonesia mah leuwih gampang, sabab di luareun imah ge balatak nu nyarita make basa Indonesia. Lamun dadasarna geus kuat, urang moal hariwang boga budak palahak-polohok teu bisa basa Sunda. Sabalikna mun di imah diajak nyarita basa Indonesia, di luar imah oge nya kitu keneh, rek iraha bisana atuh budak teh make jeung ngarti kana basa Sunda?

Mun urang ngaku keneh urang Sunda, sing era atuh ku seler sejen nu bubuara di tatar Pasundan. Si Togar urang Batak, si Ayu urang Kebumen, atawa si Freddy urang Manado geuning bisa capetang make basa Sunda ari keyeng mah diajarna ? Maenya ari anak urang, pituin urang Sunda, kalah ngabigeu lamun diajak nyarita basa Sunda. Kenging : Tata Danamihardja


Tambahan ti anu boga blog :
Tuh tingali The Rolling Stones band terkenal asal Inggris (band pavorit simkuring). Maranehna ngarang lagu Dead Flowers teh, pan ka inspirasina ku lagu Kembang Tanjung Panineungan karangan mang Koko. Lagu Wild Horses ka inspirasi ku lagu Kuda Renggong anu dinyanyikeun ku Kustian ... Masih can percaya keneh musisi jeung penyanyi luar negeri niron laguna ti seniman Sunda ? Tah ieu bukti sejenna : 

  • Mapay Jalan Satapak (Country Road - John Denver)
  • Tikamari (Yesterday - The Beatles)
  • Ema (Mother - John Lennon)
  • Bulan Dagoan (Mr Moonlight - The Beatles)
  • Pileuleuyan (Goodbye - Air Supply)
  • Mawar Bodas (Desert Rose - Sting)
  • Pabaliut (Chaos A.D. - Spultura)
  • Potret Manehna (Picture of You - Boyzone)
  • Kalangkang (Shadow - Muse) 
  • Sagagang Kembang Ros (Bed of Roses - Bon Jovi)
  • Cikapundung (Rivers to Babylon - Boney M)
  • Kabungbulengan (When I Fall In Love - Celine Dion)
  • Hariring Kuring (My Song - Alesia Cara)
  • Neng Geulis (Pretty Woman - Jose Mari Chan)
  • Eplok Cendol (Fat Bottom Girl - Queen)
  • Cing Tulungan (Save Me - Queen)
  • Talak Tilu (Separate Wife - Phill Collins)
  • Jol (Wellcome Home - Metallica)
  • Bajing Luncat (Jump - Van Halen)
  • Kamana (Where do you go - No Mercy)
  • Serat Salira (In your Letter - Reo Speedwagon)
  • Bang Bung Ranggaek (Bang Bang - Gorky Park)
  • Mojang Priangan (Uptown Girl - West Life)
  • Panon Hideung (Black Eyed Woman – Santana)
  • Ulah Ceurik (Don’t Cry - Gun n Roses)
  • Cinta Munggaran (First Love - Nikka Costa)
  • Teu Aya Deui (I Have Nothing - Katherine McPhee)
  • Es Lilin (Candle In The Wind - Elton John)
  • Kingkilaban (Starlight - Muse)
  • Neneng (Oh Girl - Paul Young)




Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Hayu Urang Mumule Bahasa Sunda

Posting Komentar