Ngaganti Ngaran di Kuningan

Dijual Buku Antik dan Langka


bodor sunda



Ngaguar Paririmbon Ganti Ngaran
Beja nu rék dicaritakeun téh nya éta beja soal ganti ngaran. Di wewengkon Kuningan lamun rék ganti ngaran téh sok diayakeun dina hiji upacara, sabada hataman ngaji. Jadi hataman (tamat) ngaji téh biasana sakalian jeung ganti ngaran téh, utamana ka nu tas ngajalankeun ibadah haji.

Beja ceuk Bapa Kolot, baheula gé di Cirebon téh aya. Ngan carana séjén deui. Anu hayang diganti ngaran téh sok datang ka ahli na, bari bébéja atawa ngabéjakeun ibadah haji.

Kocap aya tukang pér, hayang ganti ngaran. Atuh kencling wéh indit ka ahli na téa. Hanjakal kuring poho deui, naon sebutan jeung naon ngarana, éta tukang ganti ngaran téh. Tuan Syéch meureun mun di Mekkah mah. Atuh urang sebut wé Tuan Syéch.

" Saha ngaran aslina bapa téh ? " ceuk Syéch.
" Soma "
" Pagawéan ? "
" Tukang per"

Per téh sarua jeung Délman. Sarua jeung kahar. " Lamun pa Soma hayang ganti ngaran, nu hadé mah, nu merenah jeung keuna reujeung pagawean, urang ganti we jadi, abdul Kohar." ceuk Syéch. Nya ti harita Pa Soma dilandi jadi Abdul Kohar.

Aya deui nu sejénna, nya éta tukang areng. Tapi lain tukang manggulna, lain tukang ngetengkeun, ieu mah tukang ngabakarna. Tukang meuleuman di leuweung. Ieu gé hayang ganti ngaran deuih. Sakumaha katangtuan. Tukang areng gé ditanya heula pagawean. Sanggeus dibéjakeun tukang ngabakarna téh dilandi jadi Abubakar.

Nu katilu mah tukang kamasan. Cenah ceuk bapa kolot, basa Tuan Syéch rek ngaganti ngaran ka tukang kamasan mah rada bingungeun. Tapi lain ge atuh Syéch  ari teu bisa ngaganti ngaran-ngaran baé mah. Sanggeus sawatara jongjongan mikir, Syéch nanyakeun deui barang - barang anu dijieuna. Nyieun kongkorong, geulang, jeung anting, rikat Tuan Syéch megat kalimat, sarta sakilat geus hasil nangtukeun pingaraneunana. " Mohammad Ali " ceuk Tuan Syéch téh.

Rék percaya rék heunteu da ieu teh beja ti Pa Kolot. Ku Wong Grage - tina majalah Mangle no. 271 Juni 1971.
Dijual Buku Antik dan Langka Sastra Sejarah Dll
Dijual Majalah Cetakan Lama
Dijual Buku Pelajaran Lawas

Postingan terkait

Saya JAY SETIAWAN
tinggal di kota Bandung. Selain iseng menulis di blog, juga menjual buku-buku bekas cetakan lama. Jika sahabat tertarik untuk memiliki buku-buku yang saya tawarkan, silahkan hubungi Call SMS WA : 0821 3029 2632. Trima kasih atas kunjungan dan attensinya.

Ngaganti Ngaran di Kuningan

Posting Komentar